Kang R, Ku abdi nembe di toong eta link... dugi kakituna nya eta Institut Pembunuhan Dalam Negeri teh. Jeung eta nu neungeulan teh mani pengecut pisan nya... neungeulan jeung najongan jelema anu cicing teu ngalawan nunjukeun teu boga wawanen eta teh. Aya anu dugika merengis kitu eta... karunya teuing nya... ku kolot na mah meureun eta budak teh.. di nangna nengne dipikanyaah... eeeeeeh datang ka IPDN kalahka hayoh weh digebugan jeung di tajongan euweuh ras rasana pisan. Kumaha rek janten pagawe nagara kitu cara pendidikan na mah.
Hihihi ngan eta Jr-na naha bet kurang kreatif-nya ... kudu na mah dina peyut-na ngasupkeun piring seng tea hehehe... jadi pas nonjok atawa najong teh pan meureunan eta seniorna anu potong leungeuna hehehe. Padahal mah nanaonan deuh make kekerasan kecuali anu heuras sajeungkal tina bujal mah eta mah mangga teh teuing asal pada- pada resep weh teu aya paksaan. Kumargi kitu sapertosna mah tos cunduk kana waktu ninggang kana mangsa sakola ieu dibubarkeun wae atanapi dilebur dilebetkeun ka UNPAD... teu aya ekslusifitas deui... mending umum weh sadayana. Numutkeun teori pasar tea... teu aya monopoli janten pagawe nagri. Salam bubar atanapi lebur weh ka UNPAD, A ----- Original Message ----- From: Rahman To: [email protected] Sent: Friday, April 20, 2007 2:03 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: "Ngotoran" Sumedang -->IPDN Baraya, Tadi peuting kuring rada salse, nempoan kasus IPDN tea da manggihan film dina youtube. Beu... nepi ka kitu na bangsa urang. Eta... mani jeung daek deuih digebugan massal siga kitu. Eta teh nandakeun bangsa urang boga sifat anu sok SADRAH tea kitu? Dianggap papasten bae ... digebugan ku batur teh? :(( Ieu aya link na: http://www.youtube.com/watch?v=BW_M-1uD_AE&mode=related&search= Terusterang, kuring mah mani bibirigidigan nempo na ge. . [Non-text portions of this message have been removed]
