--- In [email protected], "Aasep" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang R, > Ku abdi nembe di toong eta link... dugi kakituna nya eta Institut Pembunuhan Dalam Negeri teh. Jeung eta nu neungeulan teh mani pengecut
Kang, Emosi kuring galo pisan waktu nempoan eta film, karunya, sedih, keuheul, ambek.... kabeh mudal! Aya ku bangkawarah nya jelema teh. Meunang mandat ti saha jeung ti mana make kumawani ngagebugan anak batur? Kabayang... mun memang diajar kitu dsakolana... sigana teh BAKAL jadi sistem anu dipake ku lulusan ieu Institut Purah Dagor Nasional tea. Huuuuhhh... ngarahuh euy! :((( Rek dibawa ka mana atuh ieu nagara teh euy? Bisa teu nyieun clash action nya? Ngawakilan anu diteunggeulan... mawa anu tunggal teunggeul ka balewatangan? Sigana mah harirup keneh tah si bangkawarah teh? Ceuk kuring mah aya hadena mun nyieun yayasan jang nyieun clash action tea. Tuman! baktos, Rahman
