--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Teh Nenen, dongeng aya katelengesan di IPDN/STPDN saleresna geus > kakuping ku kuring ti mimiti sakola ieu ngadeg (awal 1990'an).
Baraya, Tadi peuting kuring rada salse, nempoan kasus IPDN tea da manggihan film dina youtube. Beu... nepi ka kitu na bangsa urang. Eta... mani jeung daek deuih digebugan massal siga kitu. Eta teh nandakeun bangsa urang boga sifat anu sok SADRAH tea kitu? Dianggap papasten bae ... digebugan ku batur teh? :(( Ieu aya link na: http://www.youtube.com/watch?v=BW_M-1uD_AE&mode=related&search= Terusterang, kuring mah mani bibirigidigan nempo na ge. Halah... sacara pribadi kuring ngarasa sukur oge geus ngahalangan alo kuring asup eta sakola. Lain... baheula ge asa teu panuju. Adi kuring nitah anak na (alo) kuring asup eta sakola. Malah mah geus katarima sagala! Ngan ku kuring dihalangan.... nanahaonan! Teu cop we hate teh. Bae pipilueun oge ceuk kuring harita teh. Lain ku nanaon... bakat ku nyaah we ka dulur. Untung adi kuring ngartieun. Lian ti kitu... kuring ge ketah... ngojok2 alo kuring sangkan TONG daek asup ka eta IPDN tea. Halah... mun ningali kaayaan borok eta institut, kuring jadi ngusap beungeut... ngarasa syukur! Ngemplong hate teh... baktos, Rahman
