Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngatawi Al-Zastrow:
Nabi Muhammad Paham Sosiologi Umat
02/07/2007
<< Kutipan >>
Wilujeng Tepang, bade ngiringan ngadu bako ah,
Aya sababaraha hal anu sim kuring kurang panuju kana pamendakna Ngatawi
Al-Zastrow ngeunaan sosiologi agama ieu teh, khususna dina hal misahkeun nilai
ajaran agama anu normatif jeung kaayaan sosiologisna, sabab lamun ceuk pemendak
kuring mah kadua hal eta teh kudu ngahiji, ulah dipisah-pisah, mun ceuk basa
deungeunna mah kudu kaffah, anu hartina (ieu ngan ukur tafsiran sim kuring anu
bodo) ajaran agama teh kudu ngahiji na diri urang, boh dina ritual ibadahna,
boh dina kahirupan sapopoe.
Tapi sanajan kitu, urang ge teu bisa ngaklem yen pamadegan urang wungkul anu
bener, anu lian mah salah. Tah mun ceuk sim kuring mah klem-klem ieu anu jadi
cukang lantaran ayana konplik, boh antar umat agama atawa saagama ngan beda
tafsiran ngeunaan agamana.
Lamun ceuk pamendak sim kuring mah anu kudu dilakonan ku urang teh nyaeta
ngalenyepan ajaran agama tur ngalaksanakeunana na kahirupan sapopoe, da ceuk
kolot mah, ibadah teh lain ngan ukur ungklak-ungkleuk, tonggang-tonggeng ka
kiblat wungkul, tapi kudu hade oge dina kalakuan.
Tah ayeuna soal sosiologina, kumaha? Mun ceuk sim kuring mah tong hararese,
balikeun we deui kana ajaran agama anu diagem ku urang. Contona, naha meunang
urang ngajejeleh batur? Jigana moal aya dina ajaran agama mana bae anu kudu
atau meunang ngajejeleh batur, komo ngarogahala, atawa tunggar-tenggor mah .
Intina teu aya alesan pikeun ngarogahala atawa dzolim ka batur, komo mun ceuk
Islam (ieu oge ngan ukur tafsiran sim kurang anu bodo) mah anu kudu diperangan
teh anu dzolim ka batur (rek saha we eta mah), pami teu lepat aya dina QS. 2 :
193. Dina ieu ayat disebutkeun urang teh perang ngan ukur kanu ngamusuhan
urang, lamun geus heunteu mah ulah diperangan deui, kecuali anu dzolim cenah.
Tah kukituna ceuk sim kuring mah sosiologi agama teh sakuduna mah ngahiji
dina ngalakonan kahirupan sapopoe, jadi lain ilmu anu misah tina ajaran agama
urang, da eta teh geus aya dina eusi ajaran masing-masing agama. Nu penting mah
urang tong ngarasa yen pamadegan urang wungkul anu bener teh, da batur ge boga
hak anu sarua jang bener. Ajaran agama, mutlak benerna, tapi ari tafsiran tina
ajaran agama mah can tangtu benerna, pan kitu? Boa-boa justru pamadegan anu
diagem ku urang anu salah. Ieu oge ngan ukur tafsiran sim kuring wungkul, anu
tangtuna aya kemungkinan salah, aya kemungkinan oge bener.
Kudu kumaha atuh lamun aya anu beda pamadegan jeung urang?
Ah dicekapkeun heula we nya, iraha-iraha disambung deui, tunduh.....
Hapunten pami seueur basa anu teu merenah undak usuk basana.
Sim kuring,
Budak Baong tea
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
[Non-text portions of this message have been removed]