panjang...keuna...tapi....sari na mah...sagala teh
relatip..pinter na sarjana relatip...benerna pamahaman
agama realtip..mahal murah relatip...elmu
relatip...sosiologi suatu kaum relatip ....ari
gantungan mutlak mah pan tos dicarioskeun teu
aya...Tapi aya jelema anu naggem yen "ieu' teh "bener
mutlak"...jadi anu tipanuju di tengggor, dibom,
dikadek.....


--- Budak Baong <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Wilujeng tepang deui,
>   Hatur nuhun ka Kang Rahman anu tos ngemutan ka sim
> kuring yen sosiologis anu dimaksad nyaeta salah
> sahiji widang elmu [sanes ngelmu... :)], anu kedah
> obyektif dina nganileina (sim kuring lepat titik
> berangkatna, tos ngahijikeun antara agama jeung
> sosiologisna, tapi ku sim kuring bade dipedar kunaon
> sim kuring hoyong ngahijikeun terminologi sosiologis
> agama ieu). Tangtuna obyektifitas elmu aya batesna,
> kusabab elmu dibatesan ku metodologi, makana dina
> kasimpulan-kasimpulanana sok nyumput dina istilah
> "kirang cekap bukti kanggo ngabuktikeun ...xxx..."
> sanes "kabukti ...xxx...". Janten, bener atawa
> salahna elmu mah seueur faktor anu mangaruhanana
> atawa bisa diistilahkeun "relatif". Ayeuna bisa
> disebut bener, boa enjing pageto mah jadi salah.
> Ngeunaan istilah "WAJIB" dipisah, sim kuring mah
> rada kirang panuju, kumargi ceuk sim kuring mah
> kukumaha oge elmu teh ngan saukur "alat bantu" lain
> "standar" bener salahna sesuatu (naon nya sundana?),
> tetep kedah aya standar anu mutlak.
>  Kusabab mun euweuh standar nu mutlak, nginjeum
> istilahna Nietche, bakal aya dina "nihilisme", jadi
> ceuk sim kuring mah teu kudu nyokot jarak pama
> ngalakukeun studi teh, nu penting mah obyektif
> (menurut elmu tangtuna ge). Punten rada ngalantur
> ngabahas elmu.
>    
>   Balik deui ka sosiologis agama, emang leres
> "jelema" anu janten obyek kajianana. Tapi "jelema"
> jeung "agamana" ceuk sim kuring mah teu bisa
> dipisahkeun, kusabab ieu ngeunaan sosiologis agama,
> dimana hasilna digeneralisir (pola induktif),
> kecuali lamun kajianana spesifik mah teu nanaon,
> misalna "Sosiologis Agama XXXXX di XXXXX", eta mah
> jelas kondisi sosiologis (masyarakat) secara khusus
> di hiji wewengkon. Lamun sosiologis agama sacara
> umum mah rada hese, obyekna ge kudu sakabeh
> populasi, soalna lamun teu sakabeh populasi bisa
> nimbulkeun stereotype (punten teu apal sundana), nu
> ceuk Ulil Abshar Abdala mah stereotype teh dzalim.
> Naha enya sakabeh urang Islam daek dicap "Teroris"?
> Ieu bisa kajadian lamun obyek kajian sosiologisna
> ngeunaan urang Islam anu kabeneran emang jadi
> teroris. Kaduana ti eta, dina kajian sosiologis,
> karakteristik masyarakat teh heunteu dibentuk ku
> hiji faktor, tapi aya rupa-rupa faktor anu
> mangaruhanana, misalna budaya, lingkungan,
> pendidikan, jeung
>  sajaba ti eta. Tah agama teh ngan jadi salah sahiji
> faktor anu mangaruhan karakter masyarakat, lain
> hiji-hijina faktor. Janten pikeun nyaho
> karakteristik "jelema" anu ngagem hiji agama, teu
> bisa ditempo tina kalakuan sapopoe na wungkul anu
> dianggap (diasumsikeun) ajaran agamana, tuluy
> langsung disimpulkeun yen "pemeluk agama x kitu",
> tetep ajaran nilai agamana ge kudu dijadikeun
> reperensi. Bisa jadi kalakuan eta jelema teh
> patojaiyah jeung naon nu aya dina agamana. Kukituna
> ceuk sim kuring mah sosiologi agama, can waktuna
> dijadikeun salah sahiji kajian elmu spesifik bagian
> tina sosiologi.
>    
>   Kanggo kang Ever, sim kuring ge panuju yen ibadah
> teh teu saukur ubudiyah tapi oge amaliyah, ngan
> panginten basa sim kuring kirang jelas (<<Basa sim
> kuring: ibadah teh lain ngan ukur tunggang-tonggeng
> ka kiblat --> ubudiyah, tapi oge kalakuanana -->
> amaliyah>>). Teras nu dimaksud "kaffah" ku sim
> kuring teh kumaha? Kaffah didieu nyaeta ngahijina
> antara pola pikir, sikap, jeung laku, anu hartina
> antara kayakinan urang dina ngagem agama teh kudu
> dilakonan sakabehna, boh ubudiyahna, boh amaliyahna,
> ulah milih-milih (anu enak dilakonan, anu heunteu
> mah sabodo teuing). Saleresna pami urang tiasa
> kaffah, urang ge moal muruwah, da muruwah teh teu
> meunang meureun ceuk agama mah (dina agama mah malah
> sina saling tulung, ulah saling talapung). Trus
> ngeunaan sasalaman jeung anu sok ngadahar babi komo
> ngajak hahadean mah, nya sasalaman we, da anu
> haramna mah babina, lain jelemana. Da jelema mah
> beda jeung babi, kajeun ngadahar babi. Siga kieu,
> jinah teh teu meunang dideuketan (lamun
>  dilakonan mah meunang meureun... he he he, heureuy
> ketang), naha ari budak hasil jinah oge teu meunang
> dideukeutan (anak haram)? Ieu mah pamendak sim
> kuring pribadi. Pokona mah panuju ka Kang Ever anu
> daek ngalayad, nulung batur, jeung lianna anu aralus
> dina ngawangun hubungan bermasyarakat, da emang kudu
> kitu ceuk agama ge, pan?
>    
>   Kang Ever, ngeunaan guru akang anu teu panuju kana
> Teori Evolusi Darwin, nya sah-sah wae atuh, eta mah
> pamendakna. Tapi memang ari teras ngalantur ngabahas
> pamendakna tuluy dipaksakeun ka muridna mah, nya eta
> nu jadi ganjelan oge, kuduna mata pelajaranana
> digentos jadi "Membantah Teori Evolusi Darwin"
> meureun nya, he he he. Ngan ari sim kuring mah rada
> beda pamahaman ngeunaan teori ieu teh, rata-rata sok
> ngahijikeun teori ieu jeung pernyataan "manusa
> turunan monyet", ari sim kuring mah nangkepna yen
> "manusa boga kekerabatan paling deket jeung monyet".
> Jadi monyet jeung manusa sajajar (dina hal biologi),
> sarua ti hiji katurunan (teuing saha indukna mah),
> eta ari nu katangkep ku sim kuring ti "Original
> Species"-na Darwin mah. Tah sakantenan pami tiasa
> mah pangmedarkeun penjelasan ngeunaan kayakinan
> Budha anu sanes wahyu, emanasi, jeung lain-lain lah,
> menurut Pak Nietche. Hatur nuhun kang.
>    
>   Terus masalah reana pamahaman jeung panafsiran,
> ceuk sim kuring mah sah-sah bae. Tapi sakali deui,
> urang teh ulah maksakeun panafsiran urang ka batur,
> jeung ngaklem ngan panafsiran urang wungkul anu
> bener, da pamahaman jeung panafsiran mah sarua jeung
> elmu, nyaeta "relatif". Mun ngadugikeun pamendak ka
> batur mah teu nanaon, dina hartian "mengemukakan
> pendapat" atawa "syiar" ka batur, tapi tetep ulah
> maksakeun, da batur oge boga pamadegan
> masing-masing. Anu sok jadi masalah mah lamun urang
> maksakeun pamadegan urang ka batur anu beda
> pamadegan, tuluy nu beda pamadegan dimusuhan jeung
> ditenggoran, tah nu kieu anu jadi sumber konflik
> mah. Jadi mun ceuk sim kuring mah euweuh masalah
> lamun rek rea pamahaman jeung panafsiran ge, justru
> didieu urang bisa diajar, naha ageman urang ayeuna
> teh bener? Ulah sok hayang bener sorangan, lamun
> bener sorangan mah engke teh kasepian geura, soalna
> engke di sorga (mun aya) ngan sorangan oge, euweuh
> babaturan jang ngadu bako jeung rarahulan,
>  he he he.
>    
>   Kanggo Kang A jeung Kang Waluya panuju lah......,
> da eta tuda sok misahkeun antara kalakuan jeung
> ajaran agama, jadi we daek mun dititah demo teh, he
> he he.
>    
>   Hapunten pami aya undak usuk basa nu teu merenah,
> tuluy sakabeh anu dipedar di luhur teh saukur semi
> rahul, anu teuing bener teung salah, he he he
>    
>   Baktos,
>   Budak Baong tea
> 
>             
> ---------------------------------
> Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 



       
____________________________________________________________________________________
Got a little couch potato? 
Check out fun summer activities for kids.
http://search.yahoo.com/search?fr=oni_on_mail&p=summer+activities+for+kids&cs=bz
 

Kirim email ke