Wilujeng tepang deui,
Hatur nuhun ka Kang Rahman anu tos ngemutan ka sim kuring yen sosiologis anu
dimaksad nyaeta salah sahiji widang elmu [sanes ngelmu... :)], anu kedah
obyektif dina nganileina (sim kuring lepat titik berangkatna, tos ngahijikeun
antara agama jeung sosiologisna, tapi ku sim kuring bade dipedar kunaon sim
kuring hoyong ngahijikeun terminologi sosiologis agama ieu). Tangtuna
obyektifitas elmu aya batesna, kusabab elmu dibatesan ku metodologi, makana
dina kasimpulan-kasimpulanana sok nyumput dina istilah "kirang cekap bukti
kanggo ngabuktikeun ...xxx..." sanes "kabukti ...xxx...". Janten, bener atawa
salahna elmu mah seueur faktor anu mangaruhanana atawa bisa diistilahkeun
"relatif". Ayeuna bisa disebut bener, boa enjing pageto mah jadi salah.
Ngeunaan istilah "WAJIB" dipisah, sim kuring mah rada kirang panuju, kumargi
ceuk sim kuring mah kukumaha oge elmu teh ngan saukur "alat bantu" lain
"standar" bener salahna sesuatu (naon nya sundana?), tetep kedah aya standar
anu mutlak.
Kusabab mun euweuh standar nu mutlak, nginjeum istilahna Nietche, bakal aya
dina "nihilisme", jadi ceuk sim kuring mah teu kudu nyokot jarak pama
ngalakukeun studi teh, nu penting mah obyektif (menurut elmu tangtuna ge).
Punten rada ngalantur ngabahas elmu.
Balik deui ka sosiologis agama, emang leres "jelema" anu janten obyek
kajianana. Tapi "jelema" jeung "agamana" ceuk sim kuring mah teu bisa
dipisahkeun, kusabab ieu ngeunaan sosiologis agama, dimana hasilna
digeneralisir (pola induktif), kecuali lamun kajianana spesifik mah teu nanaon,
misalna "Sosiologis Agama XXXXX di XXXXX", eta mah jelas kondisi sosiologis
(masyarakat) secara khusus di hiji wewengkon. Lamun sosiologis agama sacara
umum mah rada hese, obyekna ge kudu sakabeh populasi, soalna lamun teu sakabeh
populasi bisa nimbulkeun stereotype (punten teu apal sundana), nu ceuk Ulil
Abshar Abdala mah stereotype teh dzalim. Naha enya sakabeh urang Islam daek
dicap "Teroris"? Ieu bisa kajadian lamun obyek kajian sosiologisna ngeunaan
urang Islam anu kabeneran emang jadi teroris. Kaduana ti eta, dina kajian
sosiologis, karakteristik masyarakat teh heunteu dibentuk ku hiji faktor, tapi
aya rupa-rupa faktor anu mangaruhanana, misalna budaya, lingkungan, pendidikan,
jeung
sajaba ti eta. Tah agama teh ngan jadi salah sahiji faktor anu mangaruhan
karakter masyarakat, lain hiji-hijina faktor. Janten pikeun nyaho karakteristik
"jelema" anu ngagem hiji agama, teu bisa ditempo tina kalakuan sapopoe na
wungkul anu dianggap (diasumsikeun) ajaran agamana, tuluy langsung disimpulkeun
yen "pemeluk agama x kitu", tetep ajaran nilai agamana ge kudu dijadikeun
reperensi. Bisa jadi kalakuan eta jelema teh patojaiyah jeung naon nu aya dina
agamana. Kukituna ceuk sim kuring mah sosiologi agama, can waktuna dijadikeun
salah sahiji kajian elmu spesifik bagian tina sosiologi.
Kanggo kang Ever, sim kuring ge panuju yen ibadah teh teu saukur ubudiyah
tapi oge amaliyah, ngan panginten basa sim kuring kirang jelas (<<Basa sim
kuring: ibadah teh lain ngan ukur tunggang-tonggeng ka kiblat --> ubudiyah,
tapi oge kalakuanana --> amaliyah>>). Teras nu dimaksud "kaffah" ku sim kuring
teh kumaha? Kaffah didieu nyaeta ngahijina antara pola pikir, sikap, jeung
laku, anu hartina antara kayakinan urang dina ngagem agama teh kudu dilakonan
sakabehna, boh ubudiyahna, boh amaliyahna, ulah milih-milih (anu enak
dilakonan, anu heunteu mah sabodo teuing). Saleresna pami urang tiasa kaffah,
urang ge moal muruwah, da muruwah teh teu meunang meureun ceuk agama mah (dina
agama mah malah sina saling tulung, ulah saling talapung). Trus ngeunaan
sasalaman jeung anu sok ngadahar babi komo ngajak hahadean mah, nya sasalaman
we, da anu haramna mah babina, lain jelemana. Da jelema mah beda jeung babi,
kajeun ngadahar babi. Siga kieu, jinah teh teu meunang dideuketan (lamun
dilakonan mah meunang meureun... he he he, heureuy ketang), naha ari budak
hasil jinah oge teu meunang dideukeutan (anak haram)? Ieu mah pamendak sim
kuring pribadi. Pokona mah panuju ka Kang Ever anu daek ngalayad, nulung batur,
jeung lianna anu aralus dina ngawangun hubungan bermasyarakat, da emang kudu
kitu ceuk agama ge, pan?
Kang Ever, ngeunaan guru akang anu teu panuju kana Teori Evolusi Darwin, nya
sah-sah wae atuh, eta mah pamendakna. Tapi memang ari teras ngalantur ngabahas
pamendakna tuluy dipaksakeun ka muridna mah, nya eta nu jadi ganjelan oge,
kuduna mata pelajaranana digentos jadi "Membantah Teori Evolusi Darwin" meureun
nya, he he he. Ngan ari sim kuring mah rada beda pamahaman ngeunaan teori ieu
teh, rata-rata sok ngahijikeun teori ieu jeung pernyataan "manusa turunan
monyet", ari sim kuring mah nangkepna yen "manusa boga kekerabatan paling deket
jeung monyet". Jadi monyet jeung manusa sajajar (dina hal biologi), sarua ti
hiji katurunan (teuing saha indukna mah), eta ari nu katangkep ku sim kuring ti
"Original Species"-na Darwin mah. Tah sakantenan pami tiasa mah pangmedarkeun
penjelasan ngeunaan kayakinan Budha anu sanes wahyu, emanasi, jeung lain-lain
lah, menurut Pak Nietche. Hatur nuhun kang.
Terus masalah reana pamahaman jeung panafsiran, ceuk sim kuring mah sah-sah
bae. Tapi sakali deui, urang teh ulah maksakeun panafsiran urang ka batur,
jeung ngaklem ngan panafsiran urang wungkul anu bener, da pamahaman jeung
panafsiran mah sarua jeung elmu, nyaeta "relatif". Mun ngadugikeun pamendak ka
batur mah teu nanaon, dina hartian "mengemukakan pendapat" atawa "syiar" ka
batur, tapi tetep ulah maksakeun, da batur oge boga pamadegan masing-masing.
Anu sok jadi masalah mah lamun urang maksakeun pamadegan urang ka batur anu
beda pamadegan, tuluy nu beda pamadegan dimusuhan jeung ditenggoran, tah nu
kieu anu jadi sumber konflik mah. Jadi mun ceuk sim kuring mah euweuh masalah
lamun rek rea pamahaman jeung panafsiran ge, justru didieu urang bisa diajar,
naha ageman urang ayeuna teh bener? Ulah sok hayang bener sorangan, lamun bener
sorangan mah engke teh kasepian geura, soalna engke di sorga (mun aya) ngan
sorangan oge, euweuh babaturan jang ngadu bako jeung rarahulan,
he he he.
Kanggo Kang A jeung Kang Waluya panuju lah......, da eta tuda sok misahkeun
antara kalakuan jeung ajaran agama, jadi we daek mun dititah demo teh, he he he.
Hapunten pami aya undak usuk basa nu teu merenah, tuluy sakabeh anu dipedar
di luhur teh saukur semi rahul, anu teuing bener teung salah, he he he
Baktos,
Budak Baong tea
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
[Non-text portions of this message have been removed]