Budak Baong <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Rahman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
Ngatawi Al-Zastrow:
Nabi Muhammad Paham Sosiologi Umat
02/07/2007
<< Kutipan >>

Wilujeng Tepang, bade ngiringan ngadu bako ah,
Aya sababaraha hal anu sim kuring kurang panuju kana pamendakna Ngatawi 
Al-Zastrow ngeunaan sosiologi agama ieu teh, khususna dina hal misahkeun nilai 
ajaran agama anu normatif jeung kaayaan sosiologisna, sabab lamun ceuk pemendak 
kuring mah kadua hal eta teh kudu ngahiji, ulah dipisah-pisah, mun ceuk basa 
deungeunna mah kudu kaffah, anu hartina (ieu ngan ukur tafsiran sim kuring anu 
bodo) ajaran agama teh kudu ngahiji na diri urang, boh dina ritual ibadahna, 
boh dina kahirupan sapopoe.

Tapi sanajan kitu, urang ge teu bisa ngaklem yen pamadegan urang wungkul anu 
bener, anu lian mah salah. Tah mun ceuk sim kuring mah klem-klem ieu anu jadi 
cukang lantaran ayana konplik, boh antar umat agama atawa saagama ngan beda 
tafsiran ngeunaan agamana.

Lamun ceuk pamendak sim kuring mah anu kudu dilakonan ku urang teh nyaeta 
ngalenyepan ajaran agama tur ngalaksanakeunana na kahirupan sapopoe, da ceuk 
kolot mah, ibadah teh lain ngan ukur ungklak-ungkleuk, tonggang-tonggeng ka 
kiblat wungkul, tapi kudu hade oge dina kalakuan.

Salam Dawuh Kang B,
  pami ningal kana konteks ibadah nyalira teu tiasa disakompet daunkeun kitu 
wae kang, ibadah teh aya dua, nyaeta ubudiyyah sareng amaliyah, pami ubudiyyah 
sapertos baktos urang ka Gusti Nu Maha Suci kujalan syariah tea, sapertos 
sholat, naek haji, jsb. nu ngiket diri urang pribadi sareng Anjeunna (hablum 
minalloh) nu sifat na Fardu Aini, sewang-sewang, eta ge numutkeun kana ajaran 
sareng kayakinan sewang-sewang.
  Tapi da ageman teh sanes saukur bakti ka pangeran wae, aya deui sikep urang 
salaku masarakat, nu kudu berinteraksi tea, panginten masarakat di dieu sanes 
ti ageman urang hungkul, tiasa wae ti ageman nu sejen. ieu berlaku hukum 
tasamuh (toleransi), hubungan antara jalma jeung jalma, jalma jeung alam kaasup 
jeung sato, jeung tutuwuhan, ieu nu ku urang sering dihihilapkeun, antugna mah 
urang teu toleran deui panginten.
  sapertos babi teh salian ti haram oge muta (agen) najis, pami kupandangan 
pribadi mah atuh sakur jalma nu ngadahar babi tangtuna muta najis, naha mun aya 
jalma nu dina kayakinannana babi teu haram, terus ngasongkeun leungeun ngajak 
sasalaman ngajak hahadean, sikep akang bade kumaha? moal sasalaman atanapi bade 
sasalaman? 
  tah di dieu peryogina sosiologi agama teh, sikep urang rek jadi makhluk nu 
asa pangbenerna atanapi jadi jalma nu maluruh tangtrem dina ragem? 
  da hese geuning jadi jalma nu kaasup makhluk individu tapi oge makhluk 
sosial, pami urang kafah hungkul tapi teu muruwah (teu mentingkeun diri 
sorangan) mah sesah kang.
  jaman tos robih,  kapungkur Nabi Muhammad ngawangun moral urang Arab dugika 
ngahiji dina umat nu madaniah tea nyaeta muslim, kalebet ayeuna urang.  sok 
ayeuna mah urang pupusti nilei-nilei moral eta, diantawisna tasamuh, berehan, 
silih elingan, tapi panginten sanes ngan saukur numutkeun kana kayakinan 
atanapi elmu urang hungkul, urang badamikeun kanggo kahadean sadayana, urang 
cekel nilei-nilei moral nu universal.
  Da persepsi (naon basa sundana nya?) soal Pangeran, Alloh SWT, tiap jalma, 
tiap ageman beda-beda, panginten urang ge teu tiasa maksakeun kayakinan urang 
soal Gusti Nu Maha Suci kabatur kudu nurut, sarua jeung urang.
   
  supados teu mandeg mayong, urang husnudhon we ayeuna mah, aya nu maot urang 
ngalayad, ari wanoh mah, teu paduli naon agemanana, katur urang doakeun sing 
ditampi amal ibadah na ku Gusti Nu maha Suci, supados ke urang pas antug kana 
waktosna ningalkeun Dunya ieu, urang ge papada didoakeun ku batur salembur, 
dulur, jsb.
   
  hapunten pami teu panuju.
   
  baktos 
   
  Ever
   


      Recent Activity
    
      5
  New Members

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   English as a second language program  
   Corporate culture  
   Corporate culture change  
   Italian language  
   Tissue culture

      Y! Messenger
  All together now
  Host a free online
  conference on IM.

    Yahoo! Mail
  Get it all!
  With the all-new
  Yahoo! Mail Beta

    Yahoo! Groups
  Moderator Central
  An online resource
  for moderators.



  .

 
         

       
---------------------------------
Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo! TV. 

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke