--- In [email protected], Budak Baong <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
kanggo ngabuktikeun ...xxx..." sanes "kabukti ...xxx...". Janten,
bener atawa salahna elmu mah seueur faktor anu mangaruhanana atawa
bisa diistilahkeun "relatif". Ayeuna bisa disebut bener, boa enjing
pageto mah jadi salah. Ngeunaan istilah "WAJIB" dipisah, sim kuring
mah rada kirang panuju, kumargi ceuk sim kuring mah kukumaha oge elmu
teh ngan saukur "alat bantu" lain "standar" bener salahna sesuatu
(naon nya sundana?), tetep kedah aya standar anu mutlak.
>  
>    


Nuhun Kang BB... (teu nananon disebut kitu Kang? he he he). Nu jelas
lain singgetan tina bau badan lah! ;))

(Ng)elmu mah... naon bae jenis elmu na, pasti relatif. Teu aya anu
abadi di ieu dunya. Hiji teori kaitung metodologina anu jadi dadasar
hiji kaelmuan robah ngigelan jaman... Kawas tukang jaipong euy he he
he. Kuring satuju jeung kekecapan di luhur.

Salah sahiji CARA jang nempo eta bebeneran anu relatif tea, kudu
dipisahkeun antara obyek jeung subyek anu ngayakeun panalungtikan tea.
Kuring make istilah 'wajib'tea, sabab kujalan misahkeun obyek jeung
subyek na... bakal kaluar data anu leuwih 'murni'. Kasubyektivan
tukang nalungtik anu pakuat pakait jeung kaimanan bisa dieliminir.

Siga kieu meurun, mun urang rek nalungtik pangaruh alkohol kana sirah.
Tukang nalungtik mah TEU perlu milu mabok lin? he he he...

Tah, eta pisan anu dimaksud ku kuring dina lebah 'wajib'misah keun
obyek panalungtikan jeung rasa subyektivitas tea. Lah... gaya... basa
na jadi pabaliut... pangjejegkeun euy! ;)) 

Nyambung teu nya? ....

baktos,

Rahman

Kirim email ke