> > Wilujeng Tepang, bade ngiringan ngadu bako ah, > Aya sababaraha hal anu sim kuring kurang panuju kana pamendakna Ngatawi Al-Zastrow ngeunaan sosiologi agama ieu teh, khususna dina hal misahkeun nilai ajaran agama anu normatif jeung kaayaan sosiologisna,
Haturan Kang, Wilujeng sumping sareng wilujeng tepang di milis BS. Wah... resep, nambahan balad jang ngadu rahul euy he he he. Sigana mah aya beda titik berangkat Kang. Ari kangaranan studi mah bisa jeung sah2 niley agama jeung kaayaan sosiologis kaagamaan. Malah sabenerna mah WAJIB dipisahkeun. Alesanana? Kaayaan enya... sakali deui kaayaan kaagamaan ngan bisa dibuktikeun liwat tingkahlaku masyarakat anu make eta agama. Lian ti kitu ngaran na ge studi sosiologi, LAIN teologi. anu dijadikeun bahan studi lain agama, tapi JELEMA anu make agama. Kaelmahan studi kaagamaan di urang, kurang bisa na anu ngayakeun studi nyokot jarak tina kaimanan. Maksud teh kieu, mun bangsa urang ngayakeun studi kaagamaan, boh sosiologis, boh teologis... KAIMANAN urang sok masih keneh kababawa, antukna hasil studi na teu murni. Sabab na? Nya kusabab teu aya jarak antara OBYEK studi jeung anu diimanan tea. Masalah na... sieun ku itu, sieun ku eta.... Ah teuing, ngaran na ge ngarahul... Enya kitu? Sok ah, ditungguan koreksianana... he he he.... baktos, Rahman
