Haturan ka sadayana
simkuring Mang Bud tea, anu teu bodo bodo acan seja jabung tumalapung.

Simkuring parantos ngaos sababraha obrolan urang di baraya Sunda sawatara 
waktos kaliwat ngeunaan KAPITALISME anu parantos janten POLEMIK lah cohagna 
mah. upami teu lepat aya anu nyamikeun GLOBALISME JEUNG INTERNASIONALISME. 
Sakanyaho simkuring GLOBALISME mah dipake ku KAPITALIS, ari INTERNASIONALISME 
mah dipake ku KOMUNIS. ayeuna simkuring seja mairan yeuh.

saur pamendak simkuring, yeuh upami teu lepat ngaos dina sejarah kieu yeuh asal 
muasalna teh:

ABAD XVI, tentara Turki dinasti Islam Otoman ngeleh keun ROMAWI (BIZANTIUM) 
TIMUR anu kedudukanana di CONSTANTINOPEL (ISTANBUL). kunaon Romawi bisa eleh ku 
tentara Turki sabab Romawina oge geus DISINTEGRASI jadi dua bagian, ditambah 
nagara-nagara bagian geus ngamerdekakeun maneh. padahal Istanbul dina waktu 
harita teh pan salah sahiji pusat perdaganan Dunya, sabab salah sahiji gerbang 
menuju Eropa ti JALUR SUTERA. 

saparantos Istanbul diereh ku Kaisar Turki, mangka sagala akses perdagangan ka 
Eropa TERHAMBAT, salah sahijina ku cara naekkeun BEA MASUK. kukituna urang 
Eropa anu mangsa harita  masih dialpukahan ku KERJAAN-KERAJAAN GERJA (nagara 
anu mere pembagian peran SENTRAL antara RAJA JEUNG USKUP), terutama SPANYOL 
jeung PORTUGIS. 

mangsa harita kaayaan ragragna Istanbul ka Turki ngabalukarkeun dua hal utama:
1. Terhambatnya akses perdaganan antara Eropa dengan Asia tertama Cina dan 
India sebagai pusat rempah-rempah.
2. Masuknya Islam ke Eropa menjadi leuwih gampang, menguasai sektor sosial 
masyarakat, mangka loba urang Eropa anu harita arasup Islam
3. Ku akibat mingkin lobana anu asup Islam, tinangtu urang kakawasaan jeung 
kadaulatan urang Eropa kaancam, sabab akses intersosial antara urang Eropa 
jeung urang Turki, dihariwangkeun bakal mere jalan pikeun INVASI TURKI ka 
nagara-nagara EROPA.
jadi aya dua masalah urang-urang Eropa, nyaeta; para raja terancam KEDAULATAN 
KAKAWASAAN , para pemodal terancam SOSIAL EKONOMI (rempah-rempah), jeung para 
Uskup terancam KAKAWASAAN AGAMAna (gereja) terancam. mangka didukung USKUP di 
gereja, raja-raja Eropa sapuk pikeun ngajalankeun POLITIK anu sajalan antara 
kamakmuran nagara jeung kaagungan agama. mangka proyek anu dijalankeun harita 
nyaeta proyek anu dibere kode MERKANTILISME. 

merkantilisme sarua jeung MERCHANT (barang dagangan), mangka secara ETIMOLOGI 
merkantilisme teu bahaya sabab ngaranna oge DAGANG, tapi sacara TERMINOLOGI, 
merkantilisme kacida bahayana sabab ditukangeun eta merkantilisme aya SPIRIT 
anu disebut GOLD (emas=kakayaan), GLORY (kajayaan), GOSPEL (kaagungan 
pangeran). 
anu pada dasarna eta spirit teh mangrupakeun hiji kasapukan kasapagodosan 
(UNDERSTANDING) antara RAJA, PENGUSAHA, jeung USKUP.

merkantilisme munggaran dijalankeun pikeun neangan pusat rempah-rempah tanpa 
ngaliwatan jalur sutera, nyaeta ku cara berlayar sakalian ngabuktikeun yen bumi 
teh BULEUD. eta proyek dipitembeyan ku anu ngaranna CHRISTOPORUS COLUMBUS, 
AMERIGO PESPUCHI, FERDINAND DE MAGELHAEN, VASCO DA GAMA, jrrd

anu akhirna ampir sakabeh pangawasa Eropa ngirim utusan pikeun berlomba 
ngajalankeun eta poryeok merkantilisme, kaasup INGGRIS jeung WALANDA 

ari asalna mah bener bae eta proyek teh siga anu bener ukur ngajalankeun proyek 
dagang contona di Indonesia harita aya anu disebut kumpeni VOC salaku 
perusahaan dagang WALANDA di Nusantara. 

TAPI di waktu-waktu saterusna mah  kurang leuwih  abad XVII, 
perusahaan-perusahaan eta diambil alih ku pamarentah nagarana sewang-sewangan, 
mangka mangka aliran politik ganti jadi proyek KOLONIALISME-IMPERIALISME,nyaeta 
proyek neangan DAERAH JAJAHAN. jadi merkantilisme GANTI  RUPA  jadi 
kolonialisme.

SAPANJANG ABAD KA XVI - XVIII, di Eropa aya sababraha kajadian nyaeta; 1) 
betusna REFORMASI GEREJA, anu dialpukahan MARTIN LUTER, ieu gerakan didukung ku 
PEMODAL (KAPITALIS) sabab maranehna hayang pisan nyingkahkeun pihak USKUP 
gerjea KATOLIK ROMA, numatak MAX WEBER nyebutkeun yen paham KAPITALISME diawali 
kuayana spirit PROTESTANISME kisten 
2) dikarangna BUKU THE WEALTH OF NATION karangan ADAM SMITH , anu diajdikeun 
hambalan titincakan KAPITALISME MODERN, 
3) REVOLUSI INDUSTRI di Inggris anu dialpukahan JAMES WATT nyiptakeun mesin 
uap. TI SAPRAK harita kamajuan teknologi jeung ekonomi maju pisan, tepika KAUM 
buruh gawena tepika 18 jam per hari. KACIDA TEUING NYA ku kituna lahir anu 
disebut: no 4)
4) DAS KAPITAL karangan KARL MARX jeung MANIFESTO KOMUNIS karangan KARL MARX 
jeung ENGELS anu ngagemparkeun dunya tea, dimana eta buku kadua gagasanana 
GERAKAN INTENASIONALISME (1848), anu disebut INTERNATIONALE tea ceuk urang ditu 
harita mah. Jadi sacara sejarah gerakan internasionale lahir kulantaran 
sababaraha hal, nyaeta; masalah NILAI LEBIH kaum buruh anu dipaling ku 
Kapitalis, jeung IMPERIALISME. manifesto komunis cukup ngagemparkeun jeung 
matak pikahariwangeun kaum kapitalis, dina mukadimah eta buku ditulis "GEUS 
NYALIARA RIRIWA-RIRIWA DI EROPA, NYAETA RIRIWA KOMUNISME" (telah berkeliaran 
hantu-hantu di Eropa, yaitu hantu Komunisme)

Gancangna carita (Siga doneng bae nya? he he he...)
proyek imperialisme runtuh taun 1905 dimimitian meunangna perang urang JEPANG 
ngalawan RUSIA, sabab tumuwuhna kasadaran NASIONALISME di tiap-tiap 
nagara-nagara jajahan, contona bae muncul tokoh DR SUN YAT SEN di China, GABAL 
ABDUL NASSER (mesir), DR WAHIDIN jeung COKROAMINOTO (Indonesia). mangka loba 
pisan di taun nagara-nagara anu kajajah merdeka. 

koolonialisme RUNTUH ku nasionalisme. nyakitu baraya runtuhna kolonialisme teu 
salilana mawa hade, sabab malah tumuwuhna paham kabangsaan anu ULTRA nyaeta 
FASISME anu dianut ku ADOLPH HITLER (JERMAN) MUSSOLINI (ITALIA), JEUNG JENDERAL 
YAMAMOTO (JEPANG).

dina awal taun 1929 di Eropa aya hiji kajadian anu disebut KRISIS MALAISE, anu 
ceuk urang melayau mah sok disebut ZAMAN MELESET, nyaeta hiji krisi ekonomi di 
eropa. ieu krisis teh singhoreng ngabalukarkeun perlombaan senjata di dunia, 
mangka betus weh hiji perang anu disebut PERANG DUNIA I

perang dunia I rengse disambung ku PERANG DUNIA II, anu disebabkeun leuwih ku 
akibat perbedaan IDEOLOGI, nyaeta ideologi NAZISME/FASISME (JERMAN, JEPANG, 
ITALIA) di hiji pihak ngalawan KAPITALIS (USA, UK, jrrd, NATO) anu ngomplot 
jeung KOMUNISME (UNI SOVIET+RRC+PAKTA WARSAWA). anu eleh harita teh FASIS. 
Kualatan kitu Kapitalis jeung Komunis bagi-bagi WILAYAH IDEOLOGIS, misalna bae 
KOREA dibagi dua, JERMAN dibagi dua, jrrd. tapi anu leuwih penting ku ku elehna 
fasis, mangka lahir anu disebut PBB (PERSERIKATAN BANGSA-BANGSA) anu anggota 
lululguna anu ngabogaan VETO nya anu meunang perang dunia II, nyaeta USA, UK, 
PERANCIS, UNITED OF SOCIALIST SOVIET RUSSIA/USSR, RRC.  

SANGGEUS perang dunia anggeusan KAPITALIS nagedegkeun PERGERAKAN EKONOMI 
KAPITALISTIKNA DEUI ku cara anu leuwih anyar, kapitalis ngadegkeun organisasi 
pikeun neruskeun deui kolonialisme nyaeta GERAKAN GLOBALISASI anu diparajian ku 
lahirna GATTs (general agreement on traif and trades), anu di taun 1994 dina 
pertemuanana di Maroko, GATTs ganti wujud jadi WTO (WORLD TRADE ORGANIZATION), 
gagasan eta organisasi nyaeta ngahijikeun duna dina perdaganan annu disebut 
pasar bebas (FREE TRADE) sakumaha gagasan Adam Smith anu disebut "FREE FIGHT 
LIBERATION", sakainget simkuring eta organisasi ngusulkeun supaya TARIF BEA 
MASUK IMPOR KUDU DIKURANGAN 5%/taun, SUBSIDI EKSPOR KUDU DIKURANGAN 10%/taun. 
cobba bae bayangkeun kumaha rek bisa bersaing nagara-nagara miskin jeung nagara 
beunghar.

PESIMIS? lain pesimis, tapi sok we emutan, tong boro ku batur, kapitalis urang 
Indonesia sorangan EMBUNGEUN Rupiah naek teh, sabab bakal ngabalukarkeun 
mahalna biaya impor ceunah, kumaha urang rek jaya atuh baraya?keur anu HEDONIS 
kalawan boga duit tangtu bae gerakan globalisasi nguntungkeun pisan sabab bisa 
rucah jeung hura-hura, tapi keur kalangan mayoritas KAUM MISKIN, misalna 
PETANI, hayang ngajual barang rada mahal moal bisa, sabab mun hayang ekspor 
subsidina di cabut ku NEO KOLONIALISME IMPERAILISME (NEKOLIM)

organisasi TI saprak perang dunya II anggeusan, Asup kana perang dunia III anu 
disebut PERANG DINGIN, dunia kabagi DUA BLOK nyaeta;1) BLOK BARAT: NEGARA DUNIA 
PERTAMA (KAPITALIS USA, UK, jrrd, 2) BLOK TIMUR: NEGARA DUNIA DUA (KOMUNIS 
USSR, RRC, YUGOSLAVIA, jrrd.) ti mimiti harita perang kacida di sakabeh widang 
kaya-kayaning perlombaan senjata, teknologi, jeung pangaruh. tapi sabenerna mah 
aya keneh blok anu KATILU, nyaeta blok nagara-nagara miskin anu terjajah, 
saperti Indonesia, nyaeta NON BLOK

antukna dina taun 1989 perang dingin anggeusan, anu meunang nyeta kapitalis. 
elehna ditandaan ku BUBARNA UNI SOVIET jadi FEDERASI RUSIA. presiden USSR 
harita teh MICHAEL GORBACHEV, ngaluarkeun kawijakan POLITIK EKONOMI 
KAPITALISTIK anu disebut GLASNOST (politik keterbukaan) jeung PERESTROIKA 
(restrukturisasi ekonomi). singhoreng eta kawijakan saolah mere jalan pikeun 
kapitalis ngancurkeun USSR, kukituna mangka KOMUNISME paeh, komo deui ditambah 
ku asupna RRC ka WTO (world Trade Organization), kaum Komunis beuki paeheun 
obor, coba bae kubuna USSR saperti Kuba, Irak, Libya, Korea Utara, ayeuna geus 
teu bogaeun sihung deui.

TAH SAKITU HEULA AH CAPE NYA ngaosna oge.

sakedik we ieu mah nambihan sabage KASIMPULA:
mun ditilik-tilik tina perjalanan sajarahna, KAPITALIS miboga sifat anu gancang 
ngarespon kana sagala perubahan zaman, gerakanana kacida luwes, luar leor kawas 
oray anu antukna meulit jeung ngahakan korbanna. ieu sifat anu ceuk senior 
simkuring di KELUARGA AKTIVIS UNIVERSITAS PADJADJARAN mah disebut SENSE OF 
REGULARITY.kapitalis daek ngarobah wujudna demi KAPITALISMENA
buktina:
MERKANTILISME jadi KOLONIALISME/IMPERIALISME jadi NEOKOLONIALISME/GLOBALISME 
jadi ....

kukituna gerakan GLOBALISASI jeung INTERNASIONALISASI lain sakadar KEKECAPAN 
SAMATA (kata-kata semata). eta ngaran gerakan anu dina prak-prakanana di ieu 
dunya kacida beda latar belakang ideologina.
katomperna keun gerakan internasionalisme oge aya anu anyar nyaeta gerakan 
KHILAFAH ISLAMIAH versi HIZBUTTAHRIR anu digagas ku SYEKH TAQIYUDDIN ANNABANNI 
di Yordania.

kukituna sim kuring sacara terang-terangan umajak ka sadaya baraya 
HAYU URANG NGALAWAN KAPITALISME GLOBAL, ku cara ulah pipilueun kabawa budaya 
GLOBAL (BUDAYA POP MTV), urang mah tetep tigin kana budaya anu luhur, tapi 
tetep kudu ngalawan ku politik pek we eta mah tinggal milih rek milih kandaraan 
politik anu mana minimal anu masih deukeut keneh kana jalan perjuangan ngalawan 
KAPITALISME.

tong sieun baraya, CEUK PANTUN SUNDA OGE: daun saga daun nona kabeulitan daun 
awi, teu ayeuna sugan jaga laksana bawa ngajadi" Urang Sunda mah geus optimis 
ti baheula oge geuningan, teu pesimis yen perjuangan teh pasti laksana, nya 
minimal NGAWARISKEUN CITA-CITA PERJUANGAN KA ANAK INCU PIKEUN NGALAWAN 
KAPITALISME tepi ka iraha bae, salila Kapitalisme can tumpur. 

TAPI INGET ngalawan kapitalisme lain kudu ku cara jadi TERORIS, eta mah salah 
kaprah sabab perjuangan anu pokona ngalawan pikeun numpur ludeskeun kapitalisme 
mah lain ku cara maehan warga sipil.

simkuring rek mere kelu yeuh,
KAPITALISME bisa ngarubah wujud kana MILITERISME, naon sababna?, sabab militer 
jeung kapitalis SIMBIOSIS MUTUALIS, kapitalis aman modalna dijaga militer, 
militer aman logistikna dipasok ku kapitalis.

HATUR NUHUN


MANG BUD,
ALAMAT1: CISEWU GARUT
             2: PONDOK KELAPA JAKARTA
HP             : 085221090723











 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke