Mun noong koran kamari cenah Pamingpin Iran nu pangluhurna, Sayyid Ali Khamenei geus ultimatum nyiapkeun parajuritna siap-siap ngalawan amerika. Cenah Amerika teh rek nyerang Iran. Jigana bakal rame deui yeuh alam dunya; pabulatak layon jeung haseup ngotoran langit.
----- Pesan Asli ----- Dari: Waluya <[email protected]> Kepada: [email protected] Cc: Dikirim: Kamis, 8 Desember 2011 15:17 Judul: Re: Bls: [kisunda] deklarasi persatuan islam > ahsa <albanduni@...> wrote: > baheula keur deklarasi MUHSIN JABAR diulem sakabeh ormas sareng > pasantren di Jabar. Biasalah teu darantang. Ti HIMI Persis aya nu > datang jeung ngilu deklarasi. Uing mah lalajo we, da teu ngarasa > Sunni atawa Syiah, uing mah Muslim Sunda. Benerlah mending jadi Muslim Sunda we, teu kudu helok kaditu kadieu. Helok ka Arab Saudi tapi kahalangan ku gampangna neuteuk beuheung dulur saimanna, pedah datang ti nagari jauh nu sangsara. Helok ka Iran nu bejana maju, kahalangan oge, naha urang Iran bet kalalabur ti nagrina, hayang caricing di nagara Barat, tepi ka tikerebek di Pangandaran ....... Salam, WALUYA ------------------------------------ Yahoo! Groups Links http://docs.yahoo.com/info/terms/
