isu etnis mah jigana mah tos teu pajeng. janten isu aliran agama nu 
dijantenkeun alat teh ku urang Barat nu mikahayang nguasai nagari nu boga 
minyak. 


ari uing mah ngorolkeun Syiah Sunni keur wawasan hungkul, lain kudu gareuleut 
patorong-torong. da ari ibadah mah sewang-sewangan. Nya kukitu, dina konteks 
milis mah kedah dianggap na kanggo nambihan elmu bae. 



Bah Willy, kumaha ari urang Barat boga kahayang teu nguasai Tanah Sunda?



________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Jumat, 9 Desember 2011 9:56
Judul: Re: Bls: Bls: [kisunda] deklarasi persatuan islam
 

  


Bah Willy, eta nu dongengkeun teh uing kungsi manggihan oge. Boga balad urang 
Persia jeung Arab, pahare-hare we. Ari umumna di urang, boh Arab atawa Persia 
sok disarebut sarua we Arab. Urang Persia kungsi ngadongeng ka uing. Persia 
boga sajarah panjang sorangan, Persia lain Arab, cenah.


2011/12/9 Waluya <[email protected]>

 
>  
>Kang, Lamun nempo geopolitik di Timur Tengah matak lieur, loba pisan bahan 
>keur pipaseaeunana. Urang Persia ti baheula keneh boga budaya maju ti batan nu 
>sejen (emut Raja Cyrus yang Agung?). Waktu Islam lahir, Urang Persia oge gede 
>jasana, maranehna nu jadi tantara  nyebarkeun Islam, ngan keur jaman Dinasti 
>Ummayah, sanajan gede jasana,  urang Persia (sok disebut golongan Mawali, 
>Muslim non Arab) kaasup warga nagara kelas dua sahandapeun Urang Arab. 
>Golongan Mawali ieu akhirnya ngahiji jeung Abbas Al saffah (nu ngadegkeun 
>dinasti Abbasyiah) ngabarontak jeung ngagulingkeun dinasti Ummayyah. Lamun 
>ningali sajarahna nu siga kitu, dina dadasarna mah Urang Persi jeung Urang 
>Arab teh kurang akur atawa siga akur padahal teu akur ..hahaha komo ditambahan 
>ku faktor beda kayakinan Syiah jeung Sunni. Beuki we siga cai jeung minyak.
>
>Urang Barat arapaleun ieu, jadi tanggtu we gampang dimanfaatkeun keur 
>kapentingan maranehna.
>
>WLY
>
>
>--- In [email protected], ahsa <albanduni@...> wrote:
>>
>> Mun noong koran kamari cenah Pamingpin Iran nu pangluhurna, Sayyid Ali 
>> Khamenei geus ultimatum nyiapkeun parajuritna siap-siap ngalawan amerika. 
>> Cenah Amerika teh rek nyerang Iran. Jigana bakal rame deui yeuh alam dunya; 
>> pabulatak layon jeung haseup ngotoran langit.
>> 
>> 
>> 
>> ----- Pesan Asli -----
>
> Dari: Waluya <waluya56@...>
>
>> Kepada: [email protected]
>> Cc: 
>> Dikirim: Kamis, 8 Desember 2011 15:17
>> Judul: Re: Bls: [kisunda] deklarasi persatuan islam
>> 
>
>> > ahsa <albanduni@> wrote:
>> > baheula keur deklarasi MUHSIN JABAR diulem sakabeh ormas sareng 
>> > pasantren di Jabar. Biasalah teu darantang. Ti HIMI Persis aya nu 
>> > datang jeung ngilu deklarasi. Uing mah lalajo we, da teu ngarasa 
>> > Sunni atawa Syiah, uing mah Muslim Sunda.
>> 
>> Benerlah mending jadi Muslim Sunda we, teu kudu helok kaditu kadieu. Helok 
>> ka Arab Saudi tapi kahalangan ku gampangna neuteuk beuheung dulur saimanna, 
>> pedah datang ti nagari jauh nu sangsara. Helok ka Iran nu bejana maju, 
>> kahalangan oge, naha urang Iran bet kalalabur ti nagrina, hayang caricing di 
>> nagara Barat, tepi ka tikerebek di Pangandaran .......
>> 
>> Salam,
>> WALUYA
>> 
>> 
>> 
>> ------------------------------------
>> 
>> Yahoo! Groups Links
>> 
>> 
>> 
>
>     http://docs.yahoo.com/info/terms/
>>
>
>



Kirim email ke