Hehehe, tah eta bisaanna teh Kang Ahsa mah, bisaan ngajastifikasi: isu ieu
'laku', nu itu mah 'teu laku'. Naon nu didongengkeun ku Bah Willy oge uing,
eta teh naon nu kungsi kapanggih, lain beunang ngawangwang. Lain resep kanu
ilmiah cenah Kang Ahsa. Toong geura da aksarana ge lain ragamna, urang
Persia jeung Arab teh.

2011/12/9 ahsa <[email protected]>

> **
>
>
> isu etnis mah jigana mah tos teu pajeng. janten isu aliran agama nu
> dijantenkeun alat teh ku urang Barat nu mikahayang nguasai nagari nu boga
> minyak.
>
> ari uing mah ngorolkeun Syiah Sunni keur wawasan hungkul, lain kudu
> gareuleut patorong-torong. da ari ibadah mah sewang-sewangan. Nya kukitu,
> dina konteks milis mah kedah dianggap na kanggo nambihan elmu bae.
>
>
> Bah Willy, kumaha ari urang Barat boga kahayang teu nguasai Tanah Sunda?
>
>   ------------------------------
> *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Dikirim:* Jumat, 9 Desember 2011 9:56
> *Judul:* Re: Bls: Bls: [kisunda] deklarasi persatuan islam
>
>
>
> Bah Willy, eta nu dongengkeun teh uing kungsi manggihan oge. Boga balad
> urang Persia jeung Arab, pahare-hare we. Ari umumna di urang, boh Arab
> atawa Persia sok disarebut sarua we Arab. Urang Persia kungsi ngadongeng ka
> uing. Persia boga sajarah panjang sorangan, Persia lain Arab, cenah.
>
> 2011/12/9 Waluya <[email protected]>
>
> **
>
>  Kang, Lamun nempo geopolitik di Timur Tengah matak lieur, loba pisan
> bahan keur pipaseaeunana. Urang Persia ti baheula keneh boga budaya maju ti
> batan nu sejen (emut Raja Cyrus yang Agung?). Waktu Islam lahir, Urang
> Persia oge gede jasana, maranehna nu jadi tantara nyebarkeun Islam, ngan
> keur jaman Dinasti Ummayah, sanajan gede jasana, urang Persia (sok disebut
> golongan Mawali, Muslim non Arab) kaasup warga nagara kelas dua sahandapeun
> Urang Arab. Golongan Mawali ieu akhirnya ngahiji jeung Abbas Al saffah (nu
> ngadegkeun dinasti Abbasyiah) ngabarontak jeung ngagulingkeun dinasti
> Ummayyah. Lamun ningali sajarahna nu siga kitu, dina dadasarna mah Urang
> Persi jeung Urang Arab teh kurang akur atawa siga akur padahal teu akur
> ..hahaha komo ditambahan ku faktor beda kayakinan Syiah jeung Sunni. Beuki
> we siga cai jeung minyak.
>
> Urang Barat arapaleun ieu, jadi tanggtu we gampang dimanfaatkeun keur
> kapentingan maranehna.
>
> WLY
>
>
> --- In [email protected], ahsa <albanduni@...> wrote:
> >
> > Mun noong koran kamari cenah Pamingpin Iran nu pangluhurna, Sayyid Ali
> Khamenei geus ultimatum nyiapkeun parajuritna siap-siap ngalawan amerika.
> Cenah Amerika teh rek nyerang Iran. Jigana bakal rame deui yeuh alam dunya;
> pabulatak layon jeung haseup ngotoran langit.
> >
> >
> >
> > ----- Pesan Asli -----
> > Dari: Waluya <waluya56@...>
>
> > Kepada: [email protected]
> > Cc:
> > Dikirim: Kamis, 8 Desember 2011 15:17
> > Judul: Re: Bls: [kisunda] deklarasi persatuan islam
> >
> > > ahsa <albanduni@> wrote:
> > > baheula keur deklarasi MUHSIN JABAR diulem sakabeh ormas sareng
> > > pasantren di Jabar. Biasalah teu darantang. Ti HIMI Persis aya nu
> > > datang jeung ngilu deklarasi. Uing mah lalajo we, da teu ngarasa
> > > Sunni atawa Syiah, uing mah Muslim Sunda.
> >
> > Benerlah mending jadi Muslim Sunda we, teu kudu helok kaditu kadieu.
> Helok ka Arab Saudi tapi kahalangan ku gampangna neuteuk beuheung dulur
> saimanna, pedah datang ti nagari jauh nu sangsara. Helok ka Iran nu bejana
> maju, kahalangan oge, naha urang Iran bet kalalabur ti nagrina, hayang
> caricing di nagara Barat, tepi ka tikerebek di Pangandaran .......
> >
> > Salam,
> > WALUYA
> >
> >
> >
> > ------------------------------------
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >     http://docs.yahoo.com/info/terms/
> >
>
>
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke