[Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran
Leng, Jay ngahuleng sakeudeung. Rek mayar ku naon atuh aing?, gerentesna. Jay leuleus, awak ngadegdeg keur mah can dahar, katambah kumaha nya pimayareun ka ki supir. Aing aya akal, ceuk gerentes hate Jay. Kudupruk awak Jay ngudupruk api-api kapiuhan. Jelema-jelema na angkot patingkoceak komo ibu-ibu nu katindihan ku awak Jay reuwaseun. ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Reksa Gantra [EMAIL PROTECTED] wrote: Hawa Bandung nu matak bayeungyang ngarawu Jay nu kakarak kaluar ti warnet. Jalan metet patukang tonggong jeung beuteungna nu can dieusi nananaon ti minggu itu. Sora klakson mancawura kana ceulina. Barangmaen nu nemprakkeun leungeunna, ku manehna didilakan -- matana meh buncelik. Dititah ingkah. Jay noyod ka peuntas. Cung leungeun Jay ngacung, nyetop angkot. Clog manehna naek. Diuk gigireun lalaki tengah tuwuh nu keur nundutan. Leungeunna ngeukeuweuk koran wedalan opat poe ka tukang. Seorang Pasien Kabur dari RS. Kitu ceuk HL eta koran. Hurup-hurupna ngajareblag, kelirna nu beureum getih matak peurih kana panon. Mangsa angkot mengkol ka kidulkeun, hate Jay ngalenyap. Manehna karak inget: Pesakna euweuh eusian saketip-ketip acan. Kumaha rek mayar angkot? Mayar ku rangsel? Atawa sasadu bae ka supirna? Angkot mumprung ka kidulkeun. MGT
Balasan: RE: [Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag
Nepangkeun ah sim kuring oge ti Ciamisw. enya pisan eta teh teu dimana teu dimana, ngan sok inget wae ka Ciamis. mani betah mun geus di ciamis teh.mun teu inget kana kawajiban kudu gawe mah asana teh teu hayang balik deui ka lembur batur... --- wawan darmawan [EMAIL PROTECTED] wrote: UPAMI HOYONG NGAROJONG KANA PANGWANGUNAN HAYU URANG KEPUNG ETA BEURIT BEURIT... NA. NU GEUS BARUTIKEUK...! TRIMS Yuliadi [EMAIL PROTECTED] menulis: asyik euy simkuring oge ti ciamis heuheu -Original Message- From: dide sunda [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, November 17, 2006 8:28 AM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag Mang jamal, kang budhi, teh evi, tur baraya sadaya! Haha, geuning euyeub oge nya urang Ciamis teh (Moal kitu engke mah ngadamel millis urang-ciamis mah? hehe). Kuring padumukan mah di Cimari Cikoneng mung getih mah ti Panumbangan. Kumargi kuring nyaah ka lemah cai (atawa teu betah di lembur batur? duka tah) nya ayeuna ge teu dimana teu dimana, alias tetep betah di ciamis. Kitu tah! Cikan urang gebrag atuh Ciamis teh ku urang-urang. Salami nyunyuhun hulu, pangwangunan ciamis teh asa cicing wae. Kumaha carana nya? - Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. __ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com __ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com
RE: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran
ari si jay kaasup jalma hemat atawa pelit. kwacian sekaleeepantesna budak teh teu boga babaturan. -Original Message- From: Ambu Bagja [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Thursday, December 21, 2006 1:58 PM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran Hoaahm, Jay heuay kakara hudang sare. Nempo jam na leungeunna, ngagurubug bakating ku reuwas, Geuning geus jam 1 beurang , uing kudu ka warnet deui nempo aksi milisi urangsunda. Ngodok saku calana jins nu geus belel, Ah lumayan aya sarebu perak, Jay ngagerentes. Gejlig indit ka warnet, buru-buru muka e-mail. Edas, beuki rea euy!. Jiga kieu mah moal mahieun atuh sarebu perak mah, Jay ngagerentes na hatena. Ah, aing tamba era, geus we rek ngirim e-mail, huleng heula si Jay ngahuleng, Naon atuh nya alesanana keur milisi urangsunda? Ah aing ngaku rek ka Garut we... Gura-giru Jay ngetik bari tipaparetot, ayeuna mah nulisna saeutik da ngukur ka kujur, sarebu perakeun. Geus ngetik gura-giru mencet Send. Buru-buru manehna hudang. Sabarahaeun Kang?. 1000 perak, ceuk nu ngajaga warnet. Jay muji sukur ka pangeran, bari nyarita Untung, pas ~ipup~ --- In [EMAIL PROTECTED] mailto:urangsunda%40yahoogroups.com ups.com, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: Ha...haha, Jay seuseurian nepi keun ka reumbay cipanon. Beunang siah ku aing, n atuh urang Kusnét teh bararodo pisan nya..., ceuk si jay ngomong sorangan bari tuluy macaan deui postingan- postingan dina milis. Sakapeung kerung, sakapeung unggut-unggutan, sakapeung nyerengeh. Batur nu keur nge-nét gigireunana luak-lieuk we ka si Jay, ngarasa kaganggu ku polahna. Ih..jalma teh gelo sugan mah nya ?, ceuk pikirna, bari tuluy beberes. Kamari wanci kieu, si Jay mosting, sarua jiga samemehna, loba nu mairan kana postinganana. Teu kolot, teu budak. rupa-rupa geuning pairanana teh. Tapi lolobana mah mairanana teh bari jeung ambek. teu lalaki teu awewe, sarua bari arambek. padahal mah, pira ge, nyebutkeun yen nu sok mimilisan teh pangangguran, ni teu narima geuning dikitukeun teh, disarada kabeh... hi hi ... aya kana 80 leuwih postingan anu dibaca, sanggeus rengse, tuluy ngalieuk kana jam nu naplok dina tembok. Hmmmargo warnet geus nyerelek, geus aya kana 15 rebuna jigana. Kusiwel ngaluarkeun dompet tina saku tukang, diilikan eusina, aya keneh 2 lambar dua puluh rebuan. Ah..cukup sa jam deui ge lah, ceuk si jay na hate. Ngahuleng sakeudeungan, tuluy ramo-na ku lincahna luluncatan dina kibord, ngetik saluyu jeung nu ngocor tina uteukna. Eusina mairan deui postingan-postingan ti anggota milis, bari angger make basa propokasi anu nyudutkeun urang-urang sunda. Geus ka irong ku manehna, yen urang sunda mah geuning gampang kasigeung, gampang ambek, teu kaop ka senggol hate-na, langsung ngagurubug. geus kabuktikeun pisan ku sorangan, ku ayana loba pisan anu ngarasa kasigeung ku postingan manehna. Tapi, beuki loba nu kasigeung, si jay beuki seuseurian. hatena surak... Jay nuluykeun ngetik.. tak-tiktak-tik teu poho, dihandapna make ID anu dipake salila ieu : Ely Evalita nu geulis tea. ha ha ha si Jay seueueurian na hate. dibaca deui imelna saliwatan, tuluy mencet tombol SEND. Gura-giru sign out, tuluy ka kasir. atos A ? Dua puluh rebueun, ceuk kasirna bari imut ngagelenyu. srog si Jay ngasongkeun 20 rebuan salambar. Pas pisan. Jay ngancingkeun jaketna, ranselna digandong, tuluy kaluar ti Warnet, bari leumpang ka parapatan. Diluar langit geus ceudeum, hawa ge karasa tiis. nyecep kana jero dada. Sanajan hawa tiis, tapi si Jay yakin pisan, nu maca postinganana bieu pasti ngarasa panas hareudang. h... -dul- tukangteuing
Re: [Urang Sunda] Re: Urang Sunda VS Champ ti Mongol
From: isuhar To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Wednesday, December 20, 2006 9:46 PM Subject: [Urang Sunda] Re: Urang Sunda VS Champ ti Mongol sim kuring saluyu kana pamaos yen teu kedah naroskeun asal mula urang timana nu penting urag aya di tatar sunda teh estuning kudrot jeung irodatna nu maha kawasa,... isuhar. Numawi Kang Isuhar, ku simkuring di talungtik teh wireh aya seratan Vonis anu negatif ka Asal Muasal Urang Sunda akibat tina seratan Sajarahna, sapertos Sajarah G-30 S-PKI, waktu kuring sakola SD diabringkeun ti sakolaan pikeun lalajo Film G-30 S-PKI, saparantosna Presdien Suharto lengser, Film eta teh di Stop kulantaran patojaiah jeng sajarah anu sabenerna (saparantos ditalungtik ulang kana bukti-bukti Sajarah kajadiannana). rupina upami teu aya anu ngagugat kana Sajarah eta, tangtos Film eta teh gede manfaatna pikeun anak incu anu bakal datang, supaya nyaho kana Sajarah asal mu'asalna Presiden Suharto ngadeg jst, ngabalukarkeun pikeun anu nontonna boga rasa keuheul ka Presiden Bungkarno dumeh sakongkol jeung PKI, dina kanyataannana jutaan nyawa dipateni sakur anu ngadukung kana kawijakan Bungkarno pajarkeun teh PKI. Loba korban-korban akibat pemutar balikan fakta kajadian G-30 S. Tapi kulantaran eta Film teh loba teu saluyuna jeng sajarah nu sabenerna akhirna di eureunkeun dina tayangna, kulantaran bakal ngaruksak pikeun anak incu anu bakal datang. Tah eta conto alit dina pasualan Sajarah, atuh ningal kana Pipisahannana Paham dina Ummat Islam teu leupas tina Sajarahna, anu ngabalukarkeun rebuan jeung jutaan nyawa maot dipateni, teu kalangkung incu kanjeng Nabi saw dicacag diwalang-walang ku anu ngangkeun ummat Islam keneh. anapon conto tina Sajarah Karajaan Sunda Padjadjaran, seueur sajarahah anu nyimpulkeun negatif ka Raja Pabu Slihwangi antukna loba jalma hoream mikareueus/ijid kana Falsafah/Elmu/Budaya anu diajarkeun ku Prabu Silihwangi, ah ketang meureun ieu mah pangalam simkuring wae baheula kitu...baheula diajar sajarah Sunda teh mung ukur nyaritakeun Peperangan, Marebutkeun Awewe, Marebutkeun Kakawasaan jsb. balukarna urang kirang miajen kaluluhurna sorangan...kitu panginten...kirang langkungna mah dina perkawis pentingna Sajarah. Atuh kana Sajarah Diri pribadi, tangtos kedah terang kumargi jalan kanggo Balik ka Jati mulang ka Asal ku terang Timana urang Indit-kamana urang Balik...hehehe. kitu panginten. sakitu heula, nuhun-nuhun baktos Agus Wirabudiman
[Urang Sunda] Huammmmm...... 3 G ...?? ngacir
puyeng ah... setting ge pe er es nganggo hapeh bisa internetan.. kenceng... hanjakal... 3 g na masih keneh rada sesah koneksina.. tapi lumayan kenceng.. huhuii... mangga sadayana... urang nganggo 3 g murah jeung cepet hanjakal resources na mahal keneh... naon basa sundana resource teh..?? hehehe hayu ah rek ngadamelan deui budget anggaran gajih 2007 tos 2 poe can sare sakerejep2 acan... hihihihihihi
Re: [Urang Sunda] Fw: [kisunda] Borobudur mau dibongkar
keur para pangangguran saindonesia mah pasti apal ka ngaran nu pangkawentarna dihandap ieu... heuheuheu. bieu dicek ka mang gugle ngeunaan warta ieu. nu rada ngaharib-harib bijilna ti: www.indonesia.faithfreedom.org. tina koran-koran umum (web-na) teu manggih. mun bener ge meureun ieu teh beja handapeun taneuh. ti jero guha... heuheuheu... dh On 12/21/06, Agus Wirabudiman [EMAIL PROTECTED] wrote: Ny. Muslim binti Muskitawati. ,___ -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.lembur deudeuh.: http://banjarasih.blogsome.com
Re: Balasan: RE: [Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag
sim kuring oge ti ciamis.. muhun sami sareng wargi sanesna, meni sok sono ka ciamis teh.. atuda timimiti orok dugi ka sakola SMA di ciamis, rek teu apet kumaha ka ciamis... Mung masalah pangwangunan satuju sareng wargi lianna, kunaon atuh nya meni asa teu aya kamajuan nu signifikan di ciamis teh.. nu katingal ku sim kuring mah (duka kamajuan duka kamunduran) ayeuna teh meni rea pisan unggal sore barudak ngora nongkrong di alun2..atawa cenah unggal peuting eta jalan di hareupeun kantor bupati teh dijadikeun track track an balap motor tapi ari pangwangunan ekonomi, teknologi, pendidikan, kasejahteraan masarakat asa teu aya kamajuan... Atawa kudu rada digebrag ambeh hudang?? Meni beda jeung pangwangunan tatanggana, kota tasik... Hayu atuh babarengan cuang ngageuingkeun ciamis tatar galuh... Sim kuring yakin, SDM orang ciamis sabenerna mah aralus, tapi sok poho ka lembur sorangan ari geus sukses di lembur batur teh.. (kaasup sim kuring meureun nya', anu ngumbara di lembur batur...ari sukses na mah acan,,hehehe) hayu atuh cuang babarengan ningkatkeun pangwangunan ciamis Narayana Adipranata [EMAIL PROTECTED] wrote: Nepangkeun ah sim kuring oge ti Ciamisw. enya pisan eta teh teu dimana teu dimana, ngan sok inget wae ka Ciamis. mani betah mun geus di ciamis teh.mun teu inget kana kawajiban kudu gawe mah asana teh teu hayang balik deui ka lembur batur... --- wawan darmawan [EMAIL PROTECTED] wrote: UPAMI HOYONG NGAROJONG KANA PANGWANGUNAN HAYU URANG KEPUNG ETA BEURIT BEURIT... NA. NU GEUS BARUTIKEUK...! TRIMS Yuliadi [EMAIL PROTECTED] menulis: asyik euy simkuring oge ti ciamis heuheu -Original Message- From: dide sunda [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, November 17, 2006 8:28 AM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag Mang jamal, kang budhi, teh evi, tur baraya sadaya! Haha, geuning euyeub oge nya urang Ciamis teh (Moal kitu engke mah ngadamel millis urang-ciamis mah? hehe). Kuring padumukan mah di Cimari Cikoneng mung getih mah ti Panumbangan. Kumargi kuring nyaah ka lemah cai (atawa teu betah di lembur batur? duka tah) nya ayeuna ge teu dimana teu dimana, alias tetep betah di ciamis. Kitu tah! Cikan urang gebrag atuh Ciamis teh ku urang-urang. Salami nyunyuhun hulu, pangwangunan ciamis teh asa cicing wae. Kumaha carana nya? - Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. __ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com __ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
[Urang Sunda] Re: Huammmmm...... 3 G ...?? ngacir
pangmeulikeun HP keur uing nu bisa 3G-an atuh.. Iraha ka Sumedang deui? ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, aldo desatura [EMAIL PROTECTED] wrote: puyeng ah... setting ge pe er es nganggo hapeh bisa internetan.. kenceng... hanjakal... 3 g na masih keneh rada sesah koneksina.. tapi lumayan kenceng.. huhuii... mangga sadayana... urang nganggo 3 g murah jeung cepet hanjakal resources na mahal keneh... naon basa sundana resource teh..?? hehehe hayu ah rek ngadamelan deui budget anggaran gajih 2007 tos 2 poe can sare sakerejep2 acan... hihihihihihi
Re: [Urang Sunda] Balesa: data-data online... (perda jsb)
matak oge tong kabawa sakaba-kaba, pangersa. keun sugan kapok. hahaha. On 12/21/06, oman abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote: Aeh...nuhun Kang Awan. Tetela kecap taeun teh geus ngambah dunya. Ka palawargi, sim kuring neda hapunten, nyaan nuliskeun alamat taeun teh sakainget wae, kalayan samemehna teu kungsi nyobaan heula eta alamat-alamat anu dituliskeun. Palalaur ieu jejer jadi hot forum topic deui :), sae diblokir wae. baktos, manAR On 12/20/06, awan wandut [EMAIL PROTECTED] wrote: Ngeunaan : Sakantenan info tambahan, data sareng informasi pararenting, top news katompernakeun taun 2006: 1. Nyandung : www.nyandung. online.com http://www.nyandung.online.com/ 2. Milist pagawean nu nganggur: www.milistnganggur. com http://www.milistnganggur.com/ 3. Basa Sunda rek musnah: www.basamusnahel. comhttp://www.basamusnahel.com/ 4. Unak-anik ngeunaan taeun : www.taeun.com 5. naon deui nya? : www.naondeui. com http://www.naondeui.com/ Hapunten baraya, eta mah heureuy ka anu keur nyusun seratan atawa reply ...keur ulon-ulon atawa keur ngaronjatkeun kreativitas netters milist US. baktos, manAR eta aya alamat www.taeun.com, eta alamat teh sami sareng alamat ieu http://www.lalatx.com/free atanapi http://www.duniasex.com Ka baraya US bilih situs eta bahaya mangga blokir alamat ku IP (kode protokol internet: kanggo lalatx.com kodena: 213.186.33.2 kanggi duniasex.com kodena 19.195.232.72) Kode-kode diluhur tiasa dipanggil langsung dina broser janten nu sanes moal terangeun nami situsna. Punten ah. eta mah berita basi, tapi bilih nuju lieur mah sakali2 situs eta tiasa dibuka. Salam ones __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail. yahoo.com __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
RE: [Urang Sunda] Fw: [kisunda] Borobudur mau dibongkar
Enya yeuh... ku uing diperhatikeun teh ieu mah surelek jang mojokeun urang Islam khususna Abu Bakar Basyir we... -eddy- wiosnyamungnyeratsabarisoge _ From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Dudi Herlianto Sent: Thursday, December 21, 2006 4:39 PM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: [kisunda] Borobudur mau dibongkar keur para pangangguran saindonesia mah pasti apal ka ngaran nu pangkawentarna dihandap ieu... heuheuheu...-.. bieu dicek ka mang gugle ngeunaan warta ieu. nu rada ngaharib-harib bijilna ti: www.indonesia. http://www.indonesia.faithfreedom.org -faithfreedom.-org. tina koran-koran umum (web-na) teu manggih. mun bener ge meureun ieu teh beja handapeun taneuh. ti jero guha... heuheuheu... dh On 12/21/06, Agus Wirabudiman wirabudiman- mailto:[EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] wrote: Ny. Muslim binti Muskitawati. ,___ -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.lembur deudeuh.: http://banjarasih. http://banjarasih.blogsome.com -blogsome.-com IMPORTANT NOTICE: The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If you have received this email in error, please immediately notify me by Reply command and permanently delete the original and any copies or printouts thereof. Although this email and any attachments are believed to be free of any virus or other defect that might affect any computer system into which it is received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure that it is virus free and no responsibility is accepted by American International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or severally, for any loss or damage arising in any way from its use.
[Urang Sunda] Jalmi anu jiga kieu anu tos jarang ayeuna mah...
Nyanggakeun, berita ti Liputan 6. tiasa ditoong tidieu http://www.liputan6.com/view/3,134491,1,0,1166689290.html anjeunna dijantenkeun sosok Hari Ibu dina SCTV. bilih aya anu teu tiasa ngaakses liputan6.com ku abdi di copykeun wartana Liputan6.com, Rangkasbitung: Naik turun gunung adalah bagian dari rutinitas sehari-hari Rosita sebagai bidan. Dibantu pembantunya, Rosita melayani 53 kampung yang tersebar di wilayah suku Baduy, Rangkasbitung, Banten. Mereka menerima saya mungkin karena saya warga daerah asli bisa bahasa mereka, ujar Rosita pada SCTV baru-baru ini. Rosita adalah sosok perempuan yang pantas diangkat di saat kaum hawa Indonesia memperingati Hari Ibu yang jatuh pada 22 Desember. Awalnya Rosita kesulitan menerapkan ilmu kedokteran modern kepada penduduk Baduy yang terkenal sulit menerima pembaruan. Dia tahu perlu kesabaran ekstrabesar untuk mendekati warga Baduy. Untuk menjelaskan imunisasi saja, perlu waktu dua tahun. Namun, itu tidak mengendurkan semangatnya. Selain itu, kata Rosita, masih banyak warga Baduy yang menolak mendapat perawatan kesehatan bahkan menghindar dengan alasan pergi ke ladang. Mereka takut jika diimunisasi, suhu tubuh bayi akan panas mendadak. Namun, perlahan-lahan dia mampu merebut kepercayaan masyarakat Baduy. Kini dia memberi pelayanan kesehatan bagi ibu dan anak-anak juga memeriksa ibu hamil di 53 kampung yang tersebar di wilayah suku Baduy. Semuanya gratis. Rosita mengaku bekerja dengan ikhlas. Apalagi suami dan dua buah hatinya mendukung langkah Bidan Rosita--begitu dia bisa disapa. Yang lebih membanggakan, Rosita bisa membantu bisa menekan angka kematian bayi. Selama Januari hingga November 2006, tercatat hanya satu bayi yang meninggal di daerah ini.(IAN/Tim Liputan 6 SCTV) cag ah -Bohay-
[Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Ambu Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote: Jay. Kudupruk awak Jay ngudupruk api-api kapiuhan. Jelema-jelema na angkot patingkoceak komo ibu-ibu nu katindihan ku awak Jay reuwaseun. Ngadenge panumpang di tukang patingkoceak, reg supir ngeureunkeun mobilna. Klakson beuki raeng. Bongan ki supir teu nyisikeun heula mobilna. Aya naon?, ceuk supir. Iiieu. Aya budak ngadon ngajoprak. Ujug-ujug, ceuk hiji awewe -- tayohna pagawe hiji pabrik. Ngadenge klakson masih raeng, supir nyelang nyisikeun heula mobilna. Sakalor atawa naon? Masih hirup, heunteu?, ceuk ki supir. Salah saurang panumpang hideng ngaragap leungeun kenca si Jay. Lebah peupeuteueyannana dicekel, halisna kuat ka kerung. Masih, ceuk eta jalma bari culang-cileung, teu puguh saha nu ditempo. Kumahakeun atuh, nya? Bawa ka rumahsakit bae kitu?, ceuk lalaki tengah tuwuh. Saha nu rek mayarna? Ongkoh ayeuna mah ka rumah sakit teh pan kudu puguh surat-suratna, kudu puguh duitna?, ceuk awewe nu make saragam. Cobi diparios pesakna. Manawi aya loket atanapi naon..., ceuk hiji nonoman nu make kaos oblong -- nu dihareupna ngajeblag gambar si cepot. Lalaki tengah tuwuh, nu pangdeukeutna ka si Jay, hideng ngarampaan pesak tukang calan si Jay. Katingal aya loket. Sok ku manehna dicokot. Buka bae, nya? Moal nanaon?, ceuk si lalaki, ragu. Teu sawios, Pa. Da ieu mah walurat. Manawi bae aya alamat atanapi namina, ceuk nonoman nu di kaos oblong. Sok si lalaki tadi mukaan eta loket. Katingal loket teh metet teu puguh. Sawatara kartu nama nu geus belel, raca ku angka -- teuing nomer telepon, teuing nomer togel. Breh aya KTP. Ja..e..lani Ahmad Yani, 19 Juli 1980. Beu ngora keneh ieu budak teh, ceuk si lalaki. Sumuhun. Linggihna di mana, Pa?, ceuk si nonoman. Haur Pancuh III/897, RT 10, RW 24, Kelurahan Haur Pancuh, Kecamatan Coblong. Urang Haur Pancuh!, ceuk si lalaki. Keun atuh ari tos jelas nami sareng alamatna mah. Urang bantun ka dokter bae. Di mana, nya dokter nu caket, ceuk si jajaka ka ki supir. Eta palih payun, A. Caket pengkolan, ceuk supir. Hayu urang bantu bae ka dokter, ceuk si nonoman, bari nyangkeh si Jay. MGT
Re: [Urang Sunda] Pararunten
salah bah keur nu ieu mah.. mun teu ngolo moal ngele(g). heuheu biasa we ngarayu nu ngajaga warnet. pan geulis eh naha pipilueun... teh ely muah muah muah. dh On 12/21/06, aqis fairuz [EMAIL PROTECTED] wrote: Mun teu ngakal moal ngakeul ceuk kolot mah Sakieu heula akang,teteh, abah. simkuring bade ka lembur heula nyuhunkeun artos kangge bekel abdi di bandung salami di warnet. manawi pun bapa/biyang gaduh artos kontan pami teu gaduh bade ngical heula domba, meri, entog. cag.artosna mung cekap sakieueun. _._,___ -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.lembur deudeuh.: http://banjarasih.blogsome.com
[Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran
Sanggeus patingkoceak, panumpang di jero angkot pahibut narulungan. Si Jay nyengir jero hate katipu siah ku aing hahaha Rek dikumahakeun atuh ieu jalema teh? Di ka rumah sakitkeun? Ceuk hiji ibu-ibu nanya ka panumpang sejenna. Nya, bener mending di ka rumah sakitkeun bisi kumaonam ceuk hiji aki-aki. Aduh kumaha yeuh kalahka di ka rumah sakitkeun!Kanyahoan atuh kuring !!! ceuk si Jay hanjakaleun, tapi dalah dikumaha da geus kapalang api-api kapiuhan Kumaha pami ka Borromeus we, meh rada caket ti dieu ceuk supir angkot nawaran. Sok atuh Mang, geuwat bisi kaburu parna geringna! ceuk ibu-ibu nu tadi. Tungtungna si Jay dibawa ka rumah sakit ka RS Borromeus, dipindahkeun kana blangkar, didorong-dorong siga es lilin (eh, etamah lagu nya?!) nepi ka ruang UGD, dipariksa ku dokter, dititah sare heula. Kiclik-kiclik aya perawat nyampeurkeun ka dokter,Dok, punten abdi asa apal ka pasien ieu asanamah pasien ieu teh nu kabur tea, teu tiasa mayar!...lebet kana koran dinten ayeuna da Sihoreng baraya, Jay teh keur dirawat geus 2 minggu, bakat kuhayang nginternet ngekeak baraya Kusnet, kapaksa manehna kabur ti rumah sakit ro2 nungiringngaramekeun --- In urangsunda@yahoogroups.com, Ambu Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote: Leng, Jay ngahuleng sakeudeung. Rek mayar ku naon atuh aing?, gerentesna. Jay leuleus, awak ngadegdeg keur mah can dahar, katambah kumaha nya pimayareun ka ki supir. Aing aya akal, ceuk gerentes hate Jay. Kudupruk awak Jay ngudupruk api-api kapiuhan. Jelema-jelema na angkot patingkoceak komo ibu-ibu nu katindihan ku awak Jay reuwaseun. ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Reksa Gantra reksagantra@ wrote: Hawa Bandung nu matak bayeungyang ngarawu Jay nu kakarak kaluar ti warnet. Jalan metet patukang tonggong jeung beuteungna nu can dieusi nananaon ti minggu itu. Sora klakson mancawura kana ceulina. Barangmaen nu nemprakkeun leungeunna, ku manehna didilakan -- matana meh buncelik. Dititah ingkah. Jay noyod ka peuntas. Cung leungeun Jay ngacung, nyetop angkot. Clog manehna naek. Diuk gigireun lalaki tengah tuwuh nu keur nundutan. Leungeunna ngeukeuweuk koran wedalan opat poe ka tukang. Seorang Pasien Kabur dari RS. Kitu ceuk HL eta koran. Hurup-hurupna ngajareblag, kelirna nu beureum getih matak peurih kana panon. Mangsa angkot mengkol ka kidulkeun, hate Jay ngalenyap. Manehna karak inget: Pesakna euweuh eusian saketip-ketip acan. Kumaha rek mayar angkot? Mayar ku rangsel? Atawa sasadu bae ka supirna? Angkot mumprung ka kidulkeun. MGT
Re: [Urang Sunda] Fw: [kisunda] Borobudur mau dibongkar
heuheu nambahan ah (padahal uing-uing keneh) ngeunaan borobudur rek dikaluarkuen tina tujuh kaajaiban dunya komo eta mah bohong. ngeunaan asupna borobudur ka nu tujuh ge masih dipahibutkeun. aya sumber nu nyebutkeun yen borobudur mah teu kaasupkeun. cenah nu nyebutkeun borobudur asup ngan (lolobana) urang indonesia. salah sahiji contona nyaeta wikipedia. cek en.wikipediahttp://en.wikipedia.org/wiki/Seven_Wonders_of_the_Worldteu nyabit-nyabit borobudur. sedeng dina id.wikipedia http://id.wikipedia.org/wiki/Tujuh_Keajaiban_Dunia, borobudur asup ka kandidat 7 kajaiban nu teu asup kana daptar nu tujuhna. heuheu, gendudh On 12/21/06, Agus Wirabudiman [EMAIL PROTECTED] wrote: Borobudur Tak Lagi Masuk 7 Keajaiban Dunia?Borobudur, CyberNews. Bupati Magelang Ir H Singgih On 12/21/06, Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote: keur para pangangguran saindonesia mah pasti apal ka ngaran nu pangkawentarna dihandap ieu... heuheuheu. bieu dicek ka mang gugle ngeunaan warta ieu. nu rada ngaharib-harib bijilna ti: www.indonesia.faithfreedom.org. tina koran-koran umum (web-na) teu manggih. mun bener ge meureun ieu teh beja handapeun taneuh. ti jero guha... heuheuheu... dh On 12/21/06, Agus Wirabudiman [EMAIL PROTECTED] wrote: Ny. Muslim binti Muskitawati. -- ::daluanggebisatinabincurang::
Re: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran
ehmm...euy!!! tapi jadi bingung oge, asana tadi mah si Jay rek dibawa ka dokter anu di pengkolan naha bet jadi di bawa ka rumah sakit... oh...jadi robah pikiran meureun panumpang jeung supir tehhehehe... Jayjay, beu melaan kabur ti rumah sakit sagal atuh bakating ku hayang ngenet jeung noong lembur babakanhahahaha. kkbm'69 -tukang macaan carita si Jay... On 12/21/06, rosma_ilyas [EMAIL PROTECTED] wrote: Sanggeus patingkoceak, panumpang di jero angkot pahibut narulungan. Si Jay nyengir jero hate…katipu siah ku aing…hahaha… Rek dikumahakeun atuh ieu jalema teh? Di ka rumah sakitkeun? Ceuk hiji ibu-ibu nanya ka panumpang sejenna. Nya, bener mending di ka rumah sakitkeun bisi kumaonam… ceuk hiji aki-aki. Aduh…kumaha yeuh…kalahka di ka rumah sakitkeun!Kanyahoan atuh kuring…!!! ceuk si Jay hanjakaleun, tapi dalah dikumaha da geus kapalang api-api kapiuhan… Kumaha pami ka Borromeus we, meh rada caket ti dieu ceuk supir angkot nawaran. Sok atuh Mang, geuwat bisi kaburu parna geringna! ceuk ibu-ibu nu tadi. ro2 nungiringngaramekeun --- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, Ambu Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote:
Re: Balasan: RE: [Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag
sanes bade aral neuteuli forever, tapi mung ukur nembongkeun ka cinta kasarakan ciamis yeuh... kantor PDAM* Kab. Ciamis ayeuna, meunang saha desaina? kenging si kuring jeung balad2. caritana mah si beng2 sobat, boga kawawuhan pagawe PDAM Ciamis. menta gambar cenah. nya ulin ka ciamis. diendongkeun ku pdam ciamis di hotel kuloneun masjid. pendak jeung pa Utin dirut PDAM harita. ngobrol. terus ka lokasi nu harita masih rice field. ah baheula pisan, 1992-1993 kitu. jaman sakola keneh di desain institut tukang bajigour tea. beres dijieun, gambar dikirim. pleng les teu aya beja. apal kantor PDAM kab. Ciamis diwangun teh basa nganjang ka banjar. beus liwat kompleks perkantoran pemda ciamis-wetaneun terminal anyar tea. disidik-sidik, asa wawuh eta rupa wangunan. ditingali merekna, enya we PDAM. dibayar? henteu. tapi mangga we rido ihlas keur kamajuan lembur sorangan. ongkoh da spp sakolana ge harita murah meriah. 60 rebu sasemester. hehe. dasar carita kadang2 muter, nu jadi Dirut PDAM kab. ciamis ayeuna teh, Ir Triani Puspa Dewi, lanceuk beuteung (teuing kunaha, beuteung boga lanceuk sagala?). lanceukna indungna budak. sakolana ti teknik lingkungan ITB (1981 asana mah). saacan ka ciamis, jadi dirum PDAM kab. Bandung. ayeuna dirut PDAM kab. Bandung dibui, da korupsi keur manehna jadi dirut PDAM Indramayu. proses jadi calon dirutna liwat presentasi, fit and proper test sagala. opatan calona. geus kapilih ku bupati (kolonel pangsiun) Engkon Komara, teu langsung diangkat, padahal PDAM ciamis keur teu boga dirut da dirut kamari mundur, nyerah sigana da lain widangna. DPRD nu dipupuhuan ku juragan Jeje Wiradinata, lanceuk kelas di SMAN I ciamis, tapi teu wawuh, da manehna lulus 1984, kuring asup 1983-dipersulit. make aya aturan cenah kudu urang ciamis. hehe. sihoreng aturan eta teh geus teu berlaku. si teteh kudu presentasi di payuneun anggota DPRD ciamis. kungsi boga gagasan nyieun museum Galuh pikeun ngeuyeuban gedong budaya di kota Ciamis tapi lieur ah ari kudu kaditu kadieu ngurusna mah. da ongkoh gaduh panyawat resep gawe sorangan siga heulang. nu jelas loba koruptor soteh jaman ayeuna. maranehna, wakil bupati, wakil walikota banjar nu papada dibui ayeuna, make sistem orde baru, nu siga lain korupsi, da alamna kitu harita mah. mj murid belegug SMAN I ciamis 1983-1986 PDAM teh pausahan tukang nyeuseuh cai. haha.
[Urang Sunda] Huruf U Pupuhu nu nurustunjung udud turunan gunungcupu
Pupuhu nu nurustunjung udud turunan gunungcupu Ka Mang Jamal asal Jawa Barat basa mangsa bada Asar, Awan maca karangan Mang Jamal panghandapna aya bacaan Pupuhu nu nurustunjung udud turunan gunungcupu, hanjakal aya aksara A. Karangan mang bakal karasa aya huruf u 'u'pama karanganana rada panjang, kawas 'kieu': (punten ah ka Mang Jamal)... Subuh-subuh Nunung, Dudung tuturubun muru Pupuhu nu nurustunjung. Dudung muru Pupuhu nu nurustunjung ku suku tur tuut nu munuu kurut nubruk tunggul tundun gundul. Dudung.. muru kuntung surutu urud udud Pupuhu nu nurustunjung. Tos ach... mangga teraskeun...
Re: [Urang Sunda] Balesa: data-data online... (perda jsb)
Nyaan kapok Mh, moal deui-deui nyieun alamat web imaginasi heuheu. Eta, sieu ku juragan skaba-kaba. manAR On 12/21/06, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: matak oge tong kabawa sakaba-kaba, pangersa. keun sugan kapok. hahaha. On 12/21/06, oman abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote: Aeh...nuhun Kang Awan. Tetela kecap taeun teh geus ngambah dunya. Ka palawargi, sim kuring neda hapunten, nyaan nuliskeun alamat taeun teh sakainget wae, kalayan samemehna teu kungsi nyobaan heula eta alamat-alamat anu dituliskeun. Palalaur ieu jejer jadi hot forum topic deui :), sae diblokir wae. baktos, manAR On 12/20/06, awan wandut [EMAIL PROTECTED] wrote: Ngeunaan : Sakantenan info tambahan, data sareng informasi pararenting, top news katompernakeun taun 2006: 1. Nyandung : www.nyandung. online.com http://www.nyandung.online.com/ 2. Milist pagawean nu nganggur: www.milistnganggur. com http://www.milistnganggur.com/ 3. Basa Sunda rek musnah: www.basamusnahel. comhttp://www.basamusnahel.com/ 4. Unak-anik ngeunaan taeun : www.taeun.com 5. naon deui nya? : www.naondeui. com http://www.naondeui.com/ Hapunten baraya, eta mah heureuy ka anu keur nyusun seratan atawa reply ...keur ulon-ulon atawa keur ngaronjatkeun kreativitas netters milist US. baktos, manAR eta aya alamat www.taeun.com, eta alamat teh sami sareng alamat ieu http://www.lalatx.com/free atanapi http://www.duniasex.com Ka baraya US bilih situs eta bahaya mangga blokir alamat ku IP (kode protokol internet: kanggo lalatx.com kodena: 213.186.33.2 kanggi duniasex.com kodena 19.195.232.72) Kode-kode diluhur tiasa dipanggil langsung dina broser janten nu sanes moal terangeun nami situsna. Punten ah. eta mah berita basi, tapi bilih nuju lieur mah sakali2 situs eta tiasa dibuka. Salam ones __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail. yahoo.com __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
[Urang Sunda] Pamajikan Di Indonesia, Babu di Arab Saudi
Ieu warta ti Arab News. Noor Aysha Bukhari (18 taun) dikawin Arab kolot di Indonesia, terus dibawa ka Arab Saudi. Di Arab, ti beurang manehna kudu jadi babu dua pamajikan si Arab ieu jeung genep anakna, ti peuting kudu ngalayanan nafsu salakina. Noor akhirna lumpat ka KBRI menta tulung .. Pamajikan, babu .atawa 'budak belian ? Wife in Indonesia, Maid in Kingdom Maha Akeel, Arab News http://www.arabnews .com/?page=1section=0article=90216d=20m=12y=2006pix=kingdom.jpgcategory=Kingdom Wednesday, 20, December, 2006 (30, Dhul Qa`dah,1427) JEDDAH, 20 December 2006 - An 18-year-old Indonesian woman sought the help of her country's embassy in Riyadh for a divorce from her abusive husband only to find out that her marriage with the elderly Saudi was not recognized and she is in the Kingdom actually as his maid, Arab News has learned. Noor Aysha Bukhari came crying to the embassy last week after less than three months of living under the impression that she was married to F.S., who she claims abused her and forced her to serve his two other Saudi wives and his children. The lawyer retained by the embassy, Nasser Al-Dandani, confirmed the case to Arab News and said that Indonesian officials would follow up on it and provide proof that the couple got married in Indonesia. We will then go to court to persuade him to admit the marriage and consequently divorce her and compensate her, said the lawyer. The marriage would still be considered illegal in Saudi Arabia because he never registered it with the authorities and brought Bukhari into the country on a domestic servant visa. The young woman came to the embassy a few days ago complaining of her husband's mistreatment and seeking a divorce. Bukhari says that she occupied a room on the second floor of F.S.'s house where, during the day, she took care of his three children from his first marriage and served his second wife and three other children, and in the evening she played the role as the man's third wife. Saudi men often take second wives, according to social custom, creating insecurity for first wives. F.S. initially admitted to the marriage, but later denied it, according to a source close to the case who did not want to be named. He is refusing to admit the marriage unless she pays him back a loan of SR3,200 he claims to have given her family because of their poor financial situation, said the source, adding that this loan was actually the dowry the man paid to marry the woman in Indonesia. This is not an individual case although such cases are not very common, according to sources. A few months ago a local newspaper reported that an Indonesian woman came as a maid to look for her son from her Saudi ex-husband who married her in Indonesia, then divorced her and took her son. It is common for Saudi men to marry Indonesian women temporarily through misyar (no obligation) marriages and divorce them after paying a relatively small sum, which to the poor women and their families makes a big difference. Al-Watan newspaper recently wrote that 89 percent of Saudi households have at least one maid. The total number of domestic workers is well over 1 million, including Bangladeshis, Indians, Filipinos, Ethiopians, Indonesians, Nepalese and Sri Lankans
Re: [Urang Sunda] laporan tungtung taun yayasan perceka
ari ceuk BPK mah laporan diterima tanpa catatan heuheuheu kalobaan maca koran bisnis kituw. rada reueus hate kana kecap Hayu urang teraskeun program nu urang bisa, taun payun. hayu atuh ka para dulur2 anu gaduh ide naon deui tah taun payun. ngan hanjakal euy abdi jauh teuing ka tatar sunda sanajan kari diuk sajam geus neupi ka lembur inget kecap si kabayan urang sunda tapi urang sunda lain si kabayan ngan ieu yeuh anu nomor tiluna kumaha tah. by - Original Message - From: mj To: urangsunda Sent: Thursday, December 21, 2006 4:20 PM Subject: [Urang Sunda] laporan tungtung taun yayasan perceka tadi tos dikintun kana email pangulinan, tapi teu dugi2 nya. bilih bisi macet di jalan, dikintun deui kana gmail. Yayasan Perceka Laporan Tungtung Taun Baraya saalam dunya, neda waktos kanggo ngalaporkeun uget Yayasan Perceka dina taun 2006. uget yp sapertos nu parantos kauninga, kunu paduli utamana, nyaeta: 1. Nu kaetang rada mayeng teh Program Pabukon Simpay Katresna, dugi ka danget ieu, tos aya 31 tempat. Data tiasa di toong di yp.urang-sunda.or.id/psk.htm atanapi di yahoogroups.com/group/urangsunda, file 2. Dana sesa tujuh jutaan. file pabukon sareng kencleng desember ditangkodkeun. 3. Program KRS, kampanyeu reueus sunda (basa gaya pikeun nyieun kaos che voth jeung Haling Ku Aing tea, tos mayeng oge. mudah2an aya urang kusnet utamana nu di bdg-da bdg pabrik kaos- nu tiasa neraskeun program ieu margi si andiw sigana semester payun bade tugas akhir. 4. program beasiswa simpay katresna samentawis teu acan diteraskeun. 5. program ngaleler pangajen kanggo inohong kasundaan, kersana apih Siddik sareng Ua Sasmita oge nu sanesna alhamdulillah tiasa kalaksana taun ieu. tiasa masihan pangajen ka opat urang kuncen sareng inohong kasenian langka. 6. boh bilih cara si kuring ngurus atawa ngahiap kirang katampi kana manah saderek sadaya, neda pangapunten ka sadaya. si kuring da ngan seksi ingkig, janten nyuhunekun rido galih bade nganuhunkeun ka para wargi: Ua Sasmita-Bandung Apih Sidik - KBRI Seoul Korkid Ua Djatnika S. Puradinata - Jakarta Kang Dhany Drajat - Riau Kang Hary Bowie Wibowo - BI Jakarta Kang Mamat Rachmat- Telkom Japati Bandung Teh Ika Mardiah - Bappeda Jabar, Bandung Kang Dede Mardiana-Lemlit Unpad Bandung Teh Roro Rohmah-Sidola Bandung Kang Oman Abdurrachman –Geologi Bandung Irpan Rispandi –Jakarta Garut Runa Irawan-Bogor Tasik Kang Soni Rosyan-telkom Bandung Ciamis Kangguru Deny Suwarja - Cibatu Garut Teh Lies Parish, Essex Inggris Teh Netty, Texas Amrik Rezza Krisdian-Jakarta Tasik Kang Budyana Yogaswara –Balikpapan Kang Suteja Amijaya –Cikarang Bekasi Kang Buyung tukang kapal di Batam Kang Ahmad Toha, duka dimana, Jakarta nya. kum sadayana, punten nu teu kaabsen ulah pundunk nu parantos kersa ngiring dina program ieu, boh ku cara ngintun kencleng rutin, kakapeungan (temporer) boh nu nyumbang tanaga, milari tempat sareng nganteurkeun buku, oge nu sambung du'ana. Hayu urang teraskeun program nu urang bisa, taun payun. Sakitu nu kapihatur Pupuhu nu nurustunjung udud turunan gunungcupu -- geocities.com/mangjamal __ NOD32 1932 (20061220) Information __ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset.com
Re: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran
eungke heula teh roro, leungeun na jiga si cepot tea tulak pinggang hiji, hiji deui tutunjuk. ceunah mimiti ibu-ibuna aya hiji naha dihandap ditulis deui ibu-ibu, berarti loba atuh ibu-ibu na by 2+2=10 kumaha aing we naha silaing anu lieur - Original Message - From: rosma_ilyas To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Thursday, December 21, 2006 4:32 PM Subject: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran Sanggeus patingkoceak, panumpang di jero angkot pahibut narulungan. Si Jay nyengir jero hate.katipu siah ku aing.hahaha. Rek dikumahakeun atuh ieu jalema teh? Di ka rumah sakitkeun? Ceuk hiji ibu-ibu nanya ka panumpang sejenna. Nya, bener mending di ka rumah sakitkeun bisi kumaonam. ceuk hiji aki-aki. Aduh.kumaha yeuh.kalahka di ka rumah sakitkeun!Kanyahoan atuh kuring.!!! ceuk si Jay hanjakaleun, tapi dalah dikumaha da geus kapalang api-api kapiuhan. Kumaha pami ka Borromeus we, meh rada caket ti dieu ceuk supir angkot nawaran. Sok atuh Mang, geuwat bisi kaburu parna geringna! ceuk ibu-ibu nu tadi. Tungtungna si Jay dibawa ka rumah sakit ka RS Borromeus, dipindahkeun kana blangkar, didorong-dorong siga es lilin. (eh, etamah lagu nya?!) nepi ka ruang UGD, dipariksa ku dokter, dititah sare heula. Kiclik-kiclik aya perawat nyampeurkeun ka dokter,Dok, punten abdi asa apal ka pasien ieu.asanamah pasien ieu teh nu kabur tea, teu tiasa mayar!...lebet kana koran dinten ayeuna da. Sihoreng baraya, Jay teh keur dirawat geus 2 minggu, bakat kuhayang nginternet ngekeak baraya Kusnet, kapaksa manehna kabur ti rumah sakit. ro2 nungiringngaramekeun --- In urangsunda@yahoogroups.com, Ambu Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote: Leng, Jay ngahuleng sakeudeung. Rek mayar ku naon atuh aing?, gerentesna. Jay leuleus, awak ngadegdeg keur mah can dahar, katambah kumaha nya pimayareun ka ki supir. Aing aya akal, ceuk gerentes hate Jay. Kudupruk awak Jay ngudupruk api-api kapiuhan. Jelema-jelema na angkot patingkoceak komo ibu-ibu nu katindihan ku awak Jay reuwaseun. ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Reksa Gantra reksagantra@ wrote: Hawa Bandung nu matak bayeungyang ngarawu Jay nu kakarak kaluar ti warnet. Jalan metet patukang tonggong jeung beuteungna nu can dieusi nananaon ti minggu itu. Sora klakson mancawura kana ceulina. Barangmaen nu nemprakkeun leungeunna, ku manehna didilakan -- matana meh buncelik. Dititah ingkah. Jay noyod ka peuntas. Cung leungeun Jay ngacung, nyetop angkot. Clog manehna naek. Diuk gigireun lalaki tengah tuwuh nu keur nundutan. Leungeunna ngeukeuweuk koran wedalan opat poe ka tukang. Seorang Pasien Kabur dari RS. Kitu ceuk HL eta koran. Hurup-hurupna ngajareblag, kelirna nu beureum getih matak peurih kana panon. Mangsa angkot mengkol ka kidulkeun, hate Jay ngalenyap. Manehna karak inget: Pesakna euweuh eusian saketip-ketip acan. Kumaha rek mayar angkot? Mayar ku rangsel? Atawa sasadu bae ka supirna? Angkot mumprung ka kidulkeun. MGT __ NOD32 1932 (20061220) Information __ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset.com
Re: [Urang Sunda] Daramang para pangangguran
80 Posting sa poe mah atuh sa kedik Teh..., ngaosna tong sakata-sakata tapi di raba ciga nu lolong ngangge perasaan, jadi sakali ngaraba 1 posting, so nyeepkeun waktos 5 detik, janten mun aya 80 kali posting ngan butuh waktos 6,667 menit, sakedap kan...???, mun teamah si Ruhut dua jam ngocoblak kenging $400/Jam (Rp???) urang sunda lebih sakten dina 6,667 menit tiasa ngaos 80 informasi, nu teu jelas naon nu obrolkeunna jeung saha ngobrolna...nu jelas warga bakus kalahkah nambihan ehm...ehm...ehm bari dibaturan ku si eneng, komo mun 2 jam mah malah lebih amoy... ngaos = ngaraosan nu di gigir nganggur = ngaraosan bajigur
Re: Balasan: RE: [Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag
Har, geuning seueur urang Ciamis di milis urangsunda. Abdi urang Rancah, tempat lahir pangarang Sunda anu kakoncara almarhum Bapak Ahmad Bakri. Abdi oge hoyong jadi pangarang sohor. Tapi teu leukeun gampang putus asa. Sakali-kali mah masih nulis artikel. Sapertos warga Ciamis sanesna Abdi oge hayang ngabangun lemah cai teh. Malah hayang boga studio kreatif di kampung pikeun nampung aktifitas warga muda khususnya di Rancah. Tapi karek ngimpi jigana. Salam Yayat R Cipasang http://yayat-cipasang.blogspot.com Narayana Adipranata [EMAIL PROTECTED] wrote: Nepangkeun ah sim kuring oge ti Ciamisw. enya pisan eta teh teu dimana teu dimana, ngan sok inget wae ka Ciamis. mani betah mun geus di ciamis teh.mun teu inget kana kawajiban kudu gawe mah asana teh teu hayang balik deui ka lembur batur... --- wawan darmawan [EMAIL PROTECTED] wrote: UPAMI HOYONG NGAROJONG KANA PANGWANGUNAN HAYU URANG KEPUNG ETA BEURIT BEURIT... NA. NU GEUS BARUTIKEUK...! TRIMS Yuliadi [EMAIL PROTECTED] menulis: asyik euy simkuring oge ti ciamis heuheu -Original Message- From: dide sunda [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, November 17, 2006 8:28 AM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag Mang jamal, kang budhi, teh evi, tur baraya sadaya! Haha, geuning euyeub oge nya urang Ciamis teh (Moal kitu engke mah ngadamel millis urang-ciamis mah? hehe). Kuring padumukan mah di Cimari Cikoneng mung getih mah ti Panumbangan. Kumargi kuring nyaah ka lemah cai (atawa teu betah di lembur batur? duka tah) nya ayeuna ge teu dimana teu dimana, alias tetep betah di ciamis. Kitu tah! Cikan urang gebrag atuh Ciamis teh ku urang-urang. Salami nyunyuhun hulu, pangwangunan ciamis teh asa cicing wae. Kumaha carana nya? - Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. __ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com __ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
Re: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran
Ayeuna si Jay Keur bingung di lemburna, sabab rek balik deui ka dayeuh teu boga jang ongkosna ari rek ngajual deui domba,meri,hayam jeung naon wae nu bisa dijual geus euweuh ledisnutungtungna mah si Jay huleng jentul dilembur ngurulingan lembur sugan jeung sugan manggih barang nu bisa dijual jang ongkos ka dayeuh. ngan lebeng geus 3 poe can beubeunangan. Karunya teuing atuh Jay maneh teh.!!! Cag Ach Aing lain babaturan si Jay.. Ambu Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote: Leng, Jay ngahuleng sakeudeung. Rek mayar ku naon atuh aing?, gerentesna. Jay leuleus, awak ngadegdeg keur mah can dahar, katambah kumaha nya pimayareun ka ki supir. Aing aya akal, ceuk gerentes hate Jay. Kudupruk awak Jay ngudupruk api-api kapiuhan. Jelema-jelema na angkot patingkoceak komo ibu-ibu nu katindihan ku awak Jay reuwaseun. ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Reksa Gantra [EMAIL PROTECTED] wrote: Hawa Bandung nu matak bayeungyang ngarawu Jay nu kakarak kaluar ti warnet. Jalan metet patukang tonggong jeung beuteungna nu can dieusi nananaon ti minggu itu. Sora klakson mancawura kana ceulina. Barangmaen nu nemprakkeun leungeunna, ku manehna didilakan -- matana meh buncelik. Dititah ingkah. Jay noyod ka peuntas. Cung leungeun Jay ngacung, nyetop angkot. Clog manehna naek. Diuk gigireun lalaki tengah tuwuh nu keur nundutan. Leungeunna ngeukeuweuk koran wedalan opat poe ka tukang. Seorang Pasien Kabur dari RS. Kitu ceuk HL eta koran. Hurup-hurupna ngajareblag, kelirna nu beureum getih matak peurih kana panon. Mangsa angkot mengkol ka kidulkeun, hate Jay ngalenyap. Manehna karak inget: Pesakna euweuh eusian saketip-ketip acan. Kumaha rek mayar angkot? Mayar ku rangsel? Atawa sasadu bae ka supirna? Angkot mumprung ka kidulkeun. MGT __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
Re: [Urang Sunda] Daramang para pangangguran
naha atuh nya ari ngarasa milis euweuh guna mah beut asup?? On 12/21/06, wildanthk [EMAIL PROTECTED] wrote: 80 Posting sa poe mah atuh sa kedik Teh..., ngaosna tong sakata-sakata tapi di raba ciga nu lolong ngangge perasaan, jadi sakali ngaraba 1 posting, so nyeepkeun waktos 5 detik, janten mun aya 80 kali posting ngan butuh waktos 6,667 menit, sakedap kan...???, mun teamah si Ruhut dua jam ngocoblak kenging $400/Jam (Rp???) urang sunda lebih sakten dina 6,667 menit tiasa ngaos 80 informasi, nu teu jelas naon nu obrolkeunna jeung saha ngobrolna...nu jelas warga bakus kalahkah nambihan ehm...ehm...ehm bari dibaturan ku si eneng, komo mun 2 jam mah malah lebih amoy... ngaos = ngaraosan nu di gigir nganggur = ngaraosan bajigur
[Urang Sunda] Mang Agum tersingkir tina Cagub
Ningali berita Detik.com dinten ieu, Fauzi Bowo janten cagub dki, Mang Agum tersingkir, kumaha ? __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
Re: [Urang Sunda] Daramang para pangangguran
Geus . heup heup pangangguran teuing atuh bet dilayanan lieueueue lah euweuh bonus ahir taun deuih yeuh On 12/22/06, nandar trinanda [EMAIL PROTECTED] wrote: naha atuh nya ari ngarasa milis euweuh guna mah beut asup?? On 12/21/06, wildanthk [EMAIL PROTECTED] wrote: 80 Posting sa poe mah atuh sa kedik Teh..., ngaosna tong sakata-sakata tapi di raba ciga nu lolong ngangge perasaan, jadi sakali ngaraba 1 posting, so nyeepkeun waktos 5 detik, janten mun aya 80 kali posting ngan butuh waktos 6,667 menit, sakedap kan...???, mun teamah si Ruhut dua jam ngocoblak kenging $400/Jam (Rp???) urang sunda lebih sakten dina 6,667 menit tiasa ngaos 80 informasi, nu teu jelas naon nu obrolkeunna jeung saha ngobrolna...nu jelas warga bakus kalahkah nambihan ehm...ehm...ehm bari dibaturan ku si eneng, komo mun 2 jam mah malah lebih amoy... ngaos = ngaraosan nu di gigir nganggur = ngaraosan bajigur -- -firman raharja-
[Urang Sunda] Sepi
Hmmm sepi kieu geuning lembur teh. Ngaduruk imah wae kitu ? sugan we haneuteun ... -dul-
[Urang Sunda] Re: (sajak) indung kuring di lembur
Unggal dinten sateuacan mios ka kantor sok nga-sun heula pun biang. Pami he love teh, anjeuna sok nagih,Aya nu poho nya? Naha teu nyium...? Tara tisasari tadi enjing dugi ka dua kali nga-sun anjeuna dipipina nu kemong... Dipapay deui rarayna nu tos karinyed... Tarangna nu tos ngariut... Pananganna nu tos ngadegdeg... Gerentes dina manah... Mah... Basa keur leutik... kuring ngaripuhkeun ku tanaga Mangsa sakola... kuring ngaripuhkeun ku biaya Ayeuna geus dewasa... masih keneh ngariweuhkeun ku pikiran... Mah... Hampura kuring can bisa mulang tarima... Baraya, Wilujeng Poe Indung. ro2 canjadiindung --- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: mih, minggu hareup kuring mulang mawa incu jeung minantu anjeun deudeuh.. indung kuring di lembur geus lila nahan kaera hayang ngagoler dina lahunan anjeun bari sirah diusapan siga harita deudeuh indung kuring di lembur neda pangampura si cikal nu bedegong tea - wilujeng poe indung, 22 desember 2006 -- geocities.com/mangjamal
Re: [Urang Sunda] Sepi
ehmmm maling...malingbangsat...bangsat.!!! alaah..itu saha nya aya jalma diudag-udag ku sakampung??? naha siga si Jay...geuning nu keur lumpat teh, naha ku naon make di udag ku jalma salembur??? beu (boa-boa gara-gara teu boga ongkos keur ka kota kitu) hehehe kkbm'69 -wilujeng enjing juragantlan baraya sadaya...!!! On 12/22/06, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: Hmmm sepi kieu geuning lembur teh. Ngaduruk imah wae kitu ? sugan we haneuteun ... -dul-
[Urang Sunda] ANAKNA URANG SUNDA TEH RAJA
Kolot sunda teh sok nyauran anakna kieu : Anaking isuk pageto, anjeun kudu., tah dumasar kana kalimah eta meureun kuduna anak-anak urang sunda teh raja meureun ? __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
Re: [Urang Sunda] Sepi
Ulah ngaduruk mah atuh, bilih kumaha onam, tah upami Kang Ndoel nyalonkeun janten Cagub DKI, kumaha ?, naha didukung ku Kusnet ?, abdi pribados mah ngadukung PISAN... --- ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: Hmmm sepi kieu geuning lembur teh. Ngaduruk imah wae kitu ? sugan we haneuteun ... -dul- __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
[Urang Sunda] Hati2 Virus di Yahoo Messanger
Hati2 Virus di Yahoo Messanger malaikatbiru2: Mohon perhatian!!! Seseorang dengan ID Yahoo = ver_bbn06 hendak menambahkan Anda di YM (Yahoo Messanger). JANGAN DITERIMA, itu adalah virus yg paling power. Beritahu semua orang yang ada dalam list YM Anda, sebab jika mereka menambahkan maka anda juga akan mendapat virus tsb. Beritahu semua orang dalam list YM Anda untuk tidak membuka kiriman apapun dari pempek_timun, avangelint_saint, squadra_boyz, ray_silverlight21... ID Yahoo itu merupakan virus yang menyerang langsung ke hardisk. Sampaikan pesan ini ke setiap orang dalam list YM Anda. Silakan klik kanan pada daftar group name dan klik Send Message to All... Mohon perhatian!!! Seseorang dengan ID Yahoo = ver_bbn06 hendak menambahkan Anda di YM (Yahoo Messanger). JANGAN DITERIMA, itu adalah virus yg paling power. Beritahu semua orang ya
Re: [Urang Sunda] Re: (sajak) indung kuring di lembur
Ehmm. sok sanajan ema lain indung nu ngalahirkeun kuring sok sanajan ema teh ukur baraya nu jadi kolot tapi jasa ema teu kaitung ku harta nu geus miara jeung ngatik tur ngadidik kuring. Kuring moal kana jasa ema... kuring moal poho ka mamah anu geus ngalahirkeun kuring ema jeung mamah sarua indung kuring anu kudu dipunjung jeung didama-dama... Ema.., mamah hampura kuring rumasa masih keneh sok nyusahkeun rumasa can bisa mulang tarima kana naon jasa ema jeung mamah salila ieu.. Kuring ukur bisa ngado'a ka pangeran... mugia ema jeung mamah salawasna aya dina panangtayungan manteNa mugia ema jeung mamah dipaparin kasehatan, sareng kakiatan salamina dina ngambah hirup nu ukur aya dina itungan waktu.. Sakalai deui ema..., mamah... hampura kuring kkbm'69 -nu can bisa mulang tarima ka ema jeung mamah
Re: [Urang Sunda] ANAKNA URANG SUNDA TEH RAJA
lain kang maksud king didinya mah singetan tina KINGKONG On 12/22/06, Gunawan Yusuf Miarsadireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Kolot sunda teh sok nyauran anakna kieu : Anaking isuk pageto, anjeun kudu., tah dumasar kana kalimah eta meureun kuduna anak-anak urang sunda teh raja meureun ? __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com -- -firman raharja-
Re: [Urang Sunda] Mang Agum tersingkir tina Cagub
karunya nya?! On 12/22/06, Gunawan Yusuf [EMAIL PROTECTED] wrote: Ningali berita Detik.com dinten ieu, Fauzi Bowo janten cagub dki, Mang Agum tersingkir, kumaha ? __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com -- -firman raharja-
Re: [Urang Sunda] Sepi
Kang Gun, pami janten CAGUB teh pasti sibuk atuh nya ? moal tiasa mosting, komo ceting mah... heu heu ... -dul- --- In urangsunda@yahoogroups.com, Gunawan Yusuf Miarsadireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Ulah ngaduruk mah atuh, bilih kumaha onam, tah upami Kang Ndoel nyalonkeun janten Cagub DKI, kumaha ?, naha didukung ku Kusnet ?, abdi pribados mah ngadukung PISAN... --- ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: Hmmm sepi kieu geuning lembur teh. Ngaduruk imah wae kitu ? sugan we haneuteun ... -dul- __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
Re: [Urang Sunda] ANAKNA URANG SUNDA TEH RAJA
hartosna kang ndoell atuh ari kitu mah, ari king teh raja ari kong teh korong Janten raja korong ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Firman Rahardja [EMAIL PROTECTED] wrote: lain kang maksud king didinya mah singetan tina KINGKONG On 12/22/06, Gunawan Yusuf Miarsadireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Kolot sunda teh sok nyauran anakna kieu : Anaking isuk pageto, anjeun kudu., tah dumasar kana kalimah eta meureun kuduna anak-anak urang sunda teh raja meureun ?
Re: [Urang Sunda] HBH Keluarga Jabar
Sami, Kang. Mung sanes kangge urang Garut wungkul. Kum kangge urang Sunda. Asgar mah mung janten panitia wungkul, janten EO. (Kade sanes AO!). Pan, tiap taun sok bagilir. MGT Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote: ieu teh cami jeung nu ti kang tantan kitu? cenah: From: tantan hermansah [EMAIL PROTECTED] Date: Dec 16, 2006 6:53 AM Subject: Re: [Urang Sunda] SEGI Garut To: urangsunda@yahoogroups.com Ka Urang KUSNET asal Garut anu aya di Jakarta tur sabudereuna. Hayu urang hadir dina acara silaturahmi warga garut di Hotel Bidakara, tanggal 24 jam sapuluh. Si kuring meunang undangana make SMS. Saha wae anu bakal hadir? Sigana Kang Burhanudin Abdullah--soalna Bidakara pan gaduh Yayasan BI. Tah, mun anjeuna anu make, sok haratis. Aya Kang Rahmat Husen Aya Kang Rauf Purnama Aya seueur lah. Pabalatak. Mangga diantos Tantan On 12/20/06, mamangantra2000 [EMAIL PROTECTED] wrote:--- In urangsunda@yahoogroups.com, Agus K \PAKUSARAKAN\ [EMAIL PROTECTED] wrote: lokasina dimana kang? aya teu warta lengkepna... insya alloh upami aya waktos mah sumping ngange bandera KUSNET lah On 12/20/06, Reksa Gantra [EMAIL PROTECTED] wrote: Di Hotel Bidakara, Kang. Pancoran, payuneun MBAU. Jamna hilap deui, Kang. Manawi nu sanes aya nu terang. Nembe naroskeun ka sabaraha urang, teu (acan) ngawalaler. MGT ._,___ -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.lembur deudeuh.: http://banjarasih.blogsome.com __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
[Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran
Eh punten Uda Buyuang, maksad ibu-ibu di dieu teh istri nu tos janten ibu (tunggal tapi jamak, lieur pan? heheh...). Maklum kamari teh tos sonten ...teu salse ngacapruxna.. Kang Boim ge bingungeun, dina dongeng Kang Maman nembe dicandak ka dokter, ari na dongeng abdi tos ka RS. Janten Papalingpang...heheh. ro2 --- In urangsunda@yahoogroups.com, Buyung [EMAIL PROTECTED] wrote: eungke heula teh roro, leungeun na jiga si cepot tea tulak pinggang hiji, hiji deui tutunjuk. ceunah mimiti ibu-ibuna aya hiji naha dihandap ditulis deui ibu-ibu, berarti loba atuh ibu-ibu na by 2+2=10 kumaha aing we naha silaing anu lieur
Re: [Urang Sunda] HBH Keluarga Jabar
kuring si Jay jawara erek ngiluan. meunang hanteu ? pan asgar oge ha...ha...ha...lamun hanteu awas nya by keur tunduh euy... - Original Message - From: Reksa Gantra To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Friday, December 22, 2006 10:24 AM Subject: Re: [Urang Sunda] HBH Keluarga Jabar Sami, Kang. Mung sanes kangge urang Garut wungkul. Kum kangge urang Sunda. Asgar mah mung janten panitia wungkul, janten EO. (Kade sanes AO!). Pan, tiap taun sok bagilir. MGT Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote: ieu teh cami jeung nu ti kang tantan kitu? cenah: From: tantan hermansah [EMAIL PROTECTED] Date: Dec 16, 2006 6:53 AM Subject: Re: [Urang Sunda] SEGI Garut To: urangsunda@yahoogroups.com ._,___ -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.lembur deudeuh.: http://banjarasih.blogsome.com __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com __ NOD32 1934 (20061221) Information __ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset.com
[Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran
nya atos atuh tong diemutan.. bilih teu damang... heu heu -dul- --- In urangsunda@yahoogroups.com, rosma_ilyas [EMAIL PROTECTED] wrote: Eh punten Uda Buyuang, maksad ibu-ibu di dieu teh istri nu tos janten ibu (tunggal tapi jamak, lieur pan? heheh...). Maklum kamari teh tos sonten ...teu salse ngacapruxna.. Kang Boim ge bingungeun, dina dongeng Kang Maman nembe dicandak ka dokter, ari na dongeng abdi tos ka RS. Janten Papalingpang...heheh. ro2 --- In urangsunda@yahoogroups.com, Buyung buyung@ wrote: eungke heula teh roro, leungeun na jiga si cepot tea tulak pinggang hiji, hiji deui tutunjuk. ceunah mimiti ibu-ibuna aya hiji naha dihandap ditulis deui ibu- ibu, berarti loba atuh ibu-ibu na by 2+2=10 kumaha aing we naha silaing anu lieur
[Urang Sunda] Maman Gantra has invited you to join Friendster
You have been invited to join Maman Gantra's network of friends on Friendster. By joining Friendster, you can reconnect with old friends, meet new friends, start a blog, customize your profile with audio/video, keep track of birthdays, and so much more! You can even stay in touch if you move away, switch email addresses, or lose your cell phone. Join Friendster: http://www.friendster.com/join.php?invite=7822471571851 Learn more: http://www.friendster.com/info/tour/1_0.htm -- FRIENDSTER GROUPS Get involved: http://www.friendster.com/info/tour/5_0.htm DAILY HOROSCOPES Check friends' moods: http://horoscopes.friendster.com/ BLOGS AND PHOTOS Share your genius: http://www.friendster.com/info/tour/3_0.htm -- Already a member of Friendster? Click here to prevent future reminders of this invitation: http://www.friendster.com/alreadymember.php?invite=7822471571851 Prefer not to receive invitations from Friendster members? Block future invitations: http://www.friendster.com/blockinvites.php?invite=7822471571851 *Friendster Groups is not available in all countries. Yet! --
Re: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran
leres. tos tong diemutan, bilih teu damang. der kedah ka dokter atanapi rs. boromeus. heu heu. /* nyimak terasanna */ On 12/22/06, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: nya atos atuh tong diemutan.. bilih teu damang... heu heu
Re: Balasan: RE: [Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag
Abdi ti Kawali, anu aya astana gede tea. Pasna mah ti Desa Lumbung, Kacamatan Lumbung (kapungkur kalebet kacamatan Kawali), Kabupaten Ciamis, 5 km ti ibukota Kawali. Muhun tah, seratan-seratan Bp Ahmad Bakri alm abdi resep pisan. Abdi oge sapuk, nami Ciamis kedah digentos ku nami Galuh. Teu aya historisna nami Ciamis mah, kajaba sajarah bangsa urang ditandasa ku pangjajah, tug nepi ka anu keur rodi ngabebenah kota manggihan cai herang anu amis diabadikeun jadi ngaran eta wewengkon pamarentahan. Ka baraya ti wewengkon sanes, hapunten, abdi mairanieu jejer teu aya maksad ka-superlokalan. Teu aya sanes, tawis nineung wae ka lemah cai geusan ngajadi, sarakan banjar karang pamidangan. Mugia malati lingsir ku wanci, campaka ligar na mangsa, Urang Sunda kum sadayana ti sakuliah wewengkon Tatar Sunda pacangkreud pageuh, ngahiji sapapait samamanis, kagirang jadi sungapan, kahilir ngajadi leuwi pikeun salawasna nyorang tatapa brata pakena gawe rahayu pakeun heubeul jaya di bhuana. Rampes. baktos, manAR On 12/22/06, yayat cipasang [EMAIL PROTECTED] wrote: Har, geuning seueur urang Ciamis di milis urangsunda. Abdi urang Rancah, tempat lahir pangarang Sunda anu kakoncara almarhum Bapak Ahmad Bakri. Abdi oge hoyong jadi pangarang sohor. Tapi teu leukeun gampang putus asa. Sakali-kali mah masih nulis artikel. Sapertos warga Ciamis sanesna Abdi oge hayang ngabangun lemah cai teh. Malah hayang boga studio kreatif di kampung pikeun nampung aktifitas warga muda khususnya di Rancah. Tapi karek ngimpi jigana. Salam Yayat R Cipasang http://yayat-cipasang.blogspot.com *Narayana Adipranata [EMAIL PROTECTED]* wrote: Nepangkeun ah sim kuring oge ti Ciamisw. enya pisan eta teh teu dimana teu dimana, ngan sok inget wae ka Ciamis. mani betah mun geus di ciamis teh.mun teu inget kana kawajiban kudu gawe mah asana teh teu hayang balik deui ka lembur batur... --- wawan darmawan [EMAIL PROTECTED] wwdarmawan%40yahoo.co.id wrote: UPAMI HOYONG NGAROJONG KANA PANGWANGUNAN HAYU URANG KEPUNG ETA BEURIT BEURIT... NA. NU GEUS BARUTIKEUK...! TRIMS Yuliadi [EMAIL PROTECTED] yuliadi%40pttitan.com menulis: asyik euy simkuring oge ti ciamis heuheu -Original Message- From: dide sunda [mailto:[EMAIL PROTECTED] didesunda%40yahoo.com] Sent: Friday, November 17, 2006 8:28 AM To: urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag Mang jamal, kang budhi, teh evi, tur baraya sadaya! Haha, geuning euyeub oge nya urang Ciamis teh (Moal kitu engke mah ngadamel millis urang-ciamis mah? hehe). Kuring padumukan mah di Cimari Cikoneng mung getih mah ti Panumbangan. Kumargi kuring nyaah ka lemah cai (atawa teu betah di lembur batur? duka tah) nya ayeuna ge teu dimana teu dimana, alias tetep betah di ciamis. Kitu tah! Cikan urang gebrag atuh Ciamis teh ku urang-urang. Salami nyunyuhun hulu, pangwangunan ciamis teh asa cicing wae. Kumaha carana nya? - Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. __ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com __ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
[Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran (Lalakon si Jay)
saleresna nu ti Kang MGT diteraskeun ku seratan ti teh roro, yen si Jay teh (Jaelani Ahmad Yani tea), ciosna dika RS Boromeuskeun, saha nu bade neraskeun lalampahan si Jay?? Mangga geura antosan... ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, RAN [EMAIL PROTECTED] wrote: leres. tos tong diemutan, bilih teu damang. der kedah ka dokter atanapi rs. boromeus. heu heu. /* nyimak terasanna */ On 12/22/06, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: nya atos atuh tong diemutan.. bilih teu damang... heu heu
[Urang Sunda] terusna Lalakon si Jay
--- In urangsunda@yahoogroups.com, rosma_ilyas [EMAIL PROTECTED] wrote: Sihoreng baraya, Jay teh keur dirawat geus 2 minggu, bakat kuhayang nginternet ngekeak baraya Kusnet, kapaksa manehna kabur ti rumah sakit Sanggeus kanyahoan suster nyarita kitu ka dokter, teu sirikna ceuli si Jay beuki rawing. Ngadedengekeun kumaha kasauran ti dokter, bari sabenerna mah geus hayang lumpat sakalumpatlampet, keur mah sieun kudu mayar urut manehna dirawat didinya. Jeung mun dina enyana manehna kudu dirawat deui di RS eta nya ti mana piwaragadeunana? keur mah eukeur duit na sakuna komo deui na loketna geus teu salambar-lambar acan. Jurungkunung Si Jay nangtung, jrut turun tina blangkar, sataker kebek langsung lumpat indit ti eta rohangan. Lumpat tuluy nyisir-nyisir jalan hasanuddin, diudag ku satpam borromeus, tapi teu kaudag da ari awak satpam badag, eleh ku si Jay lumpatna mah, keur mah eukeur si Jay awakna kuru ceking balas manggih kejona sakasampeurna. Lumpatna muru ka arah Dipati Ukur, pikiran manehna muter kumaha jalanna sangkan manehna bisa hirup di Bandung jeung bisa ngawarnet deui? Salila lumpat bari tuluy mikir, geus nepi Dipati Ukur manehna meuntas, buru-buru megat angkot Ciroyom-Cicaheum arah ka Cicaheumkeun. Reg, angkot eureun. Kalacat si Jay naek, tuluy nyanyi bari tepuk tangan, jadi nu ngamen. Sanggeus laguna beak, Jay namprakkeun leungeunna ka para penumpang angkot. Di tiap parapatan Jay turun. Megat angkot deui nu sejen, rutena mah sarua nu ka Cicaheumkeun. Kitu jeung kitu tuluy, nepi ka ahirna nepi oge ka Cicaheum. Geus tepi Cicaheum, Jay naek kana beus Mios nu ka Garutkeun. Duit dina sakuna kencring kabeh, diitung aya kana Rp. 10.000. Mahi saongkoseun ka Garut, hate Jay bungah. Na pikiran, di Garut manehna rek menta duit ka akina, ladang ngajual domba keur ngawarnet deui ngekeak warga kusnet. ~ipup~
Re: [Urang Sunda] Sepi
Ieu teh sepi gara-garanamah aya libur panjang, jadi bisa mudik heula (anu boga lembur kitu oge) ... ari kuring mah najan lembur di bandung tetp we can bisa mudik, duka iraha atuh aya si mudik teh. Salam, Budyana On 12/22/06, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang Gun, pami janten CAGUB teh pasti sibuk atuh nya ? moal tiasa mosting, komo ceting mah... heu heu ... -dul- --- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, Gunawan Yusuf Miarsadireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Ulah ngaduruk mah atuh, bilih kumaha onam, tah upami Kang Ndoel nyalonkeun janten Cagub DKI, kumaha ?, naha didukung ku Kusnet ?, abdi pribados mah ngadukung PISAN... --- ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: Hmmm sepi kieu geuning lembur teh. Ngaduruk imah wae kitu ? sugan we haneuteun ... -dul- __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
RE: [Urang Sunda] terusna Lalakon si Jay
Teh Roro, titip caritangke di saat rek 'ending' si Jay nangkodkeun poto dirina keur sare diluhureun duit monopoli. . -Original Message- From: Ambu Bagja [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, December 22, 2006 12:03 PM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] terusna Lalakon si Jay --- In [EMAIL PROTECTED] mailto:urangsunda%40yahoogroups.com ups.com, rosma_ilyas [EMAIL PROTECTED] wrote: Sihoreng baraya, Jay teh keur dirawat geus 2 minggu, bakat kuhayang nginternet ngekeak baraya Kusnet, kapaksa manehna kabur ti rumah sakit... Sanggeus kanyahoan suster nyarita kitu ka dokter, teu sirikna ceuli si Jay beuki rawing. Ngadedengekeun kumaha kasauran ti dokter, bari sabenerna mah geus hayang lumpat sakalumpatlampet, keur mah sieun kudu mayar urut manehna dirawat didinya. Jeung mun dina enyana manehna kudu dirawat deui di RS eta nya ti mana piwaragadeunana? keur mah eukeur duit na sakuna komo deui na loketna geus teu salambar-lambar acan. Jurungkunung Si Jay nangtung, jrut turun tina blangkar, sataker kebek langsung lumpat indit ti eta rohangan. Lumpat tuluy nyisir-nyisir jalan hasanuddin, diudag ku satpam borromeus, tapi teu kaudag da ari awak satpam badag, eleh ku si Jay lumpatna mah, keur mah eukeur si Jay awakna kuru ceking balas manggih kejona sakasampeurna. Lumpatna muru ka arah Dipati Ukur, pikiran manehna muter kumaha jalanna sangkan manehna bisa hirup di Bandung jeung bisa ngawarnet deui? Salila lumpat bari tuluy mikir, geus nepi Dipati Ukur manehna meuntas, buru-buru megat angkot Ciroyom-Cicaheum arah ka Cicaheumkeun. Reg, angkot eureun. Kalacat si Jay naek, tuluy nyanyi bari tepuk tangan, jadi nu ngamen. Sanggeus laguna beak, Jay namprakkeun leungeunna ka para penumpang angkot. Di tiap parapatan Jay turun. Megat angkot deui nu sejen, rutena mah sarua nu ka Cicaheumkeun. Kitu jeung kitu tuluy, nepi ka ahirna nepi oge ka Cicaheum. Geus tepi Cicaheum, Jay naek kana beus Mios nu ka Garutkeun. Duit dina sakuna kencring kabeh, diitung aya kana Rp. 10.000. Mahi saongkoseun ka Garut, hate Jay bungah. Na pikiran, di Garut manehna rek menta duit ka akina, ladang ngajual domba keur ngawarnet deui ngekeak warga kusnet. ~ipup~
[Urang Sunda] Re: terusna Lalakon si Jay
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Ambu Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote: --- In urangsunda@yahoogroups.com, rosma_ilyas Roro.Rohmah@ wrote: Geus tepi Cicaheum, Jay naek kana beus Mios nu ka Garutkeun. Duit dina sakuna kencring kabeh, diitung aya kana Rp. 10.000. Mahi saongkoseun ka Garut, hate Jay bungah. Na pikiran, di Garut manehna rek menta duit ka akina, ladang ngajual domba keur ngawarnet deui ngekeak warga kusnet. ~ipup~ Nepi ka pintu toll, beus teh eureun. Mani lila. Ngadon ngetem. Bubuhan nu numpak eta beus teh ngan opatan -- kaasup supir jeung dua kenek. Atuh, keur si Jay mah eta teh kasempetan. Jrut manehna turun. Leumpang ngadeukeutan tukang tahu jeung tukang cendol nu naragog di lebah dinya. Der Jay muka lapak: Ngadon ngamen sabisa-bisa. Modal ramo, plastik rawing urut wadah permen, jeung heot. Enya heot. Da, nyanyi baleg mah jajauheun tina bisa. Mun bisa ge, tangtuna, moal ngamen sisi jalan. Huhuhu...hhuuu...huuhuu..huuu...h..., ceuk si Jay, dina wirahma lagu SMS.
Studio Kreatif? (Re: Balasan: RE: [Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag)
--- In urangsunda@yahoogroups.com, yayat cipasang [EMAIL PROTECTED] wrote: Sapertos warga Ciamis sanesna Abdi oge hayang ngabangun lemah cai teh. Malah hayang boga studio kreatif di kampung pikeun nampung aktifitas warga muda khususnya di Rancah. Tapi karek ngimpi jigana. Studio kreatif nu kumaha nu dicita-citakeun teh, Kang? Studio paragi latihan band? Atanapi komunitas? Sareng Rancahna palih mana? Baktos, MGT
Re: [Urang Sunda] Daramang para pangangguran
Assalamu'alaikum bagea kang eli? leres pisan. di kusnet mah seueur pangangguran sareng bungangguran. tapi ... multi tasking. he he. /* meh rada gaya lah saeutik */ simkuring salah sahiji pangangguran multi tasking. simkuring nanaonan wae nya 2,5 jam? didamel di kantor, bari ngerjakeun tugas-tugas kuliah, bari browsing, bari chatting, bari macaan ratusan e-mail, bari macaan posting di babaraha milis, bari macaan posting di babaraha porum, bari ngopi, bari ngudud, bari nyetel musik, bari sok ririweuhan kaditu kadieu, jsb (poho deui. maklum, pangangguran. loba teuing bari.) /* teu kabayang euy uing mah ningali member kusnet nu lainna nu jauh leuwih nganggur. pasti bari-na loba pisan. teuing pangkat sabaraha. */ untungna: simkuring teu nuju stress, masih tiasa gaul langsung, teu kuuleun di kampus, masih tiasa putsal, (ti milis kusnet) tiasa diajar deui basa sunda, teu ngajadikeun artos janten niat tujuan nganggur, jsb (loba teuing untungna, jadi poho deui) anggap weh totalna 4 jam lah. geus puguh hirup simkuring teh ripuh pisan, untungna (deui) ... simkuring teu kudu mayar 20 rebu ka operator warnet. he he.
Re: [Urang Sunda] Mazhab Jafariah
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Agus Wirabudiman wirabudiman- [EMAIL PROTECTED] wrote: tah, Kang Maman timana ngabasna nya, Waalaikumsalam Wr.Wb., Uhh, geuning panjang pisan lalakonna teh, nya, Kang? Oge tos panjang paguneman ngeunaan ieu di milis teh. Leres, sim kuring katinggaleun pisan. Sabaraha waktos kapengker tos ningali posting-posting ieu teh. Mung, nyakitu, teu disusud dugi ka awalna. Pantesan seueur nu protes. Hehehe... (Punten ka wargi sanesna. Ulah bendu oge ulah lepat hartos. Ieu mah kadar silaturahmi. Sanes iklan atanapi promosi). Ari eta, Kang, punten pisan: Akang nyusud ngeunaan Syiah atanapi Mazhab Jafariah ieu teh tunggal tina internet atanapi kumaha? (Sim kuring gaduh rerencangan, urang Majalengka, dosen, memang sepuhna Syiah. Malih gaduh pasantren sagala. Cenah mah eta pasantren teh kantos dihurup, dugi ka janten trauma ka anjeunna). Baktos, Pun Maman PS: Punten nembe ngawaler deui, Kang Agus.
[Urang Sunda] Atut gubernur istri munggaran!
teu aya bejana di kusnet nya. Ratu Atut...kapilih jadi gubenur Banten. istri munggaran nu jadi gubernur di endonesya. mun di wetan mah bupati, di urang mah gubernur. Ratu teh, gelar menak pikeun istri Banten. pamegetna Tubagus. endonesya teh geus madju sabenerna mah. kungsi boga megawati presiden. bupati, gubernur. di amrik mah teu kungsi aya presiden istri. jerman ge karek ayeuna aya kanselir istri. mj http://geocities.com/mangjamal
Re: [Urang Sunda] Re: P.D. atawa Perisai Diri
Abdi mah sigana teu kaasup itungan alumni PD, kantos eta ge ngiring hut-het na mah sakedap tapi teu tuluy... On 12/21/06, Ambu Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote: Cumuun... :) ~pupi entragan 2rebu~ --- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, siti kamilah [EMAIL PROTECTED] wrote: sumuhun leres.. ieu sareng pupi?
Re: [Urang Sunda] terusna Lalakon si Jay
Aya beja tadi ti aki Lam si jan, akina si Jay tea cenah domba tehteu jadi dijual, deuk dipake qurban, nelepon si aki teh kana seeng ... jadi sigana mah si jay teh bakal ngegel curuk meureun nya ... Salam, Budyana On 12/22/06, Ambu Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote: --- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, rosma_ilyas [EMAIL PROTECTED] wrote: Sihoreng baraya, Jay teh keur dirawat geus 2 minggu, bakat kuhayang nginternet ngekeak baraya Kusnet, kapaksa manehna kabur ti rumah sakit… Sanggeus kanyahoan suster nyarita kitu ka dokter, teu sirikna ceuli si Jay beuki rawing. Ngadedengekeun kumaha kasauran ti dokter, bari sabenerna mah geus hayang lumpat sakalumpatlampet, keur mah sieun kudu mayar urut manehna dirawat didinya. Jeung mun dina enyana manehna kudu dirawat deui di RS eta nya ti mana piwaragadeunana? keur mah eukeur duit na sakuna komo deui na loketna geus teu salambar-lambar acan. Jurungkunung Si Jay nangtung, jrut turun tina blangkar, sataker kebek langsung lumpat indit ti eta rohangan. Lumpat tuluy nyisir-nyisir jalan hasanuddin, diudag ku satpam borromeus, tapi teu kaudag da ari awak satpam badag, eleh ku si Jay lumpatna mah, keur mah eukeur si Jay awakna kuru ceking balas manggih kejona sakasampeurna. Lumpatna muru ka arah Dipati Ukur, pikiran manehna muter kumaha jalanna sangkan manehna bisa hirup di Bandung jeung bisa ngawarnet deui? Salila lumpat bari tuluy mikir, geus nepi Dipati Ukur manehna meuntas, buru-buru megat angkot Ciroyom-Cicaheum arah ka Cicaheumkeun. Reg, angkot eureun. Kalacat si Jay naek, tuluy nyanyi bari tepuk tangan, jadi nu ngamen. Sanggeus laguna beak, Jay namprakkeun leungeunna ka para penumpang angkot. Di tiap parapatan Jay turun. Megat angkot deui nu sejen, rutena mah sarua nu ka Cicaheumkeun. Kitu jeung kitu tuluy, nepi ka ahirna nepi oge ka Cicaheum. Geus tepi Cicaheum, Jay naek kana beus Mios nu ka Garutkeun. Duit dina sakuna kencring kabeh, diitung aya kana Rp. 10.000. Mahi saongkoseun ka Garut, hate Jay bungah. Na pikiran, di Garut manehna rek menta duit ka akina, ladang ngajual domba keur ngawarnet deui ngekeak warga kusnet. ~ipup~
[Urang Sunda] Balada si Jay dina wanda keom
Punten ngiring makalangan, neraskeun lalampahan Balada si Jay ngan ieu mah cariosna rada dipengkolkeun, dina wanda keom tea. Prung ! Wilujeng kareom. Nu aya dina angkot tinggal manehna, panumpang liana saban halteu geus ngagarejlig ti tadi mula. Lungsur dimana jang? ceuk supir angkot ngomong sunda tapi lentong batak. Saleresna mah tos dua halteu kalangkung! jawab si Jay bari pura pura rumpu rampa kana dompet. Har..nuju ngalamun kitu? Ah..henteu eta we bade riren teh sok palalaur! Palaur kumaha, da ku abdi ge moal dititah ngajleng! Maksad teh, palaur ditagih ongkos! Har kumaha ieu tehteu boga ongkos mah atuh tong wani tuak taek jang! pasemon supir ngadadak robah. Jamedud. Numawi tiasa mayar nganggo ieu? ceuk si Jay bari ngasongkeun rangsel, anu kuleuheu tur pinuh ku mangsi jeung geutah. Can acan si supir ngajawab, gejejes mesin angkot teh palastra, haben disetater ge angger we teu daek ngagerung. Manahoreng jarum penunjukna geus mentok kahandap tandana tengki bengsina geus ngelentrung euweuh eusian. Kieu we atuh Jang, itung itung gaganti ongkos, wayahna pangdorongkeun nepi ka pom! ceuk supir angkot bari nunjuk kahiji pom anu jauhna aya satengah kilo deui tidinya. Teu majar kumaha, najan beuteungna kukurubukan nangtang eusi, kapaksa si Jay nedunan parentah si supir. Karek sapuluh meter ngadorong, awak si Jay geus jibreg ku kesang, napasna ngahegak nahan kacape kawantu jalan nu disorang teh rada nanjak, saban ngalengkah bujurna ngadadak haneuteun ku hitut. Hitut hapa tea. Keur anteng ngadodorong bujur angkot, titukang aya nu ngelaksonan, ari breh teh, si Jay ngarenjag, beungeutna anu sepa nahan kacape, ngadadak euceuy semu nu era. Sihoreng nu ngelaksonan teh, taya lian Euis Jablaywati, nyerengeh bari nyengcle dina sadel mio sporty. Bleg we Bunga Citra Lestari. Jayti iraha ngenekan angkot euy? ceuk wanoja anu kungsi dianjing cai ku manehna, nanyana matak nyentug kana hate. Tong...gagabah..puguh sipapih nitah test drive mobil ieu, ngan beakeun bengsin! pokna teu euleum euleum. Ngadenge kitu supir ngarindat.Kehed! supir angkot ngutupruk na jero hate. Heueuh pek atuh sing jongjon. Kabayang euy...keur mah silaing teh KUULEUN katambah ngadodorong angkot, atuh tambah kuuleun we! ledek Euis Jablaywati bari nyeotkeun mio-na nyemprung teuing nek kamana. Asa dijejeleh ku pantar si Euis, teu kaampeuh cipanon si Jay ngalemereh mapay mapay jarawat, ngajorokjlok marurag lir cihujan, ngeuyeumbeu dina logak, ngabayabah kana aspal, ahirna ngaguludag ngamalir ka cikapundung. Teu sedih kumaha, ari ras ka nasib dirina, rumasa geus ragrag katresna ka neng Euis,ditunggu tunggu saban waktu, didago dago saban jajan baso, angger lebeng, meh dua taun tacan aya jawaban nu pasti. Padahal pasang aksi mah geus bebeakan, ti mimiti ngaku anak anemer, nepikeun ka gunta ganti mobil lamun nek kopdar jeung manehna. Ngan hanjakal kurang nyugemakeun kawantu mobil nu sok dipakena meunang nginjem ti bengkel, rajeun cetna mentereng kenalpotna tacan dipasang, aya nu kenalpotna campleng, akina soak wae. Aya aya wae! Najan rupa si Jay teu salisnir Brad Pitt, tapi tetep we pede, da cenah boga rupa goreng patut teh bubuhan keur NYAMAR. Bari ngalungsar dina trotoar, leng manehna ngalamun. Aya ku lahuta, make ngalamun jadi bandar domba sagala. Pokona kasempetan emas euy, pan sakeudeung deui lebaran haji, dewek nek jadi bandar domba, mun hasil moal kapalang ku dewek dibeuli siah jeung warnet warnetna, pokona ayeuna keneh dewek nek ka garut, balangsiar domba, neangan heula nu bajir keun wae teu jadi ka neng Euis nu penting samemeh dijual si bajir daekeun diajak enjoy jeung dewek! Gerentes si Jay bari ngasin nyekelan beuteung anu titatadi geus hayangeun dieusian sangu bear. Cag. syam ridwan - Original Message - From: Reksa Gantra To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Thursday, December 21, 2006 2:19 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran Mangsa angkot mengkol ka kidulkeun, hate Jay ngalenyap. Manehna karak inget: Pesakna euweuh eusian saketip-ketip acan. Kumaha rek mayar angkot? Mayar ku rangsel? Atawa sasadu bae ka supirna? Angkot mumprung ka kidulkeun. MGT Recent Activity a.. 15New Members Visit Your Group SPONSORED LINKS a.. Culture change b.. Corporate culture c.. Cell culture d.. Organization culture e.. Tissue culture New web site? Drive traffic now. Get your business on Yahoo! search. Y! Messenger Make free calls Call PC-to-PC worldwide- free! Yahoo! Mail Drag drop With the all-new Yahoo! Mail Beta .
Re: [Urang Sunda] Atut gubernur istri munggaran!
nambihan mang, mentri (keuangan, kesehatan, urusan wanita), baheula anu dipikadeudeuh baheula mensos tea (mba Tutut). di polisi ceunah aya anu pangkatna bintang hiji. ngan mikir naha anu istri sanes jiga kabakaran jenggot dina eta pemilihan gubernur banten.pilkada anggeus kakara ribut erek diadukeun. naha lain timimitian atuh neng icha. punteun kanu pendukungna kituw by - Original Message - From: mj To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Friday, December 22, 2006 1:06 PM Subject: [Urang Sunda] Atut gubernur istri munggaran! teu aya bejana di kusnet nya. Ratu Atut...kapilih jadi gubenur Banten. istri munggaran nu jadi gubernur di endonesya. mun di wetan mah bupati, di urang mah gubernur. Ratu teh, gelar menak pikeun istri Banten. pamegetna Tubagus. endonesya teh geus madju sabenerna mah. kungsi boga megawati presiden. bupati, gubernur. di amrik mah teu kungsi aya presiden istri. jerman ge karek ayeuna aya kanselir istri. mj http://geocities.com/mangjamal __ NOD32 1934 (20061221) Information __ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset.com
[Urang Sunda] yuk urang ngaji deui dulur dulur... Al-baqarah aya ka 7 jeung ka 8
Nuluykuen hanca nu katukang Mangga geura leunyeupan bari urang ngaji diri sorangan naha geus bener jeng papagon agama atawa jauh mempang tina agami nu ku uurang diagem Tipayun nembe dugi ka Quran Surah Al-Baqarah Ayat ka 6 ayeuna urang guar nusalajeungna. Quran Surah Al-Baqarah Ayat ka 7 Khatamallaahu alaa quluubihim wa alaa samihim wa alaa ab-shaarihim ghisyaawatuwwa lahum adzaabun azhiim Hartina : Allah ngonci hate jeung pangdengena, oge matana dipeungpeunan; nya pikeun mareanehna adzab anu beurat kacida Tafsirna : Lamun dielingan tetep mungkir, dipapatahan kalahka ngabantah, rupa-rupa kila-kila alamiah nu nuduhkeun ayana galagat kiamat saperti lini, banjir, kahuruan, taneuh urug, gunung bitu jeung pirang-pirang bancang pakewuh nu rarongkah henteu ditolih, nya ari enggeus embung-embung teuing digeuing atawa teuhayang dipikanyaah dipikadeudeuh mah, sakalian hate jeung ceulina dikonci mati ku Allah Swt. Jeung matana dipeungpeunan sapageuh-pageuhna. Pek rek kumaha bae ayeuna mah, rek mamprung hirup ngaberung ngalajur napsu ngumbar kahayang, tunggul diparud catang dirumpak, keur mantenna mah saeutik ge moal matak kaciwit kulit kabawa daging. Teu, Allah mah teu bakal rugi saeutik-eutik acan. Rek ngabadaus mawa karep sorangan kuma karep teuing, tapi engke dialam akherat ulah sambat kaniaya, ulah majar diteungteuinganan, pasti bakal nandangan tunggara nu beurat tanya papadana, disiksa dina naraka salalawasna. Ninggang di nu nyakrawati bahu denda saperti Firaun jeung Namrud, lamun hate geus dikonci pasti bakal dolim sawenang-wenang ngagulanggaper kaom dhuafaa, moal aya rasrasan nganiaya jalma-jalma nu geus teu walakaya. Cacah kuricakan pating jarerit kalaparan moal kadengeeun da ceulina geus di cocokan. Nu pating laloher langlayeuseun moal kadeuleueun da matana geus dipengpeunan. Quran Surah AL-Baqarah Ayat ka 8 Wa minannaasi mayyaquulu aamannaa billaahi wa bil-yaumil-aakhiri wamaa hum bimuminiin Hartina : Di antara manusia aya nu ngaromong; Kami percaya ka Allah jeung kana poe aherat, padahal manehna the lain jalma-jalma nu ariman Tafsirna : Dawuhan Gusti Allah dina ayat ieu pikeun ngelingan urang supaya awas tur waspada sabab di antara babaturan urang nu sagulung-sagalang the aya nu mindingan beungeut ku saweuy, api-pai mikanyaah mikaasih padahal sirik pidik belang bayah, api-api iman padahal kafir nye eta munafik tea. Diturunkeunana ayat ieu the aya patula-patalina jeung tingkahlaku dedengkot munafikin urang Yahudi nya eta Abudllah bin Ubay. Siga nu enya harita teh manehna nyampeurkeun semu rengkuh sirikna teu dedepaan siga nu isin baru uluk salam jeung sasalaman ka Abu Bakar, Umar Jeung Ali. Nyarita galecok bari pigeuy siga nu enya-enya gumbira terus ngobral puja jeung puji ka nu tiluan ku ngedalkeun ucapan nu meunang ngaraeh saperti panghulu Bani Haysim, Syaikhul-Islam, al-Faruq, hartawan nu dermawan, jeung rea-rea deui. Memeh undur teu poho andum salamet heula. Allah nu maha uningan kana uteuk tongo walang taga, boh nu nembrak boh nu nyumput di jero gunung batu atawa nu nyelepet dina liang cocopet, nimbalan Malaikat Jibril supaya nepikeun ayat 8 ieu ka Rasulullah saw. Sangkan awas tur waspada. Jaman harita mah kaum munafikin di Madinah teh kakarek saeutik teu loba kabina-bina saperti ayeuna. Tapi sabuni-buni tarasi teu burung kacingcirihi, geura upama kaum Muslimin bentrok jeung kaom kafirin, da sok di kekeyek ku nu katepena islam teh angger kaom Muslimin. Breh kaciri cerongna. Loba nu ngakukeun Islam tapi teu wawuh kana huruf al-Quran, ditanya naon hartina wahyu ngabigeug, komo ari kana hadist mah siga anu anti, ngimpi ge meureun diangir mandi da buktina aya golongan inkarusunnah. Katepena mah bener Islam tapi lamun kumpul jeung batur salembur nu recok dialeohkeun the taya lian iwal ti paririmbon, ari nu sok diguliksek ku urang dayeuh nu geus kabarat-baratan lain al-Quran tapi buku-buku falsafah karya Plato, Aristoteles, Socrates jeung saparakanca. Dihiji RW ummat Islam nu geus mukalaf nurutkeun sensus aya kana 500 urangna, tapi nu sok ka masjid mah beunang di itung dina curuk. Di kampung kitu di dayeuh kitu, malah dina shalat subuh mah kadang-kadang aya imam tanpa mamum. Diantara kaom munafikin the aya nu hianat, beungeutna nyanghareup ati mungkir, pura-pura mikacingta Islam, saperti nu disinyalir dina Hadist Riwayat Bukhari jeung Muslim. Dina hiji poe para shahabat Hudzaifah ngayakeun gunem catur jeung Rasulullah. Salah saurang ti shahabat aya nu nyarita kurang leuwih saperti kieu Ya Rasulullah, sayaktosna abdi sadaya kapungkur nalika masih jahiliyah hirup tagiwur dina karusuhan nu taya kendatna, lajeung Allah maparin kasaean nakdirkeun abdi sadaya jadi umat Islam; hirup tengtrem sabilulungan, naha saparantos kasaean ieu teh bakal timbul deui kakacauan? diwaler ku anjeuna; Bener bakal aya Shahabat teh nanya deui; Naha saparantos kakacowan teh bakal aya deui
Re: [Urang Sunda] Atut gubernur istri munggaran!
Nya wajar atuh kang... geus beak dengkak, apek teh eleh,,, eleh ipis deuih. hihihihi... Nepi salakina ngabebelaan ngaboseh beca, trus manehna diancam rek di kaluarkeun ti Partai Beureum... Ceuk Bu Mega teh,,, Wek Do... matakna, nurut atuh ka uing teh. heuehue,,, Punten ah, banyol ieu mah... teu aya maksad nanaon... -Bohay- On 12/22/06, Buyung [EMAIL PROTECTED] wrote: nambihan mang, mentri (keuangan, kesehatan, urusan wanita), baheula anu dipikadeudeuh baheula mensos tea (mba Tutut). di polisi ceunah aya anu pangkatna bintang hiji. ngan mikir naha anu istri sanes jiga kabakaran jenggot dina eta pemilihan gubernur banten.pilkada anggeus kakara ribut erek diadukeun. naha lain timimitian atuh neng icha. punteun kanu pendukungna kituw by
Re: [Urang Sunda] Re: terusna Lalakon si Jay
Huwahahahhahahhahha Beneran teh... ieu mah meni nepikeun ka seuri lolongseran. ninggali eta foto Jackson paip huwaahahhaha... nuhun teh ah... hihihihihihi -Bohay- On 12/22/06, Roro Rohmah [EMAIL PROTECTED] wrote: Keur khusu heheotan, ujug-ujug ti bah tukang aya jalma limaan nu rambutna kribo. Cik, Jang sing baleg euy...eta teh nyanyi atawa hitut? ceuk nu begang mun disidik-sidik mah siga si Aming. Duh, punten Kang ieu teh nuju salesma... ceuk si Jay. Ah, teu bisa mah teu bisa we atuh... tong loba alesan! ceuk nu buheukeu nyeuneu. Mun rek nyanyi kudu jiga kuring jeung balad yeuh...asup TiPi ge mindeng ceuk nu ciga Roma Irama. Dupi Akang-akang teh ti grup ben mana nya? Si Jay nanya. Aeh, ma enya teu apal?! nu siga Rhoma Irama nempas Leres Kang, teu apal abdi mah... tembal si Jay ngalenghis. Jackson 5 nyaho!!! Ampir bareng kabeh nembalan. Tah... baraya Jackson 5 teh aya na pail nangkod potona... ro2.