Re: [Urang Sunda] Ngenalkeun maneh deui...Apih Sidik

2007-02-27 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Hatur nuhun sateuacanna kana kintunan ginsengna. Ari mireng wartos perkawis Korea teh, dinten minggon kamari (25 Februari), Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya (FIB), nembe ngayakeun tes (orderan ti Depnaker) kanggo nyaliksik calon padamel TKI anu bade dikintun ka Korea. Aya kana 15 rewu jalmi sa

RE: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik Yuliadi
basa uing di Manado...INA timur dll nganjang ka kumpulan US diajak ku US eh naha bet ka uing mah ari nyarita make basa manado, nya dijawab ku basa INA. pajarkeun teh :balogat ngana neh, sok jawa. (jawa=jak/bog/bdg). heueuh da uing teh karek dua poe can bisa basa Manado, dianggapna ngajago. Da

Re: [Urang Sunda] Ngenalkeun maneh deui...Apih Sidik

2007-02-27 Terurut Topik Siddik Wiradireja
Euleu...dugika kitunya nya eta diurang mah sanes narekahan kumaha muka lahan padamelan... kalah hayohhh .. ngulik kumaha ngintun TKI ka nagara deungeun.. padahal upami muka pabrik mobil, pabrik motor, pabrik sapedah anu ceuk pangemut sim abdi mah urang Indonesia tangtos tiasa,

Re: [Urang Sunda] (KOMPAS) Sunda Dicipta Belanda

2007-02-27 Terurut Topik ika mardiah
Mang, asana mah perkara ieu kantos dibahas sareng Kang Miki waktos anjeuna ka Bandung di Lemlit UNPAD, Cisangkuy 62. Rajin nya ari dosen mah geus maca teh terus ditulis, teu jiga kuring geus maca mah nya ditutup wae disimpen deui buku teh. Sae tah mun ditulis deui, jadi batur kabejaan, jadi

Balasan: [Urang Sunda] Oto Iskandar Dinata

2007-02-27 Terurut Topik Agus Jenal Mustaqim
Ieu sae upami di jieun Film...sedih jgana Gunawan Yusuf Miarsadireja [EMAIL PROTECTED] wrote: PROFIL TOKOH :. 1 2004 -2:09 Oto Iskandar Dinata SI JALAK HARUPAT yang Tak Pernah Kembali Kalaoe Indonesia Merdeka boleh diteboes dengan djiwa seorang anak Indonesia, saja telah

Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik kang boim
haturan teh Tien, sok atuh pami teteh mulih ka Bandung cobian setel Bandung atanapi Pajajaran TV seueur acara nu nganggo basa Sunda geura... di Bandung ampir unggal dinten hujan teh...matak mani tuiriishehehe.. kkbm'69 -salah kolotna sorangan naon sababan barudak ayeuna loba nu

Re: [Urang Sunda] bade tumaros perkawis drama

2007-02-27 Terurut Topik Reksa Gantra
Kang Smith, Cobi tepangan Abah Surya di Sundanet. Insya Allah, anjeunna iasa nuduhkeun kedah kamana kamanana. (Taun 70-an, upami teu lepat, anjeunna kantos narjamahkeun sawatara drama Shakespeare kana Basa Sunda -- nu dipentaskeun ku Teater Sunda kiwari. Ieu teater minangka teater Sunda

Re: [Urang Sunda] bade tumaros perkawis drama

2007-02-27 Terurut Topik Reksa Gantra
Punten nembe kaaos. Manawi teh teu acan aya nu ngawaleran. Teu sawios, nya... Baktos, Pun Maman MSasmita [EMAIL PROTECTED] wrote: Perkembangan Drama Sunda, langkung sae dicobian ngahubungi Bapa Dadi Danusubrata, bumina di Margawangi RT 01 RW 17, anjeuna ti Teater Sunda Kiwari

Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, sareng Sangkuriang

2007-02-27 Terurut Topik Asep Hadiyana
Kahatur kang Iman, Geningan sami sareng simkuring, resep kana Cianjuran. Mung, upami henteu lepat nguping, kecap anu dimaksad teh ”sasaka domas” Upami henteu lepat nguping, rumpaka tembang Nataan Gunung anu dihaleuangkeun ku ibu Mamah Dasimah sareng pa Didin S. Bajudri ti

Balasan: Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik Agus Jenal Mustaqim
Punten ah ngiringan... Kumaha mun di kota Bandung ...diayakeun parade atawa acara anu tiap sasih atanapi tiap genep sasihan diyakeun acara seni jg budaya anu aya di tanah jawa barat...di lapangan terbuka...sepertos miniatur jawa barat...trus ka masyarakatna di anjurkeun make acuk

RE: [Urang Sunda] Fwd: Kuncen Kusnet: Bade naros!!!

2007-02-27 Terurut Topik mj
Sami-sami nuhun. _ sateuacana nuhun pisan

Re: [Urang Sunda] (KOMPAS) Sunda Dicipta Belanda

2007-02-27 Terurut Topik mj
enya nya. basa di cisangkuy lemlit eta, kang Gani na aya teu? harilap da ngan pendak saharita. buku miki memang condong kolonalis, teu kitu kumaha da bahan bakuna ge di perpus KITLV leiden. tapi da mun teu ti dinya, dimana deui nya. On 2/27/07, ika mardiah [EMAIL PROTECTED] wrote: Mang,

Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik Roro Rohmah
Sapuk Kang Iwan, abdi kantos linggih di dua kota ageung Jakarta Bandung. Pami Jakarta mah tos puguh da timana mendi jalmi ngajugjug ka ibukota, pantes campuradut oge. Tah, pami urang Bandung salian ti seueur seler sejen nu ngumbara ka Bandung, seuseurnamah nu gengsian nyarios Sunda, ieu

Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik kumincir
Kang Iman, mun hayang neangan batur ngomong Sunda, atawa neangan urang Sunda di dayeuh, urang kudu make basa2 konci nu netelakeun yen urang teh urang Sunda (bisa basa Sunda). Contona bae, make kecap 'punten' pikeun ngaganti 'permisi', 'kang' pikeun ngaganti 'mas' atawa 'bang', 'teh' ngaganti

Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik kumincir
Ah... Si Abah mah kalah ngandelkeun urang Cina... nu kitu soteh kari nu karolotna wungkul nu kadung ti leuleutik make basa Sunda, da generasi salajengna mah geus mimiti naringgalkeun. Komo bae meureun sanggeus nempo yen urang Sundana sorangan geus jalarang nyarita Sunda, nya tos we atosan... On

Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, sareng Sangkuriang

2007-02-27 Terurut Topik Dudi Herlianto
kang rumasa teu apal ka lagu nataan gunung mah. ngan lirik nu ieu Gunung tanpa tutugan, Gunung galunggung kapungkur gunung Sumedang katunjang, mah sering ngadangu. dina tembang nu dihaleuangkeun ku kang darso. judulna maripi. santos ngadangu sok hayang nanya. ari gunung sumedang teh di mana? naha

Balasan: Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik Tata Noers
Taun tujuhpuluh lima, harita teh umur dua puluh opat taun, kuring mimiti ninggalkeun dayeuh Bandung, lunta jauh, nya teuing geus sabahara nagara anu katincak, tepi ka bumen bumen di ieu nagri ( Perancis) Ari ngahaja neang kolot di Ciparay/ Kabupaten Bandung, tatangga sok teu weleh nalektek,

Balasan: Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik Tata Noers
Simkuring kungsi ngabandungan acara dina basa sunda,boh warta atanapi paguneman, tapi edas sakali kali mah bet siga nu diejah. Oge pernah kabandungan dina ngalarapkeun kecap keur kuring dipake ka batur, atawa sok adab lanyap. Tata kang boim [EMAIL PROTECTED] wrote: haturan teh

[Urang Sunda] Ngadongeng euy! Ngadongeng!

2007-02-27 Terurut Topik mh
Popon Segera Road Show untuk Ngadongeng GURU mata pelajaran kesenian, SMA Negeri I Baregbeg, Kabupaten Ciamis, Ny. Popon Fatonah, sama sekali tidak menduga, akan menjadi juara pertama * ngadongeng* dalam Bahasa Sunda, se-Jawa Barat. Ketika namanya diumumkan sebagai juara, Popon tidak bergegas ke

Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, sareng Sangkuriang

2007-02-27 Terurut Topik Kang Iman
Moal kitu nu dimaksud teh jatinangor ? atawa nu disebut bukit tunggul tea geuningan dina kawih aya kieu Mun ningali ti bandung ka palih kidul gunung malabar ngajegir palih kaler bukit tunggul burangrang nu hiji deui tangkuban prahu di gendeng Kang asep, pedah we baheula pernah diajar

Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik surtiwa surtiwa
Bisa janten..bisa janten..barudak abg na mah sarua ..jeung seler Urang...sok Inggris2an...jeung eta basa ABG tea --- kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Ah... Si Abah mah kalah ngandelkeun urang Cina... nu kitu soteh kari nu karolotna wungkul nu kadung ti leuleutik make basa Sunda, da

[Urang Sunda] Mang Ayip Rosidi Nyimpen surat di Walanda

2007-02-27 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Rame geuning paguneman basa Sunda dicipta Walanda jeung basa Sunda paeh teh. Tapi teu acan pati eces kacindekan naon anu rek ditarik dina hasil paguneman. Ieu mah opini kuring, bisa salah bisa bener. Tapi mang Ayip Rosidi mah waktu diskusi dina acara SIMPAY sababaraha waktu katukang, tos miheulaan

[Urang Sunda] Re: Dedih vs Itoc?

2007-02-27 Terurut Topik Taufik Hidayat
Digotong babarengan..,kampanye babarengan..dipilih babarengan...disumpah babarengan...na ari geus ngajadi silih koet...Kumaha ieu teh? Pada tanggal 07/02/24, mh [EMAIL PROTECTED] menulis: Wakil Wali Kota Cimahi Gugat Wali Kota Itoc Mutasi Pejabat Dinilai Cacat Hukum CIMAHI, (PR).- Wakil

Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, sareng Sangkuriang

2007-02-27 Terurut Topik Asep Hadiyana
Panginten kitu kang. Sae atuh upami kantos diajar jentrang-jentreng mah. Simkuring mah diajar nabeuh saron di LSS ITB taun 1986 mung tahan 3 kali pertemuan, teras henteu dilajengkeun, kumargi hese gening diajar seni teh. Ahirna janten penikmat seni wae. Wassalam, Asep

Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik Asep Hadiyana
Haturan kang Boim, Oh kitu ku taeun teh. Tapi naha nya mingkin seueur nonoman Sunda anu henteu kersa nyarios Sunda. Moal kitu upaya ngamumule budaya ngalangkungan media masa elektronik masih kirang? Upami kitu, panginten faktor utamina mah di kulawarga. Upami para sepuh uang Sunda henteu

Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik surtiwa surtiwa
Aya oge pangaruh kuat tina persepsi masyarakat kana anu disebut elit', maju,modern,gaul teh sok dihubungkeun kana pola tingkah selebriti, jelema beunghar jeung dunya ABG. Rencang abdi teh mani loma pisan lamun teu tias nampi elpon dina henponna teh..cenah..Lagi Lobet,..Pak. Janten jelas barudak

Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik ndoell
Enya, leres kang.. Tapi ayeuna mah tong mikiran teuing batur nu arembung nyarita ku basa Sunda. Keun we antep, tong dipikiran teuing lah, bisi gering.. Nu penting urang biasakeun we di lingkungan urang. Nyarita ku basa sunda, nyetel lagu-lagu sunda, maca majalah sunda. Kabiasaan eta teh,

Re: [Urang Sunda] LAUNDRY MONEY?

2007-02-27 Terurut Topik Kang Iman
Kahade kang ah bisi aya nanaon . ceuk cenah uarng teh sok diondang kaditu terus diajak jalan-jalan dibere oleh-oleh make koper gede bari diimplik-implikan mihape barang ka si anu di jakarta horeng simana horeng dijero koper geus diasupan narkoba ah bisi wae kang ieu mah ..

Re: [Urang Sunda] LAUNDRY MONEY?

2007-02-27 Terurut Topik Siddik Wiradireja
Rampess... Sim abdi oge sering nampi e-mail kitu Ti sababaraha nagara di Afrika sareng erofa, alesanana oge rupi-rupi, aya anu nyarioskeun ti kulawargi Wiradiredja anu kacilakaan pasawat, aya anu nyebatkeun yen e-mail urang kenging undian anu di undi tina sakitu rebu alamat e-mail.

Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda- Hebatna Basa Sunda- naturally descriptive

2007-02-27 Terurut Topik surtiwa surtiwa
Salah sahiji kaistimewaan Basa Sunda teh seueur kecap2 anu deskriptip sacara alami (paling hentue nurutkeun persepsi Urang Sunda)..mun kecap ngeunaan sora deukeut ka sora aslina..mun kecap ngeunaan rupa seukeut kana rupa sabenernajrrd., Contona ; Jelegur2 teh mani torek kana ceuli eta sora

Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik soni rosa
sansakerta (meureun he...he..) sonirosa On Mon, 26 Feb 2007 01:47:02 -0800 (PST) netta fahad [EMAIL PROTECTED] wrote: Abdi kadang hoyong terang,ari kekerabatan basa Sunda teh langkung caket ka basa Jawa atanapi basa Malayu??? Upami ditingal tina wilayah geografis mah, Sunda paling caket

Re: [Urang Sunda] LAUNDRY MONEY?

2007-02-27 Terurut Topik kang boim
MuhunPih, sami abdi oge sering nampi anu karitu teh malih sasih kamari mah dugi ka sababaraha kali majarkeun abdi kenging undian anu ageung $.10.000.000,- anu saha nu atoh campur kaget...ari ditaroskeun kudu kumaha cara nyairkeunnana jawabanana teu nyambung, tungtungna mah lamun aya nu kitu

Re: [Urang Sunda] Aya nu sa hobby

2007-02-27 Terurut Topik soni rosa
sae ngalamun teh ciga ayana kapal udara jalaran wright sadudulur boga lamunan. bohlam oge hasil lamunan mang edison radio mah meunang ngalamun ua markoni goyang ngeb*r alatan ceu inul ngalamun. indonesia mardika saha nya baheula nu ngalamun...he..he..? (kang Toha te boa) anu langkung utami mah

[Urang Sunda] KEOM sakedap-2

2007-02-27 Terurut Topik [EMAIL PROTECTED]
Ieu teh diantawisna bahan kanggo keom sakedap-2,ngahaja diborojolkeun tina pabetekan,bari ngantosan aya nu haat nerbitkeun deui. Prung! Kalangkang Hiji mangsa sinini keur ngahenpon siaki make pasilitas vidio call triji (3G) Halow aki, keur aya dimana yeuh? ceuk sinini bari uman imen katempo

[Urang Sunda] New file uploaded to urangsunda

2007-02-27 Terurut Topik urangsunda
Hello, This email message is a notification to let you know that a file has been uploaded to the Files area of the urangsunda group. File: /PASAKA/PASAKA_februari07.xls Uploaded by : mangjamal [EMAIL PROTECTED] Description : data pabukon februari 2007 You can access this file

[Urang Sunda] JALUR BUSWAY - transjakarta LENGKAP

2007-02-27 Terurut Topik Sadli Hermawan
7 Koridor Rute Busway TRANSJAKARTA www.trans-jakarta.cjb.net - Expecting? Get great news right away with email Auto-Check. Try the Yahoo! Mail Beta.

[Urang Sunda] Fwd: [kota-bogor] Lowongan Kerja DESAIN GRAFIS

2007-02-27 Terurut Topik K7/P1
-- Forwarded message -- From: Wisnu Wijayanto [EMAIL PROTECTED] Date: Feb 27, 2007 10:28 PM Subject: [kota-bogor] Lowongan Kerja DESAIN GRAFIS To: [EMAIL PROTECTED] -- Forwarded message -- From: Wisnu Wijayanto [EMAIL PROTECTED]wisnu.wijayanto%40gmail.com

[Urang Sunda] LAUNDRY MONEY?

2007-02-27 Terurut Topik Firman Juliansyah
Sampurasun, Simkuring tos lami pisan seuseur nampi email ‘laundry money’ nu cindekna ngajak gawebareng transfer-transferan artos. Biasana aranjeuna ngarang carita saniskanten rupi nu tungtungna nyuhungkeun/nawisan gawebareng. Bakating ku panasaran mangtaun-taun nampi email nu kitu,

Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda

2007-02-27 Terurut Topik Nandar Robbyana
leres pisan barudak tiasa basa Sunda teh alatan sepuhna urang Sunda anu sadidinten nyarios bahasa Sunda, tapi dina praktekna rada sesah kumargi seueur urang Sunda nu bumen2 dikomplek perumahan (padahal eta komplek teh di Bandung, Bogor atanapi Cianjur) anu ngeusina langkung seueur kaum