Ke..ke...ke..., asana teh "rada cawerang" tah seratan
dihandap nganbandingkeun Barat sareng Timur, teras
nyimpulkeun antawis mental abad kea-19 sareng abad ka
21.

Anu "katangkep" ku kuring mah resensi buku Mahbubani
teh ngangge "peso" analisa materialisme/kabendaan, anu
salah sahiji tolok ukurna teh kasejahteraan/kamakmuran
masyarakatna dina widang kebendaan. (Hiji kamajuan anu
sifatna "Semu".) Dimana "ujung-ujungna" ngunggulkeun
paham liberalisme anu tos ngajadikeun Barat jadi
kolonialisme, ngeduk kakayaan sumberdaya alam ti
nagara jajahan (Kalebet Jepang). Atuh puguh wae,
nagara-nagara Timur pasti moal tiasa "ngudag" naon anu
tos dihontal ku nagara-nagara Barat.

Ayeuna kabuktosan, yen paham liberalisme teh, GAGAL
ngajadikeun penduduk dunia sejahtera sacara merata.
Naha paham siga kitu, anu bade dituju ku nagara-nagara
berkembang?

Aya deui tesis anu ngagugurkeun paham liberalisme anu
paling unggul. Geuningan di Amerika, nuju majeng pesat
semangat mempelajari ajaran Agama Islam. Ceuk dina
Koran "Rakyat Merdeka" dinten ieu, salah saurang
profesor ti Harvard University, ngaramelkeun dina taun
2010 urang Islam di Amerika tiasa ngunggulan penganut
agama Yahudi, janten agama nomor dua anu diagem ku
penduduk Amerika.

Tah ayeuna, meungpeung nuju dina sasih saum, mangga
atuh 'serap' semangat ajaran agama Islam, supaya teu
"eleh" deui ku bangsa Barat.(lamun ditingali tina
sudut "Kabendaan" mah, naha make kudu nyiksa diri
puasa sagala, matak leuleus awak wae).

Panutup ti kuring, aya pakar anu kantos ngarumuskeun
hiji pendapat, anu unina kirang langkung kieu. Lamun
urang Timur hayang maju, mangkahade sing pageuh ngagem
ajaran Katimuran. Lamun bangsa-bangsa Timur
"ngudag-ngudag" ajaran bangsa Barat, pertanda rek asup
kana jurang "kahancuran".

baktos,

mrachmatrawyani



--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baraya, ieu aya resensi buku tina Kompas poe kamari,
>  terjemahan ti Asian
> Think's karya Mahbubani diterbitkeun ku Mizan. Aya
> narik tinu nu nulis
> resensi ieu buku, soal urang indonesia kudu bebenah
> ninggalkeun mental
> abad ka 19 jadi mentalitas abad 21.
> 
> Nyanggakeun!
> 
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> Bangsa-bangsa Asia Butuh Mentalitas Baru
> 
> Judul buku ini memang amat provokatif dan terkesan
> ”mengejek”. Pengarangnya lebih mengambil
> sudut-pandang
> ”negatif”. Menjadi berbeda misalnya apabila
> dibandingkan buku Anwar Ibrahim yang banyak
> bercerita
> tentang Asian Renaisance, eksotika, dan kekuatan
> nilai-nilai Asia (Asian values).
> 
> Membaca buku ini, pembaca segera dihadapkan pada
> kesan
> memang Asia punya nilai-nilai, tetapi nilai-nilai
> itu
> tenggelam segera bila dibandingkan dengan
> kemajuan-kemajuan Barat. Buku Mahbubani memang
> membandingkan antara Asia dan Barat.
> 
> Bagi pembaca Indonesia, hal demikian mengingatkan
> pada
> polemik pemikiran Sutan Takdir Alisjahbana (STA)
> tempo
> dulu. Pada tahun 1930-an, ia pernah berdebat soal,
> apakah kita harus meniru budaya Barat. STA menjawab
> tegas, kita harus menyerap budaya Barat kalau mau
> maju. Sedangkan yang lain, Purbatjaraka, misalnya
> sebaliknya: nilai-nilai Timur harus kita gali dan
> kembangkan.



        
                
__________________________________ 
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 
http://mail.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 




Kirim email ke