> Ke..ke...ke..., asana teh "rada cawerang" tah seratan
> dihandap nganbandingkeun Barat sareng Timur, teras
> nyimpulkeun antawis mental abad kea-19 sareng abad ka
> 21.
>
> Anu "katangkep" ku kuring mah resensi buku Mahbubani
> teh ngangge "peso" analisa materialisme/kabendaan, anu
> salah sahiji tolok ukurna teh kasejahteraan/kamakmuran
> masyarakatna dina widang kebendaan. (Hiji kamajuan anu
> sifatna "Semu".) Dimana "ujung-ujungna" ngunggulkeun

WALUYA : Punten Kang Rahmat, udagan hiji nagara teh nyaeta
kasejahteraan/kamakmuran masyarakatna (tantosna oge dina segi
materi, da dina naon deui atuh?). Sadaya nagara udaganana ieu,
rakyatna makmur bin sejahtera. Janten sanes "semu" ceuk kuring
mah, malah tujuan ieu nu kudu diusahakeun terus ku nagara. Cukup
pangan, cukup sandang jeung cukup ....sagala rupi sanes kahayang
sarerea sanes? atanapi pandangan ieu teh materialistis teuing
kitu, cikan kedahna kumaha?

> paham liberalisme anu tos ngajadikeun Barat jadi
> kolonialisme, ngeduk kakayaan sumberdaya alam ti
> nagara jajahan (Kalebet Jepang). Atuh puguh wae,
> nagara-nagara Timur pasti moal tiasa "ngudag" naon anu
> tos dihontal ku nagara-nagara Barat.
>
> Ayeuna kabuktosan, yen paham liberalisme teh, GAGAL
> ngajadikeun penduduk dunia sejahtera sacara merata.
> Naha paham siga kitu, anu bade dituju ku nagara-nagara
> berkembang?
>
WALUYA: Kuring mah rada teu ngartos istilah liberalisme atanapi
materialisme jrrd. Ngan hiji nu kuring terang, ceuk beja eta oge,
di nagara-nagara barat atawa jepang, cenah mah masyarakatna
makmur jeung teratur alias disiplin pisan. Jadi nu nganut paham
"sabebas-bebasna teh" dimana? di urang atawa di barat? Ari ceuk
kuring mah di lembur urang. Rek nyebrang jalan di urang mah
dimana wae bisa. Rek jualan teu boga tempat, gampang, tinggal
neangan emper toko batur. Rek naon wae, di urang dihempekkeun
sanajan kagiatan manehna teh ngaganggu atanapi nepi ka
ngarugikeun batur.

Nagara urang teh kalebet bangsa religius, tapi bangsa nu religius
teu otomotis jadi bangsa nu jujur buktina korupsi di urang mah
apan meunang "ranking" di dunya. Tah upami emut kadinya, kuring
jadi murengked, kadang-kadang teu ngarasa reueus
....saeutik-eutik acan!

Baktos,
WALUYA




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 




Kirim email ke