> Ceuk kuring mah kecap 'ombak' bisa oge dipake. Make prosedur ekstensi
> harti we. Harti anu asal ditambahan make harti anu leuwih luas. Mun
> make 'gelombang' mah asa kurang pas. Sacara fonologis KURANG nyunda
> ceuk kuring mah. Lian ti kitu, engke mun ge- na dipiceun bakal disebut
> lombang deuih he he he.
> 

Balik kana istilah 'gelombang'. Sigana mah asa leuwih payus mun
dipadanan ku kecap 'lambak'we. Ieu kecap dibere harti anu leuwih luas.
Misalna ieu kecap bisa dipake keur ngaganti kecap frekuensi (radio)
(?), anu ngandung harti gelombang tea.

Mimitina mah memang karasa aneh, tapi mun geus loba nu makena mah...
jadi biasa geura.

Anu jadi beungbeurat kuring dipakena kecap 'gelombang'teh, bakal hese
ngalarapkeunana dina kalimah Sunda. Kumaha narjamahkeunana
'bergelombang'? Jadi lolombangan kitu he he he. Tah, lebah lambak mah,
pan bisa jadi lalambakan jang padanan 'bergelombang'?

Meureun..... he he he.

baktos,

Rahman

Kirim email ke