Bah W,
Sae na mah dibubarkeun wae Bah... atanapi di lebur ka FISIPOL UNPAD. Sumedang 
ti baheula dugika ayeuna ngalahirkeun tokoh-2 anu yahud anu gaduh pamikiran 
positif sapertos anu disebutkeun ku Abah + Kang Muhtar K + Kang Sarwono K + 
Kang Mubiar Purwasasmita anu paduli masalah lingkungan... Ahli Geol-ogi Kang 
RP. Koesoemadinata, jrrd. 

Sumedang hartosna sanes Susu Mekar sagedegeDang atawa Suka Membunuh dan 
MenenDang sapertos anu dilakukeun di IPDN tapi... Sumedang ~ Insun Medal Insun 
Madangan ... kuring lahir keur nyaangan alam dunia ... janten patukang tonggong 
pisan sareng kanyataan ayeuna di IPDN anu Suka Membunuh & Menendang. Maenya 
bade nyaangan ku cara kekerasan. Padahal Eyang Guru Perbu Aji Putih Bapana 
Prabu Tadjimalela anu ngucapkeun kalimah di luhur eta oge gaduh konsep 
ngabersihkeun hate... anu saur Kang Herwig Zahorka anu nulis buku The Sunda 
Kingdoms of West Java anu pendak sareng abdi minggu kapengker, nyarios saurna 
di western culture mah ceunah konsepna AJI PUTIH teh namina PURIFICATION 
CONCEPT... alias ngabersihkeun diri tina rereged jeung kokotor dunya... eta sae 
pisan. Manehna oge muji pisan ka Sunda teh... ceunah mah... prinsip-2 Kasundaan 
teh edun suredun ajiiib pisan :D. Anjeuna salaku urang Jerman oge dugika 
tertarik pisan ku sajarah oge falsafah kasundaan teh dugika ngahajakeun nulis 
tentang kasundaan walopun anjeuna salesna ahli kahutanan.

Sumedang jaman kapungkur jelemana bareresih hatena ... malahan Raden Aria 
Suriatamaja oge dina prasasti tugu lingga anu aya di alun-2 Sumedang oge 
nulis... nagara urang bakal maju lamun di pimpin ku jelema anu beresih jeung 
bijak sana ... nyambung kana concept-na AJI PUTIH tea.... atuuuuuuh kumaha rek 
jadi pamimpin anu wijaksana sareng beresih upami sautak saeutik NAJONG, sautak 
saeutik NABOX, sautak saeutik MAEHAN... padahal pan lulusan IPDN teh saurna mun 
teu janten Camat, Janten Lurah... atuuuh panginten cikal bakal janten pajabat 
sanes? 

Kedahna mah para Gegedug oge nu dilaluhur urang Sumedang kedah merhatikeun... 
jeung upami tiasa mah dibubarkeun we deuh... atawa di lebur janten salah sahiji 
jurusan di UNPAD... supados deuih engke seueur ti Universitas Umum anu janten 
pagawe Nagri... jatahna teu seepeun ku IPDN tea. 

Salam,
A


  ----- Original Message ----- 
  From: Waluya 
  To: [EMAIL PROTECTED] ; [EMAIL PROTECTED] ; [email protected] 
  Sent: Sunday, April 15, 2007 8:20 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] "Ngotoran" Sumedang -->IPDN


  Dina PR dinten ieu (15/4-2004), aya Surat Pembaca nu nyebutkeun yen kasus2 
  di IPDN/STPDN teh "ngotoran" para luluhur Sumedang. Nu nulis surat pembaca 
  ieu nyebutkeun yen Sumedang teh kungsi boga birokrat anu mihak ka rakyat, 
  sanajan diteken ku dununganana. Birokrat ieu Pangeran Kusumah Dinata nu 
  biasa disebut Pangeran Kornel, nu wani "ngalawan" Tuan "Mur Jangkung" alias 
  Deandles, Gubernur Jendral Hindia Belanda, nu maksa rakyat Sumedang nyieun 
  jalan di Cadas Pangeran nu kaayaan medanna kacida beuratna.

  Birokrat Sumedang di jaman kolonial nu dipikawanoh kulantaran boga sifat 
  "pamong", salian ti Pangeran Kornel, aya Pangeran Suria Atmaja, nu ceuk Dr. 
  Nina Lubis mah, dina acara Dialog dina TVRI Bandung, salah sahiji ikon 
  kapamingpinan Sunda. Aya Bupati Bandung RAA Martanagara, menak Sumedang, nu 
  ngawangun Bandung. Atuh di jaman republik, saha anu teu wanoh jeung aran Ali 
  Sadikin atawa Umar Wirahadikusumah?

  Sanajan ayeuna, Sumedang tetep "ngahasilkeun" kaum birokrat keur nagara ieu, 
  tapi nu dihasilkeun lain kokoncara ku kaalusan tapi ku kagorengan jeung 
  katelengesan. Dina minggu-minggu ieu aran Sumedang disebut unggal poe ku 
  media. Sumedang milu goreng, lain wae ku kasus kamari di IPDN, tapi oge ku 
  Pemda Sumedang nu ngagawekeun Narapidana ex mahasiswa STPDN nu nganiaya 
  Wahyu Hidayat tepi ka palastra di taun 2003. "Kagorengan" Sumedang 
  ditambahan ku aparat hukum Sumedang (baca: kajaksaan) teu newak Napi ieu, 
  padahal eta Napi digawe di kantor nu sakota (leutik) jeung kantor 
  kajaksaan!

  Salaku nu asalna ti Sumedang, kuring meredih, bubarkeun we IPDN teh atawa 
  tong aya di Sumedang. Kuring sapamikiran jeung nu nulis surat Pembaca dina 
  PR, sakola ieu geus ngotoran "luluhur" Sumedang ......

  Baktos,
  WALUYA

  --- In [email protected], nn4wjr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Mohammad Yasin Kara
  > Selasa, 10 April 2007 



  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke