Dina PR dinten ieu (15/4-2004), aya Surat Pembaca nu nyebutkeun yen kasus2 di IPDN/STPDN teh "ngotoran" para luluhur Sumedang. Nu nulis surat pembaca ieu nyebutkeun yen Sumedang teh kungsi boga birokrat anu mihak ka rakyat, sanajan diteken ku dununganana. Birokrat ieu Pangeran Kusumah Dinata nu biasa disebut Pangeran Kornel, nu wani "ngalawan" Tuan "Mur Jangkung" alias Deandles, Gubernur Jendral Hindia Belanda, nu maksa rakyat Sumedang nyieun jalan di Cadas Pangeran nu kaayaan medanna kacida beuratna.
Birokrat Sumedang di jaman kolonial nu dipikawanoh kulantaran boga sifat "pamong", salian ti Pangeran Kornel, aya Pangeran Suria Atmaja, nu ceuk Dr. Nina Lubis mah, dina acara Dialog dina TVRI Bandung, salah sahiji ikon kapamingpinan Sunda. Aya Bupati Bandung RAA Martanagara, menak Sumedang, nu ngawangun Bandung. Atuh di jaman republik, saha anu teu wanoh jeung aran Ali Sadikin atawa Umar Wirahadikusumah? Sanajan ayeuna, Sumedang tetep "ngahasilkeun" kaum birokrat keur nagara ieu, tapi nu dihasilkeun lain kokoncara ku kaalusan tapi ku kagorengan jeung katelengesan. Dina minggu-minggu ieu aran Sumedang disebut unggal poe ku media. Sumedang milu goreng, lain wae ku kasus kamari di IPDN, tapi oge ku Pemda Sumedang nu ngagawekeun Narapidana ex mahasiswa STPDN nu nganiaya Wahyu Hidayat tepi ka palastra di taun 2003. "Kagorengan" Sumedang ditambahan ku aparat hukum Sumedang (baca: kajaksaan) teu newak Napi ieu, padahal eta Napi digawe di kantor nu sakota (leutik) jeung kantor kajaksaan! Salaku nu asalna ti Sumedang, kuring meredih, bubarkeun we IPDN teh atawa tong aya di Sumedang. Kuring sapamikiran jeung nu nulis surat Pembaca dina PR, sakola ieu geus ngotoran "luluhur" Sumedang ...... Baktos, WALUYA --- In [EMAIL PROTECTED], nn4wjr <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Mohammad Yasin Kara > Selasa, 10 April 2007
