Ari urang Kulon mah sok nyebat kanu heunteu panuju kana nyandung teh nyaeta jalmi anu hoyong pisan ngalindungan awewe...So Suria Atmaja is one of our great feminist.early in the 20th century !!
--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > --- In [email protected], "Aasep" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Sumedang jaman kapungkur jelemana bareresih hatena > ... malahan > Raden > Aria Suriatamaja oge dina prasasti tugu > lingga anu aya di > alun-2 > > Sumedang oge nulis... nagara urang bakal maju > lamun di pimpin ku > > jelema anu beresih jeung bijak sana ... > > Koreksi sakedik Kang Asep. Tugu lingga di alun-alus > Sumedang, sanes > didamel ku Pangeran Aria Suria Atmaja, tapi didamel > ku pamarentah > Hindia Walanda keur pangeling-ngeling ka anjeunna nu > pupus di > Mekkah. Pangeran Aria Suria Atmaja, ceuk kuring mah > hiji bupati > pribumi nu boga wawasan jauh kahareup. Jasa-jasa > anjeunna tepi ka > ayeuna oge masih karasa boh ku urang Sumedang atawa > kunu diluar > Sumedang. Geura ieu contona: > > 1. Sawah-sawah di Sumedang umumna geus make irigasi > ti jaman baheula > keneh siga di lembur kuring. Umumna urang lembur > kuring teu aya nu > apal iraha irigasi keur sawah dijieun. Kaasup > almarhum pun Aki nu > lahir di taun 1901 .... > > 2. Sakola Pertanian di Tanjungsari. Ieu sakola > pertanian nu mimiti > di Indonesia. Pangeran Suria Atmaja sadar urang > sumedang hirupna > tina tatanen jadi anjeunna ngadegkeun sokola > tatanen. Ceuk beja mah > nu jadi pelaksana kahoyong Pangeran Suria Atmaja teh > Raden Sadikin > nu teu aya sanes ramana Ali Sadikin jeung Dokter > Hasan Sadikin nu > namina diabadikeun jadi nami RS Rancabadak Bandung. > > 3. Nuju anjeunna jadi Patih di Purwokerto (sateuacan > diangkat jadi > Bupati Sumedang), Pangeran Suria Atmaja, ngadegkeun > Bank Priyayi, > Bank munggaran keur kaum bumiputera. Bank Priyayi > ieu cikal bakalna > BRI ayeuna. Lamun teu salah di BRI Purwokerto aya > nami anjeunna > diabadikeun. > > 4. Nyieun sakola keur jalma cacad di Bandung (ayeuna > sakola Wiyata > Guna). Ieu oge sakola munggaran keur nu cacad. > > 5. Nu penting deuih, sanajan Pangeran Suria Atmaja > kalebet jalmi > religius deukeut ka agama (santri) tapi anjeunna > ngalarang ka > priyayi Sumedang nyandung!. Emut ieu larangan teh di > akhir abad ka > 19.... > > Jeung nu sanes deui. Pamarentah Hindia Walanda > kacida ngahargaanana > kana usaha2 Kangjeng Pangeran ieu ( nurutan Pun Aki > nu sok nyebat > wae Kanjeng Pangeran) sanajan bari rada curiga, > pasalna Kangjeng > Pangeran ngusulkeun supaya rakyat Bumiputera dilatih > kamiliteran > jeung pinter nyekel pakarang (bedil). Ditambah deuih > Kangjeng > Pangeran kungsi ngadongeng kapayuneun Residen > Priangan yen dina hiji > waktu bakal aya kajadian manuk bodas gelut jeung > manuk hideung. Nu > bakal meunang ceuk anjeunna .....manuk hideung. > > Kangjeng Pangeran teu gaduh putra, anjeunna pangsiun > teras angkat ka > Mekkah. DI Mekkah anjeunna ngantunkeun. Keur > pangeling-ngeling kana > jasa-jasana, pamarentah Walanda ngawangung lingga di > alun-alun > sumedang. Waktu diresmikeun, Gubernur jenderal > Hindia Walanda oge > dongkap, langit sumedang "dimeriahkeun" ku atraksi > kapal udara ...nu > jaman harita mah, masih bisa disebut "barang aneh". > > Baktos, > WALUYA > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
