IPDN Monopoli..KKN....ajang proek korupsi iuran PEMDA...Sumedang mah ngan domisili..rektor bali..dekan duka ti mana etah si lexie teh...
Anu kedah didukung mah Inu Kencana we lah...! --- Aasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Bah W, > Sae na mah dibubarkeun wae Bah... atanapi di lebur > ka FISIPOL UNPAD. Sumedang ti baheula dugika ayeuna > ngalahirkeun tokoh-2 anu yahud anu gaduh pamikiran > positif sapertos anu disebutkeun ku Abah + Kang > Muhtar K + Kang Sarwono K + Kang Mubiar Purwasasmita > anu paduli masalah lingkungan... Ahli Geol-ogi Kang > RP. Koesoemadinata, jrrd. > > Sumedang hartosna sanes Susu Mekar sagedegeDang > atawa Suka Membunuh dan MenenDang sapertos anu > dilakukeun di IPDN tapi... Sumedang ~ Insun Medal > Insun Madangan ... kuring lahir keur nyaangan alam > dunia ... janten patukang tonggong pisan sareng > kanyataan ayeuna di IPDN anu Suka Membunuh & > Menendang. Maenya bade nyaangan ku cara kekerasan. > Padahal Eyang Guru Perbu Aji Putih Bapana Prabu > Tadjimalela anu ngucapkeun kalimah di luhur eta oge > gaduh konsep ngabersihkeun hate... anu saur Kang > Herwig Zahorka anu nulis buku The Sunda Kingdoms of > West Java anu pendak sareng abdi minggu kapengker, > nyarios saurna di western culture mah ceunah > konsepna AJI PUTIH teh namina PURIFICATION > CONCEPT... alias ngabersihkeun diri tina rereged > jeung kokotor dunya... eta sae pisan. Manehna oge > muji pisan ka Sunda teh... ceunah mah... prinsip-2 > Kasundaan teh edun suredun ajiiib pisan :D. Anjeuna > salaku urang Jerman oge dugika tertarik pisan ku > sajarah oge falsafah kasundaan teh dugika > ngahajakeun nulis tentang kasundaan walopun anjeuna > salesna ahli kahutanan. > > Sumedang jaman kapungkur jelemana bareresih hatena > ... malahan Raden Aria Suriatamaja oge dina prasasti > tugu lingga anu aya di alun-2 Sumedang oge nulis... > nagara urang bakal maju lamun di pimpin ku jelema > anu beresih jeung bijak sana ... nyambung kana > concept-na AJI PUTIH tea.... atuuuuuuh kumaha rek > jadi pamimpin anu wijaksana sareng beresih upami > sautak saeutik NAJONG, sautak saeutik NABOX, sautak > saeutik MAEHAN... padahal pan lulusan IPDN teh > saurna mun teu janten Camat, Janten Lurah... atuuuh > panginten cikal bakal janten pajabat sanes? > > Kedahna mah para Gegedug oge nu dilaluhur urang > Sumedang kedah merhatikeun... jeung upami tiasa mah > dibubarkeun we deuh... atawa di lebur janten salah > sahiji jurusan di UNPAD... supados deuih engke > seueur ti Universitas Umum anu janten pagawe > Nagri... jatahna teu seepeun ku IPDN tea. > > Salam, > A > > > ----- Original Message ----- > From: Waluya > To: [EMAIL PROTECTED] ; > [EMAIL PROTECTED] ; > [email protected] > Sent: Sunday, April 15, 2007 8:20 PM > Subject: [Baraya_Sunda] "Ngotoran" Sumedang > -->IPDN > > > Dina PR dinten ieu (15/4-2004), aya Surat Pembaca > nu nyebutkeun yen kasus2 > di IPDN/STPDN teh "ngotoran" para luluhur > Sumedang. Nu nulis surat pembaca > ieu nyebutkeun yen Sumedang teh kungsi boga > birokrat anu mihak ka rakyat, > sanajan diteken ku dununganana. Birokrat ieu > Pangeran Kusumah Dinata nu > biasa disebut Pangeran Kornel, nu wani "ngalawan" > Tuan "Mur Jangkung" alias > Deandles, Gubernur Jendral Hindia Belanda, nu > maksa rakyat Sumedang nyieun > jalan di Cadas Pangeran nu kaayaan medanna kacida > beuratna. > > Birokrat Sumedang di jaman kolonial nu dipikawanoh > kulantaran boga sifat > "pamong", salian ti Pangeran Kornel, aya Pangeran > Suria Atmaja, nu ceuk Dr. > Nina Lubis mah, dina acara Dialog dina TVRI > Bandung, salah sahiji ikon > kapamingpinan Sunda. Aya Bupati Bandung RAA > Martanagara, menak Sumedang, nu > ngawangun Bandung. Atuh di jaman republik, saha > anu teu wanoh jeung aran Ali > Sadikin atawa Umar Wirahadikusumah? > > Sanajan ayeuna, Sumedang tetep "ngahasilkeun" kaum > birokrat keur nagara ieu, > tapi nu dihasilkeun lain kokoncara ku kaalusan > tapi ku kagorengan jeung > katelengesan. Dina minggu-minggu ieu aran Sumedang > disebut unggal poe ku > media. Sumedang milu goreng, lain wae ku kasus > kamari di IPDN, tapi oge ku > Pemda Sumedang nu ngagawekeun Narapidana ex > mahasiswa STPDN nu nganiaya > Wahyu Hidayat tepi ka palastra di taun 2003. > "Kagorengan" Sumedang > ditambahan ku aparat hukum Sumedang (baca: > kajaksaan) teu newak Napi ieu, > padahal eta Napi digawe di kantor nu sakota > (leutik) jeung kantor > kajaksaan! > > Salaku nu asalna ti Sumedang, kuring meredih, > bubarkeun we IPDN teh atawa > tong aya di Sumedang. Kuring sapamikiran jeung nu > nulis surat Pembaca dina > PR, sakola ieu geus ngotoran "luluhur" Sumedang > ...... > > Baktos, > WALUYA > > --- In [email protected], nn4wjr > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Mohammad Yasin Kara > > Selasa, 10 April 2007 > > > > . > > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com
