--- In [email protected], "Aasep" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sumedang jaman kapungkur jelemana bareresih hatena ... malahan Raden > Aria Suriatamaja oge dina prasasti tugu lingga anu aya di alun-2 > Sumedang oge nulis... nagara urang bakal maju lamun di pimpin ku > jelema anu beresih jeung bijak sana ...
Koreksi sakedik Kang Asep. Tugu lingga di alun-alus Sumedang, sanes didamel ku Pangeran Aria Suria Atmaja, tapi didamel ku pamarentah Hindia Walanda keur pangeling-ngeling ka anjeunna nu pupus di Mekkah. Pangeran Aria Suria Atmaja, ceuk kuring mah hiji bupati pribumi nu boga wawasan jauh kahareup. Jasa-jasa anjeunna tepi ka ayeuna oge masih karasa boh ku urang Sumedang atawa kunu diluar Sumedang. Geura ieu contona: 1. Sawah-sawah di Sumedang umumna geus make irigasi ti jaman baheula keneh siga di lembur kuring. Umumna urang lembur kuring teu aya nu apal iraha irigasi keur sawah dijieun. Kaasup almarhum pun Aki nu lahir di taun 1901 .... 2. Sakola Pertanian di Tanjungsari. Ieu sakola pertanian nu mimiti di Indonesia. Pangeran Suria Atmaja sadar urang sumedang hirupna tina tatanen jadi anjeunna ngadegkeun sokola tatanen. Ceuk beja mah nu jadi pelaksana kahoyong Pangeran Suria Atmaja teh Raden Sadikin nu teu aya sanes ramana Ali Sadikin jeung Dokter Hasan Sadikin nu namina diabadikeun jadi nami RS Rancabadak Bandung. 3. Nuju anjeunna jadi Patih di Purwokerto (sateuacan diangkat jadi Bupati Sumedang), Pangeran Suria Atmaja, ngadegkeun Bank Priyayi, Bank munggaran keur kaum bumiputera. Bank Priyayi ieu cikal bakalna BRI ayeuna. Lamun teu salah di BRI Purwokerto aya nami anjeunna diabadikeun. 4. Nyieun sakola keur jalma cacad di Bandung (ayeuna sakola Wiyata Guna). Ieu oge sakola munggaran keur nu cacad. 5. Nu penting deuih, sanajan Pangeran Suria Atmaja kalebet jalmi religius deukeut ka agama (santri) tapi anjeunna ngalarang ka priyayi Sumedang nyandung!. Emut ieu larangan teh di akhir abad ka 19.... Jeung nu sanes deui. Pamarentah Hindia Walanda kacida ngahargaanana kana usaha2 Kangjeng Pangeran ieu ( nurutan Pun Aki nu sok nyebat wae Kanjeng Pangeran) sanajan bari rada curiga, pasalna Kangjeng Pangeran ngusulkeun supaya rakyat Bumiputera dilatih kamiliteran jeung pinter nyekel pakarang (bedil). Ditambah deuih Kangjeng Pangeran kungsi ngadongeng kapayuneun Residen Priangan yen dina hiji waktu bakal aya kajadian manuk bodas gelut jeung manuk hideung. Nu bakal meunang ceuk anjeunna .....manuk hideung. Kangjeng Pangeran teu gaduh putra, anjeunna pangsiun teras angkat ka Mekkah. DI Mekkah anjeunna ngantunkeun. Keur pangeling-ngeling kana jasa-jasana, pamarentah Walanda ngawangung lingga di alun-alun sumedang. Waktu diresmikeun, Gubernur jenderal Hindia Walanda oge dongkap, langit sumedang "dimeriahkeun" ku atraksi kapal udara ...nu jaman harita mah, masih bisa disebut "barang aneh". Baktos, WALUYA
