--- In [email protected], "Hilda Rumambi" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hehehe...si lexi teh ditingali tina fam na mah sigana mah ti 
> manado...malu-maluin aja...!! pdhal korban juga org manado..huh!!!

Teh Hilda, Rektor nu ayeuna, nu ngaganti rektor nu urang Bali, oge 
urang Manado ....malah cenah mantan sekda Sulut kitu?

Kumaha di Poso Teh, beuki aman? ...tapi cenah aya bom deui. Tapi 
mudah2an we teu ting beledug deui .... karunya ka urang Poso ari 
riweuh wae mah.

Teh Hilda tos nganjang ka Minahasa? ...sigana mah sering nya, da 
caket, ngan kudu "ngojay" di selat Tomini ...hehehehe da make jalan 
darat mah kudu nguriling heula.  Sapuluh taun katukang, kuring kungsi 
taang-toong di Noongan. Enya ...pan di Minahasa mah aya aran tempat nu 
aranna NOONGAN (kota kacamatan).

Resep lah di Minahasa teh, suasanana siga di Priangan, pagunungan, 
sawah jeung kebon cengkeh. Nu lucu mah barudak sakola, ari ngaliwat ka 
hareupeun teh, sok ngucapkeun permisi, "Tabiek...Tabiek", cenah bari 
bareng. Lamun poe Minggu, resep ningalikeun nu ka Gereja, ngalabring, 
gararinding, pakasep-kasep jeung pageulis-geulis. 

Ngan teu resepna, eta ari unjung-anjang heug disuguhan, nu disuguhkeun 
teh lain cai teh atawa kopi, tapi ....saguer, inuman heuras tina 
lahang (nira enau). Leuh ...kuring mah saregot ge, langsung puyeng 
sirah teh. Tungtungna jadi teu wani unjung-anjang, ngahekok we di mess 
di Lahendong....da ari teu diinum, bisi pajarkeun teu sopan.

Ah ....jadi waas, hayang deui apruk-aprukan ka Minahasa ....
 

Baktos,
WALUYA


 


Kirim email ke