hehehe...si lexi teh ditingali tina fam na mah sigana mah ti 
manado...malu-maluin aja...!! pdhal korban juga org manado..huh!!!

  ----- Original Message ----- 
  From: surtiwa surtiwa 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, April 16, 2007 12:46 PM
  Subject: Re: [Baraya_Sunda] "Ngotoran" Sumedang -->IPDN


  IPDN Monopoli..KKN....ajang proek korupsi iuran
  PEMDA...Sumedang mah ngan domisili..rektor bali..dekan
  duka ti mana etah si lexie teh...

  Anu kedah didukung mah Inu Kencana we lah...!

  --- Aasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  > Bah W,
  > Sae na mah dibubarkeun wae Bah... atanapi di lebur
  > ka FISIPOL UNPAD. Sumedang ti baheula dugika ayeuna
  > ngalahirkeun tokoh-2 anu yahud anu gaduh pamikiran
  > positif sapertos anu disebutkeun ku Abah + Kang
  > Muhtar K + Kang Sarwono K + Kang Mubiar Purwasasmita
  > anu paduli masalah lingkungan... Ahli Geol-ogi Kang
  > RP. Koesoemadinata, jrrd. 
  > 
  > Sumedang hartosna sanes Susu Mekar sagedegeDang
  > atawa Suka Membunuh dan MenenDang sapertos anu
  > dilakukeun di IPDN tapi... Sumedang ~ Insun Medal
  > Insun Madangan ... kuring lahir keur nyaangan alam
  > dunia ... janten patukang tonggong pisan sareng
  > kanyataan ayeuna di IPDN anu Suka Membunuh &
  > Menendang. Maenya bade nyaangan ku cara kekerasan.
  > Padahal Eyang Guru Perbu Aji Putih Bapana Prabu
  > Tadjimalela anu ngucapkeun kalimah di luhur eta oge
  > gaduh konsep ngabersihkeun hate... anu saur Kang
  > Herwig Zahorka anu nulis buku The Sunda Kingdoms of
  > West Java anu pendak sareng abdi minggu kapengker,
  > nyarios saurna di western culture mah ceunah
  > konsepna AJI PUTIH teh namina PURIFICATION
  > CONCEPT... alias ngabersihkeun diri tina rereged
  > jeung kokotor dunya... eta sae pisan. Manehna oge
  > muji pisan ka Sunda teh... ceunah mah... prinsip-2
  > Kasundaan teh edun suredun ajiiib pisan :D. Anjeuna
  > salaku urang Jerman oge dugika tertarik pisan ku
  > sajarah oge falsafah kasundaan teh dugika
  > ngahajakeun nulis tentang kasundaan walopun anjeuna
  > salesna ahli kahutanan.
  > 
  > Sumedang jaman kapungkur jelemana bareresih hatena
  > ... malahan Raden Aria Suriatamaja oge dina prasasti
  > tugu lingga anu aya di alun-2 Sumedang oge nulis...
  > nagara urang bakal maju lamun di pimpin ku jelema
  > anu beresih jeung bijak sana ... nyambung kana
  > concept-na AJI PUTIH tea.... atuuuuuuh kumaha rek
  > jadi pamimpin anu wijaksana sareng beresih upami
  > sautak saeutik NAJONG, sautak saeutik NABOX, sautak
  > saeutik MAEHAN... padahal pan lulusan IPDN teh
  > saurna mun teu janten Camat, Janten Lurah... atuuuh
  > panginten cikal bakal janten pajabat sanes? 
  > 
  > Kedahna mah para Gegedug oge nu dilaluhur urang
  > Sumedang kedah merhatikeun... jeung upami tiasa mah
  > dibubarkeun we deuh... atawa di lebur janten salah
  > sahiji jurusan di UNPAD... supados deuih engke
  > seueur ti Universitas Umum anu janten pagawe
  > Nagri... jatahna teu seepeun ku IPDN tea. 
  > 
  > Salam,
  > A
  > 
  > 
  > ----- Original Message ----- 
  > From: Waluya 
  > To: [EMAIL PROTECTED] ;
  > [EMAIL PROTECTED] ;
  > [email protected] 
  > Sent: Sunday, April 15, 2007 8:20 PM
  > Subject: [Baraya_Sunda] "Ngotoran" Sumedang
  > -->IPDN
  > 
  > 
  > Dina PR dinten ieu (15/4-2004), aya Surat Pembaca
  > nu nyebutkeun yen kasus2 
  > di IPDN/STPDN teh "ngotoran" para luluhur
  > Sumedang. Nu nulis surat pembaca 
  > ieu nyebutkeun yen Sumedang teh kungsi boga
  > birokrat anu mihak ka rakyat, 
  > sanajan diteken ku dununganana. Birokrat ieu
  > Pangeran Kusumah Dinata nu 
  > biasa disebut Pangeran Kornel, nu wani "ngalawan"
  > Tuan "Mur Jangkung" alias 
  > Deandles, Gubernur Jendral Hindia Belanda, nu
  > maksa rakyat Sumedang nyieun 
  > jalan di Cadas Pangeran nu kaayaan medanna kacida
  > beuratna.
  > 
  > Birokrat Sumedang di jaman kolonial nu dipikawanoh
  > kulantaran boga sifat 
  > "pamong", salian ti Pangeran Kornel, aya Pangeran
  > Suria Atmaja, nu ceuk Dr. 
  > Nina Lubis mah, dina acara Dialog dina TVRI
  > Bandung, salah sahiji ikon 
  > kapamingpinan Sunda. Aya Bupati Bandung RAA
  > Martanagara, menak Sumedang, nu 
  > ngawangun Bandung. Atuh di jaman republik, saha
  > anu teu wanoh jeung aran Ali 
  > Sadikin atawa Umar Wirahadikusumah?
  > 
  > Sanajan ayeuna, Sumedang tetep "ngahasilkeun" kaum
  > birokrat keur nagara ieu, 
  > tapi nu dihasilkeun lain kokoncara ku kaalusan
  > tapi ku kagorengan jeung 
  > katelengesan. Dina minggu-minggu ieu aran Sumedang
  > disebut unggal poe ku 
  > media. Sumedang milu goreng, lain wae ku kasus
  > kamari di IPDN, tapi oge ku 
  > Pemda Sumedang nu ngagawekeun Narapidana ex
  > mahasiswa STPDN nu nganiaya 
  > Wahyu Hidayat tepi ka palastra di taun 2003.
  > "Kagorengan" Sumedang 
  > ditambahan ku aparat hukum Sumedang (baca:
  > kajaksaan) teu newak Napi ieu, 
  > padahal eta Napi digawe di kantor nu sakota
  > (leutik) jeung kantor 
  > kajaksaan!
  > 
  > Salaku nu asalna ti Sumedang, kuring meredih,
  > bubarkeun we IPDN teh atawa 
  > tong aya di Sumedang. Kuring sapamikiran jeung nu
  > nulis surat Pembaca dina 
  > PR, sakola ieu geus ngotoran "luluhur" Sumedang
  > ......
  > 
  > Baktos,
  > WALUYA
  > 
  > --- In [email protected], nn4wjr
  > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > >
  > > Mohammad Yasin Kara
  > > Selasa, 10 April 2007 
  > 
  > 
  > 
  > . 
  > 
  > 
  > [Non-text portions of this message have been
  > removed]
  > 
  > 

  __________________________________________________
  Do You Yahoo!?
  Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
  http://mail.yahoo.com 


   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke