saur akang anu ngageugeuh nagara kapitalis tea, kapengker parantos nyerat dian 
e-mail, yen dina ieu forum teh kudu jelas ARGUMENTASINA, sakaterang simkuring 
anu bodo, anu sakola teu luhur, ari argumentasi teh pan ditopang ku dua hal anu 
ngajadikeun hiji argumentasi salian ti logis oge ngadeukeutan objektivitas: 
hiji hal objektif (data jeung teori), dua hal subjektif (opini atawa ide).

kunaon atuh nya Undang-undang Penanaman Modal Asing (UUPMA) diterapkeun ku Orde 
Baru ti mimiti taun 70-an, EXXON MOBIL datang, Freeport oge aya, Newmont 
daratang, Nesle, Mitsubishi, Toyota, jrrd. tapi kunaon kamiskinan teu daek 
leungit ti ieu lemah cai urang teh kang?

cik ah gamblangna

Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  --- In 
[email protected], rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
 
 > mun akang teu percaya yen organisasi sebagai solusi konkret, terus 
 >solusi anu paling konkret ceuk salira teh naon atuh, baraya?
 > 
 
 Kang,
 
 Sakali deui atuh ngarah jelas, solusi kuring mah moal hese2. PAKE
 sistem kapitalismeu! Kuring nyebutkeun... sistem kapitalismeu ibarat
 UBAR paten ti dokter jang merangan panyakit pangangguran. Mun teu
 kongkret ieu argumen kuring, rek dianggap naon atuh? Lueih kongkret...
 investasi luar negeri (kapitalis) sina asup ka RI. Loba investor sarua
 jeung loba lahan pagawean lin? Mun loba lahan pagawean, pangagguran
 ngurangan. Mun pangangguran ngurangan, hartina jelema bisa hirup.
 
 Logika kuring mah sederhana pisan. Teu perlu jeung teu hayang
 teteorian, nempo kaayaan jeung ngabanding2 nu aya we....
 
 Kuring cicing di nagara kapitalis. Pernah maca warta anu nerangkeun
 aya warga nagara kapitalis anu busung lapar teu?
 Nempo... masyarakat di dieu BISA hirup merenah jeung tumaninah.
 Sababna? Heueuh... MAKE sistem kapitalis! Hak2 BURUH di dieu dipihormat. 
 Kieu atuh ngarah jelas mah... bandingkeun we gajih tukang sasapu di NL
 jeung gajih dosen di RI? Kumaha tah? Saha nu diekspolitasi ku saha?
 
 Ceuk kruing mah aya hadena ULAH ngabandingkeun per nagara, tapi mikro
 di jero hiji nagara, ambeh boga gambaran anu leuwih jejeg.
 
 Anu jadi masalah... KUNAON kaayaan RI teu menyat2 bae? Anu jadi
 kaheran kuring mah, loba teuing jelema anu neangan kasalahan batur.
 Jadi korban itu... jadi korban eta lah. Ari sakuduna mah nalipak
 maneh, lain neumbleuhkeun kasalahan ka baturwae. 
 
 Pikiran.... kunaon sistem pasar TEU jalan di RI, padahal di batur mah
 ku make ieu sistem jadi lubak libuk.
 
 Conto kongkrit? Tempo Jepun.  Taun 1945 Jepun ANCUR dina sagala2 na.
 Eleh perang... malah dibomatom sagala!!!! Tapi, urang Jepun mah
 pinter. Maranehna ngajiplak sistem musuh anu ngelehkeunana (Kapitalis
 Amrik!)... dina waktu 20 taun PAN geus karasa hasilna. Conto kongkrit
 sejen na? Korea Kidul!
 
 Ah ... loba teuing ngawadulna euy! ;))
 
 baktos,
 
 Rahman
 
 
     
                       

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke