Ari diemut2 mah leres abdi oge teu ngarti..katingalina
eta sistim kapitalisme teh goeng pisan..jahat...naon
wae pokona mah...tapi ari palebah kumaha prakna
ngaleungitkeun atanapi ngalawan atanapi solusi keur
kasahteraan balarea... jadi asa luber teuing konteksna
.teu jelas domain padungdeng na...naha ieu teh kritik
kapitalisme (teu ningali anu ngaaluskeun ti anu
ngritik) seratan kang Budi...tapi ngan kang Budi anu
tos "predetermined" yen kapitalisme mah
goreng..jahat..teu nanaon da eta mah pan
pamadegan....nah palebah kumaha solusi praktisna
..turug2 ku patarosan bah Willy..kumaha ngayakeun
pagawean..teras salah sahijina nya Self
Organizing..Tapi mana heula anu aya Pausahaan atanapi
Organisasi Self Organizing ieu..Kumaha nya....Ck
caangan praktisna.....Atuh rada lieur abdi kumaha
prak2an nana..Abdi tos ngalaman ngalola Kopearsi,
Penasihat Pausahaan alit, jadi buruh,
konfrontasi/kerjasama sareng SBSI/SPSI/BIpartit/LSM
Buruh/Birokrat...teu nyambung lantaran...pas ditaros
dasar anu konseptualna mah teu aya...ngan ka"induksi"
ku interpretasi pamahaman wae..samisal  cenah hoyong
hartos sosialis dipraktekkeun, pemerataan, cemburu
sosial, what's for me, tarjamah bebas
reformasi,sumanget share for the welfare....bagi2
rejeki....

--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> >From: "rahmi budi" <[EMAIL PROTECTED]>
> > lain solusi atuh ari nanya mah " Balik deui ka
> soal buruh, ari ceuk kuring
> > mah, solusina ayeuna keur nagara urang, KUMAHA
> NYADIAKEUN
> > LAPANGAN PAGAWEAN. Nu jelas ayeuna.
> > tah ayeuna mun cara jangka panjang anu disusulkeun
> ku simkuring melalui
> > pembangunan SELF ORGANIZING dianggap SALAH, saur
> salira solusina
> > kedah kumaha?
> > aya henteu usulan solusi ti salira?
> 
> Terus terang, kuring mah  TEU PATI NGARTI kana
> seratan kang Budi teh. Maklum
> kuring mah sapopoena hirup dina hal-hal praktis wae.
> Teu pati apal
> kana -teori sosial/ekonomi komo jeung  aran
> jelemana. Soal Solusi kang Budi,
> nyieun organisasi ti handap, kuring ge teu
> nyalahkeun, nya mangga wae. Terus
> nu rek dijieun teh organisasi naon? koperasi?
> syarikat? yayasan? . Atuh hal
> eta mah ti baheula keneh oge geus dilaksanakeun, boh
> ku masyarakat atawa ku
> nagara oge dianjurkeun. Komo ayeuna mah PABAYATAK,
> teu kaitung. Masalahna
> lain soal nyieun kumpulan jelema, tapi kudu jelas
> heula tujuanana, jelas
> manajemenna, jeung pangpangna mah lamun eta
> organisasi usaha, nu mimpinna
> kudu JUJUR, lain mentingkeun sorangan. Loba koperasi
> nu diwangun ti handap,
> nu waktu keur leutik mah maju, tapi waktu ngagedean,
> malah jadi ancur,
> akibat KAPENTINGAN NU BEDA diantara anggota.
> 
> Tah Kang Budi, hal anu pamohalan  dipiceun dina
> sifat manusa, nyaeta  miceun
> KAPENTINGAN SORANGAN kaasup EGOna. Kuring kungsi
> nulis didieu, manusa mah
> lain SIREUM atawa NYIRUAN, sanajan papada mangkeluk
> sosial. Sireum jeung
> Nyiruan, hiji mangkeluk  nu teu boga KAPENTINGAN
> PRIBADI, hirupna estu
> eukeur komunitasna.  Manusa mah beda, boga kahayang
> sorangan, boga 
> kapentingan sorangan nu kadarna oge BEDA-BEDA.
> Didieu hesena ngaorganisasi 
> manusa, sabab kudu ngaakomodir kabeh kapentingan.
> 
> Hiji-hijina cara ngaakomodir kapentingan, nya ku
> jalan DIATUR/DITATA, tapi 
> henteu mendet masing2 kapentingan jelema. Contona
> aya jelema pinter 
> kabina-bana, nya tong dihalang-halang, keun we sina
> nyongcolang, tepi ka 
> tina kapinteran manehna teh, aya manfaatna keur
> batur, Analogi nu sarua, aya 
> jelema sarakah jeung pinter usaha, nya keun we antep
> da eta mah karesepna, 
> sina beuki numpuk kakayaanana, ngan beuki loba
> panghasilan manehna, BEUKI 
> GEDE DEUI PAJEGNA, keur ngabsubsidi  manusa nu  teu
> sauntung manehna. Ku 
> jalan model kieu, sigana KAMAKMURAN JEUNG KAADILAN
> bisa katepi lain ku cara 
> "mendet"!. Sistem sosialismeu model komunis,
> mopohokeun hal ieu, mopohokeun 
> yen manusa teh lain sireum, nu matak sistem ieu teu
> langgeng sabab NGALAWAN 
> FITRAH MANUSA!
> 
> Tah kitu prinsip kuring mah!
> 
> NB.
> 
> Supados teu serieus teuing, cobi Kang Budi,
> langganan komik Donald Bebek. 
> Didinya aya tokoh kartun PAMAN GOBER, pamanna Donal
> Bebek. Paman Gober, 
> kapitalis murni, Pinter inverstasi jeung beungharna
> kabina-bina, sarena wae 
> dina tumpukan duit. Ngan peditna kabina-bina, maca
> koran wae, tara nu pas 
> poena, tapi nu kamarina, ngarah teu meuli. Manusa
> samodel Paman Gober, 
> tangtu aya (malah boa-boa gambaran WALT DISNEY
> sorangan, nu nyeungseurikeun 
> kalakuanana sorangan), tah tinggal kumaha nagara
> ngamanfaatkeun kamampuan 
> manusa siga  Paman Gober, keur kamaslahatan sarerea.
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 



       
____________________________________________________________________________________
Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search 
that gives answers, not web links. 
http://mobile.yahoo.com/mobileweb/onesearch?refer=1ONXIC

Kirim email ke