> rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > kang, nurutkeun katerangan ti WALHI (wahan Lingkungan Hidup > Indoenesia), gara-gara dikuasaina sumber air ku PT Aqua-Danone, > sektor pertanian masyarakat sekitar jadi terbengkalai.
Di lembur kuring mah lain deui, lembur kuring di tutugan Tampomas, aya sirah cai Cipanteuneun Cimalaka, lumayan gede. Tah caina teh dipake keur pertanian (sawah). Di taun 1980'an, lamun teu salah mah, cai teh dipake ku PDAM Sumedang keur ka kota Sumedang (6 km). Akibatna loba sawah anu garing, da kakurangan cai. Lain jadi ribut, malah ceuk beja mah aya patani nu mawa bedog sagala. Saha cik nu kudu disalahkeun, urang Sumedang kota jeung patani di Cimalaka nu papada butuh cai, pamarentah anu ngatur atawa KAPITALISMEU global ???? Baktos, WALUYA
