Ke heula baraya, si sayah mah jadi heran deui bae, naha anu dimaksud kirang seueur investorna teh naon kang? jadi sing jentre, anu dimaksud ku simkuring mairan kang Rahman, naha enya ku cara ngadatangkeun investor asing saloba-lobana bakal ngaleungitkeun kemiskinan, menggratiskan pendidikan, BBM murah, harga-harga kebutuhan publik jadi semakin murah bahkan gratis, menurunkan angka pengangguran, jrrd.
kang, upami urang tinggali kana investasi anu terealisasi di Indonesia ayeuna, investasi asing sagede USD 3.706,00 juta sarua jeung kurang leuwih Rp. 37060 Milyar, sedengkeun domestik Rp. 18.616,90 Milyar. hartina investasi asing bener-bener mayoritas nguasaan ekonomi domestik sekitar 66.564%, kumaha rek di 100% asing?. inget kang investasi asing teu ngandung harti sebagai CHARITY pihak asing peikeun ngawangun Indonesia, sabab penguasaan asing terhadap sektor ekonomi memungkinkan akses terhadap hutang luar negeri semakin terbuka. da duit modal anu ngalir ka lemah cai teu salilana dina duit lancar, tapi ngahutangkeun. ati-ati baraya, penguasaan modal asing dina sektor-sektor VITAL publik terutama menyangkut hajat hirup balarea kaasup; engeri seperti listrik, BBM, komunikasi, pangan kaasup minuman, saperti aqua, jrrd, kulobana investor asing asup ka RI ulah dianggap bakal kalawan gampang pikeun nungkulan masalah-masalah di nagari ieu, baraya. eta kabeh hutang anu bungana susah diluansan tepika akhir tahun 2006 kamari Bank Indonesia nyutat hutang luar negeri RI sagede US$ 125,25 miliar. kumaha rek ngajual nagara ka batur? ngawariskeun hutang ka anak incu urang? tangtu moal meureunan nya hatur nuhun upami teu surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Tah ari nu ieu mah gampil pisan jawabna...kirang seueur investorna...eta teh Pausahaan anu arasup teh ngan ukur nampung tanaga ahli jeung satengah ahli hungkul paling2 190,000 an jelema. Endo teh perlu lowongan keur paling henteu 36 juta urang.... Jadi mun aja hiji pagawe teh nudamel di eta Pausahaan raksasa ..misalna gajih 5-10 juta tapi ari tangguangan sabereyek bisa 12-16 urang..nya susah wae atuh.. --- rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > kunaon atuh nya Undang-undang Penanaman Modal Asing > (UUPMA) diterapkeun ku Orde Baru ti mimiti taun > 70-an, EXXON MOBIL datang, Freeport oge aya, Newmont > daratang, Nesle, Mitsubishi, Toyota, jrrd. tapi > kunaon kamiskinan teu daek leungit ti ieu lemah cai > urang teh kang? > > cik ah gamblangna > > Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > --- In [email protected], > rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > mun akang teu percaya yen organisasi sebagai > solusi konkret, terus > >solusi anu paling konkret ceuk salira teh naon > atuh, baraya? > > > > Kang, > > Sakali deui atuh ngarah jelas, solusi kuring mah > moal hese2. PAKE > sistem kapitalismeu! Kuring nyebutkeun... sistem > kapitalismeu ibarat > UBAR paten ti dokter jang merangan panyakit > pangangguran. Mun teu > kongkret ieu argumen kuring, rek dianggap naon > atuh? Lueih kongkret... > investasi luar negeri (kapitalis) sina asup ka RI. > Loba investor sarua > jeung loba lahan pagawean lin? Mun loba lahan > pagawean, pangagguran > ngurangan. Mun pangangguran ngurangan, hartina > jelema bisa hirup. > > Logika kuring mah sederhana pisan. Teu perlu jeung > teu hayang > teteorian, nempo kaayaan jeung ngabanding2 nu aya > we.... > > Kuring cicing di nagara kapitalis. Pernah maca > warta anu nerangkeun > aya warga nagara kapitalis anu busung lapar teu? > Nempo... masyarakat di dieu BISA hirup merenah > jeung tumaninah. > Sababna? Heueuh... MAKE sistem kapitalis! Hak2 > BURUH di dieu dipihormat. > Kieu atuh ngarah jelas mah... bandingkeun we gajih > tukang sasapu di NL > jeung gajih dosen di RI? Kumaha tah? Saha nu > diekspolitasi ku saha? > > Ceuk kruing mah aya hadena ULAH ngabandingkeun per > nagara, tapi mikro > di jero hiji nagara, ambeh boga gambaran anu leuwih > jejeg. > > Anu jadi masalah... KUNAON kaayaan RI teu menyat2 > bae? Anu jadi > kaheran kuring mah, loba teuing jelema anu neangan > kasalahan batur. > Jadi korban itu... jadi korban eta lah. Ari > sakuduna mah nalipak > maneh, lain neumbleuhkeun kasalahan ka baturwae. > > Pikiran.... kunaon sistem pasar TEU jalan di RI, > padahal di batur mah > ku make ieu sistem jadi lubak libuk. > > Conto kongkrit? Tempo Jepun. Taun 1945 Jepun ANCUR > dina sagala2 na. > Eleh perang... malah dibomatom sagala!!!! Tapi, > urang Jepun mah > pinter. Maranehna ngajiplak sistem musuh anu > ngelehkeunana (Kapitalis > Amrik!)... dina waktu 20 taun PAN geus karasa > hasilna. Conto kongkrit > sejen na? Korea Kidul! > > Ah ... loba teuing ngawadulna euy! ;)) > > baktos, > > Rahman > > > > > > Send instant messages to your online friends > http://uk.messenger.yahoo.com > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > __________________________________________________________ Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story. Play Sims Stories at Yahoo! Games. http://sims.yahoo.com/ Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed]
