abdi mah teu kaharti ku kang Sur teh, naha siga anu niat pisan bade ngical nagara geuningan, Kang sababaraha taun katukang loba pisan masyarakat anu nolak pikeun privatisasi perusahaan nagara ka swasta, komo deui ka pihak asing, utamina pausahaan-pausahaan anu sifatna ngahasilkeun barang dan jasa pikeun kabutuhan rahayat. katurug-turug ayeuna aya sababaraha undang-undang anu ngadukung pihak asing pikeun nandasa rahayat utamana UU Penanaman Modal (PM), UU SDA, UU Migas dan Kelistrikan. anu utamana kulantaran euweuh kategesan dina ngeunaan investment zone jeung pembatasan sektor ekonomi anu gede pakaitna jeung kabutuhan vital rahayat. tapi ari kang Surtiwa malah hayang sababaraha ratus kali lipet deui ieu kakayaan nagara kudu digudar gedor ka batur geuning. tapi sing emut masalahna lain pengusaha asing versus pengusaha lokal. da keur naon pengusaha domestik oge ari sarua keneh jahat mah. anu jadi permasalahanana nyaeta rahayat jeung kapitalis internasional.
ari simkuring mah teu satuju lamun sakabeh pausahaan anu patali jeung hajat hirup rahayat saperti energei (misalna PLN, Pertamina, jrrd), bahan makanan dan minuman saperti (Air minum misalna PAM, Aqua, BULOG, jrrd), kasehatan (PT Indofarma, jrrd), transportasi (misal PT KAI, Garuda, jrrd), infrastruktur Publik (PT Jasa Marga, Wijaya Karya, jrrd), jeung rea-rea deui anu mangrupakeun pausahaan barang dan jasa kebutuhan publik teu bisa dikuasai ku swasta pon kitu deui asing. cobi emut ku salira saupamana sakabeh modal asing geus nguasaan pausahaan-pausahaan vital tadi tuluy hayang NAEKKEUN harga produkna SANGEUNAHNA rek kumaha bisa naon urang?, sasaha oge moal bisa kukumaha da hakna sorangan corporate base management, lamun permintaan naik berarti supply turun, mangka akan terjadi kelangkaan, mangka harga kudu naek sanes?, sedengkeun kapitalis tea pan teu paduli eta kabutuhan pokok rahayat atawa lain, tetep bae naekkeun harga. salian ti kitu pan ari penguasaa terhadap modal teh, kaasup penguasaan terhadap aset perusahaan, kaasup tanah, kumaha lamun kasusna siga di Pulau Bidadari, dimana modal asing nyepeng eta pulau, terus pulauna rek dijual ka batur kumaha tah, atuh meureun sarua jeung ngajual nagara eta teh. LAIN PHOBIA TAPI KANYATAAN kang, nurutkeun katerangan ti WALHI (wahan Lingkungan Hidup Indoenesia), gara-gara dikuasaina sumber air ku PT Aqua-Danone, sektor pertanian masyarakat sekitar jadi terbengkalai. ku dikuasaina PAM JAya ku Themes jeung PAlyja malah rahayat leutik jadi teu kabagean cai, kumaha tah eta teh kang?. loba conto di Aceh misal remen pisan aya kelangkaan minyak, padahal jarak ka Exxon mobile teu sajauh jarak ka Irak, di Papua kalaparan, padahal teu jauh ti dinya emas didulang ku batur, aya deui conto di daerah Cisewu Kabupaten Garut, kakarak asup listrik (PLN) ka eta daerah tahun 1997, padahal jarak Cisewu ka Situ Cileunca (salah sahiji Waduk Turbin PT PLN di Pangalengan) ukur 90 km jeung eta Turbin geus aya ti jaman Walanda keneh padahal mah. ku PLN bae anu notabene nagara geus sakitu terbengkalai, komodeui mun pihak asing anu nyepengna tangtu itungan EFISIENSI jeung efektivitas teh diperhatikeun pisan, da dianggap teu prospektif, mangka pemenuhan kebutuhan rahayat teu dipalire, sabab bisa ngarugikeun fungsi bisnis, komo deui mun batur anu nguasaan, tangtu taya ras-rasan, baraya. jeung bloba deui conto kasus anu sejenna. Permasalahanana lain pengusaha asing jeung domestik, tapi rahayat jeung penjahan internasional. ku dikuasaina perusahaan back up bubutuh rahayat kaleungitan fungsi sosial meleg-meleg jadi fungsi bisnis, kacida jahatna baraya, coba bae impleng misalna mun urang ngabisniskeun barang samodel cai ka rahayat, padahal cai teh milik rahayat anu kudu didistribusikeun ku pamarentah pikeun kamakmuran rahayat. hatur nuhun kanggo nambih aosan mangga tiasa di tinggali dina situ-situs di handap: http://www.kompas.com/kompas-cetak/0010/30/daerah/dile25.htm http://faisalbasri.com/Content/Aktifitas_Detail.asp?AktifitasID=157 http://www.globaljust.org/news_detail.php?catagori=&id=89 http://www.walhi.or.id/kampanye/air/privatisasi/050414_air_hrbumi_li/ http://www.walhi.or.id/kampanye/psda/uupsda/air_inknsistnsi_ruu_060204/ http://indoprogress.blogspot.com/2007/05/bermimpi-mengejar-investasi-asing.html surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Bener2 kirang seueur kedah 100 x lipet ti ayeuna, tapi syaratna bener2 asing sanes Proyek/Pausahaan Pamarentah anu dibiayaan ku duit injeuman ti asing. tapi bener2 investasi asing anu mawa duit sorangan ka nagri uang dibalanjakeun mayoritas didieu (asing na mah saha wae rek Amrik, Walanda,Arab,Cina, India jrd. Jenis investasina kudu dipilih utamina anu gede risikona lamun dijalankeun ku modal Nasional. pangusaha nasional lamun nginjeum duit apsti ka Bank BUMN...umuna lamun bangkrut jadi kredit macet jaeung loba kaulinan..Investasi anu padat modal jeung jangka panjang kudu diutamakeun samisal Paushaan minyak/gas, pertambangan skala gede, Industri Kontruksi Kalautan, Kilang Minyak, Indsutri Pembangkit listrik, kereta api swasta..jalan Toll jrrd. Anggapan klise anu ngangap modal asing bakal ngaruksak dina sektor anu jadi pokok kahirupan rakyat..ngan saukur phobia..rasional na mah hese dingartikeun...Justeru lamun pangusha nasional anu sok sangeunah udel...teu make kriteria jangka panjang..aanalisa sebab akibat... BBM, Listrik,Biaya pendidikan maahal...kulantaran resourcesnya teu nyukupan...hasil minyak/gas teh pan teu cukup keur kabutuhan balanja nagara...kulantaran volume na saeutik...kurang loba pausahaan Minyak.gas anu datang..ieu bener2 padat modal. nah kudu diusahakeun ulah make modal nasional..tadi tea..paling2 nginjeum ti Bank mandiri, BNI, lamun bangkrut Nagara ruksak... Lamun hasil minyak/tambang sanes loba ..ceuyah..volumena..leuwih ti kabutuhan domestik..pan genah...teu perlu subsidi...kulantaran pandapatan nagara (RAPBN) tina Gas jeung minyak jadi gede pisan ...harga BBM atanapi BBG jadi normal..harga PLN jadi normal dina economic scale..hartosna langkung awis tina ayeuna (anu disubsidi) tapi kayaan kauangan nagara secara ekonomi kuat...lapangan pekerjaan banyak karena banyak investasi...pengangguran berkurang...upah buruh naik.. Tapi bakal cilaka butut almun pamarentah anu ngayakeun investasi bari jrung nginjeum duit ka IMF atanapi nu sejenna..pan eta mah istilah tidak langsungna "rakyat" anu nginjeum bari jeung euweuh keur mayarna..tah ieu anu cialat teh... Dina gatra modal pangwangunan nagara urang pan anu gatra penting teh SDA..tah ieu anu kedah diutaamakeun keur ngadongkrak gatra2 sejenna... Anu mangpaatna ageung 1.Pausahaan Elektronik Korea, modal 100% Korea, padamel buruh lokal (ngurangan nu nganggur), produk export (devisa), bahan baku lokal 60%. 2. Carreforur, 100% modal asing Perancis, anu dijual 100% lokal,assembling, pagawe lokal, cukup padat karya 3. Pausahaan minyak XXX, modal 100% asing, Skala modal $ 400 juta/taun pagawe 90% lokal, balanja Domestik $ 100 juta/taun. Lilana operasi 30 taun. 4.Hotel, 100% modal asing, 95% padamel Lokal Anu kirang mangfaat mah; 1. Bank Asing, padamel lokal sakedik. Ulah seueur teuing , pentingna kanggo pangusaha wae. 2.Pausahaan asing anu nganggo bahan dasar >90% import. 3.Hotel Nasional, dibangun ku modal 100% injeuman ti Bank BUMN Anu mangpaat skala alit; 1. Modal nasional keur usaha rakyat sabangsa UKM. 2. Modal nasional keur ngabantu sektor informal. Strategi; 1. Usaha anu ageung resikona kedah ngango modal asing..ulah sakali2 ku pamarentah..naha ? Keur gede resiko na teh,...hayoh di korupsi. 2. Supply anu ngadukung hajat hirup rakyat kedah ditaqmbih ku modal asing. mass tranportation...Pompa bensin..pembangkit listrik swasta...PAM Swasta (jangan kerja sama jadi tambah mahal). 3. Exploitasi SDA kulantaran padat modal ulah nganggo modal domestik...lamun teu hasil cialat modal ludes..anu nginjeum pasang badan... 4.Pamarentah stop ngayakeun proyek sorangan..komo mun modalna nginjeum ti luar negeri.. Conto anu keur haneut..nya eta cadangan lapangan Gas natuna perlu investasi $ 13.5 Milyard ..tepi ka ayeena can aya anu nyanggupan kulantaran syarat ti pamarentah RI masih dianggap beuat ku calon investor asing....tapi lamun tos hasil dikembangkeun..panarimaan Nagara tina gas bakal nerekel luhur pisan....irahanya..... Ayeuna sagala haraese jeung mahal teh kulantaran siga aya nu nagtur yen supply teh sya dihandapeun demand....Di zaman Orde baru..waktos Pak harto ngayakeun gebrakan nanm cabe di pot jeung buruan..aya rerencangan...anu gagal paen cabe 4 hektar...kumargi harga anjlok...ongkos ngala sareng transport ka Jakarta langkung awis ti harga cabena....tah ieu oge supply and demand teh otomatis... --- rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ke heula baraya, si sayah mah jadi heran deui bae, > naha anu dimaksud kirang seueur investorna teh naon > kang? > jadi sing jentre, anu dimaksud ku simkuring mairan > kang Rahman, naha enya ku cara ngadatangkeun > investor asing saloba-lobana bakal ngaleungitkeun > kemiskinan, menggratiskan pendidikan, BBM murah, > harga-harga kebutuhan publik jadi semakin murah > bahkan gratis, menurunkan angka pengangguran, jrrd. > > kang, upami urang tinggali kana investasi anu > terealisasi di Indonesia ayeuna, investasi asing > sagede USD 3.706,00 juta sarua jeung kurang leuwih > Rp. 37060 Milyar, sedengkeun domestik Rp. 18.616,90 > Milyar. hartina investasi asing bener-bener > mayoritas nguasaan ekonomi domestik sekitar 66.564%, > kumaha rek di 100% asing?. inget kang investasi > asing teu ngandung harti sebagai CHARITY pihak asing > peikeun ngawangun Indonesia, sabab penguasaan asing > terhadap sektor ekonomi memungkinkan akses terhadap > hutang luar negeri semakin terbuka. da duit modal > anu ngalir ka lemah cai teu salilana dina duit > lancar, tapi ngahutangkeun. > > ati-ati baraya, penguasaan modal asing dina > sektor-sektor VITAL publik terutama menyangkut hajat > hirup balarea kaasup; engeri seperti listrik, BBM, > komunikasi, pangan kaasup minuman, saperti aqua, > jrrd, > > kulobana investor asing asup ka RI ulah dianggap > bakal kalawan gampang pikeun nungkulan > masalah-masalah di nagari ieu, baraya. > eta kabeh hutang anu bungana susah diluansan tepika > akhir tahun 2006 kamari Bank Indonesia nyutat hutang > luar negeri RI sagede US$ 125,25 miliar. kumaha rek > ngajual nagara ka batur? ngawariskeun hutang ka anak > incu urang? > tangtu moal meureunan nya > > hatur nuhun > > > > > upami teu > > surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tah ari nu ieu mah gampil > pisan jawabna...kirang > seueur investorna...eta teh Pausahaan anu arasup > teh > ngan ukur nampung tanaga ahli jeung satengah ahli > hungkul paling2 190,000 an jelema. Endo teh perlu > lowongan keur paling henteu 36 juta urang.... > Jadi mun aja hiji pagawe teh nudamel di eta > Pausahaan > raksasa ..misalna gajih 5-10 juta tapi ari > tangguangan > sabereyek bisa 12-16 urang..nya susah wae atuh.. > > --- rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > kunaon atuh nya Undang-undang Penanaman Modal > Asing > > (UUPMA) diterapkeun ku Orde Baru ti mimiti taun > > 70-an, EXXON MOBIL datang, Freeport oge aya, > Newmont > > daratang, Nesle, Mitsubishi, Toyota, jrrd. tapi > > kunaon kamiskinan teu daek leungit ti ieu lemah > cai > > urang teh kang? > > > > cik ah gamblangna > > > > Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > --- In > [email protected], > > rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > > > mun akang teu percaya yen organisasi sebagai > > solusi konkret, terus > > >solusi anu paling konkret ceuk salira teh naon > > atuh, baraya? > > > > > > > Kang, > > > > Sakali deui atuh ngarah jelas, solusi kuring mah > > moal hese2. PAKE > > sistem kapitalismeu! Kuring nyebutkeun... sistem > > kapitalismeu ibarat > > UBAR paten ti dokter jang merangan panyakit > > pangangguran. Mun teu > > kongkret ieu argumen kuring, rek dianggap naon > > atuh? Lueih kongkret... > > investasi luar negeri (kapitalis) sina asup ka > RI. > > Loba investor sarua > > jeung loba lahan pagawean lin? Mun loba lahan > > pagawean, pangagguran > > ngurangan. Mun pangangguran ngurangan, hartina > > jelema bisa hirup. > > > > Logika kuring mah sederhana pisan. Teu perlu > jeung > > teu hayang > > teteorian, nempo kaayaan jeung ngabanding2 nu > aya > > we.... > > > > Kuring cicing di nagara kapitalis. Pernah maca > > warta anu nerangkeun > > aya warga nagara kapitalis anu busung lapar teu? > > Nempo... masyarakat di dieu BISA hirup merenah > > jeung tumaninah. > > Sababna? Heueuh... MAKE sistem kapitalis! Hak2 > > BURUH di dieu dipihormat. > > Kieu atuh ngarah jelas mah... bandingkeun we > gajih > > tukang sasapu di NL > > jeung gajih dosen di RI? Kumaha tah? Saha nu > > diekspolitasi ku saha? > > > > Ceuk kruing mah aya hadena ULAH ngabandingkeun > per > > nagara, tapi mikro > > di jero hiji nagara, ambeh boga gambaran anu > leuwih > > jejeg. > > > > Anu jadi masalah... KUNAON kaayaan RI teu > menyat2 > > bae? Anu jadi > > kaheran kuring mah, loba teuing jelema anu > neangan > > kasalahan batur. > > Jadi korban itu... jadi korban eta lah. Ari > > sakuduna mah nalipak > > maneh, lain neumbleuhkeun kasalahan ka baturwae. > > > > > Pikiran.... kunaon sistem pasar TEU jalan di RI, > > padahal di batur mah > > ku make ieu sistem jadi lubak libuk. > > > > Conto kongkrit? Tempo Jepun. Taun 1945 Jepun > ANCUR > > dina sagala2 na. > > Eleh perang... malah dibomatom sagala!!!! Tapi, > > urang Jepun mah > > pinter. Maranehna ngajiplak sistem musuh anu > > ngelehkeunana (Kapitalis > > Amrik!)... dina waktu 20 taun PAN geus karasa > > hasilna. Conto kongkrit > > sejen na? Korea Kidul! > > > > Ah ... loba teuing ngawadulna euy! ;)) > > > > baktos, > > > > Rahman > > > > > > > > > > > > Send instant messages to your online friends > > http://uk.messenger.yahoo.com > > > > [Non-text portions of this message have been > > removed] > > > > > > > __________________________________________________________ > Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - > their life, your story. Play Sims Stories at Yahoo! > Games. > http://sims.yahoo.com/ > > > > > Send instant messages to your online friends > http://uk.messenger.yahoo.com > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > __________________________________________________________ Park yourself in front of a world of choices in alternative vehicles. Visit the Yahoo! Auto Green Center. http://autos.yahoo.com/green_center/ Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed]
