--- In [email protected], rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>

> simkuring rek balik nanya, cing sok aya cara sejen teu? lamun 
>Kapitalis salah, komunis gagal, Islam can aya, mangka sistem ekonomi 
>naon anu rek diterapkeun? sah-sah bae rek sistem lain oge, anu penting 
>logis ari meamang euweuh mah pelajaran ti sistem ideologi  anu aya 
>salila ieu?
> 

Haturan Kang,

Naha bet malik nanya geuning? ;)) Asana teh kuring mah TEU anti
nanahaon. Malah mah visi kuring ge jelas asana mah!

Kapitalis salah? Ceuk saha? Kuring mah JUSTRU nempokeun yen kapitalis
teh teu goreng2 teuing. Malah loba nu hade na. Masyarakat Kulon ge pan
mala'mur ku alatan sistem kapitalis lin? Puluhan kali kuring
nyebutkeun mendingan turutan we... sabab batur ge katingali hasilna
MAKE ieu sistem teh. Naha hayang malarat wae kitu?

COntona mah tempo Cina, nagara komunis anu jadi kapitalis ayeuna.
Cikeneh kamari JADI kapitalis, pan ayeuna geus nempatan urutan
kakuatan kadua kakuatan ekonomi dunya. Ari urang, kalah bet anti
itu... anti ieu... nya moal beak2... Mun kitu mah bakal malarat saumur2!

Rek nurutan nagara2 komunis/sosialis? Pek bae... da teu jalan sistem
na ge. Ari hayang malarat terus onaman mah! he he he...

Ngarah jelas, tingali diskusi kuring jeung Kang Yayan (masih keneh di
Aceh Kang Yan?)

Tingali thread ieu:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/message/11137

Ke mun aya waktu, diskusina urang teruskeun....

baktos,

Rahman

Kirim email ke