--- In [email protected], rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >
> mun akang teu percaya yen organisasi sebagai solusi konkret, terus >solusi anu paling konkret ceuk salira teh naon atuh, baraya? > Kang, Sakali deui atuh ngarah jelas, solusi kuring mah moal hese2. PAKE sistem kapitalismeu! Kuring nyebutkeun... sistem kapitalismeu ibarat UBAR paten ti dokter jang merangan panyakit pangangguran. Mun teu kongkret ieu argumen kuring, rek dianggap naon atuh? Lueih kongkret... investasi luar negeri (kapitalis) sina asup ka RI. Loba investor sarua jeung loba lahan pagawean lin? Mun loba lahan pagawean, pangagguran ngurangan. Mun pangangguran ngurangan, hartina jelema bisa hirup. Logika kuring mah sederhana pisan. Teu perlu jeung teu hayang teteorian, nempo kaayaan jeung ngabanding2 nu aya we.... Kuring cicing di nagara kapitalis. Pernah maca warta anu nerangkeun aya warga nagara kapitalis anu busung lapar teu? Nempo... masyarakat di dieu BISA hirup merenah jeung tumaninah. Sababna? Heueuh... MAKE sistem kapitalis! Hak2 BURUH di dieu dipihormat. Kieu atuh ngarah jelas mah... bandingkeun we gajih tukang sasapu di NL jeung gajih dosen di RI? Kumaha tah? Saha nu diekspolitasi ku saha? Ceuk kruing mah aya hadena ULAH ngabandingkeun per nagara, tapi mikro di jero hiji nagara, ambeh boga gambaran anu leuwih jejeg. Anu jadi masalah... KUNAON kaayaan RI teu menyat2 bae? Anu jadi kaheran kuring mah, loba teuing jelema anu neangan kasalahan batur. Jadi korban itu... jadi korban eta lah. Ari sakuduna mah nalipak maneh, lain neumbleuhkeun kasalahan ka baturwae. Pikiran.... kunaon sistem pasar TEU jalan di RI, padahal di batur mah ku make ieu sistem jadi lubak libuk. Conto kongkrit? Tempo Jepun. Taun 1945 Jepun ANCUR dina sagala2 na. Eleh perang... malah dibomatom sagala!!!! Tapi, urang Jepun mah pinter. Maranehna ngajiplak sistem musuh anu ngelehkeunana (Kapitalis Amrik!)... dina waktu 20 taun PAN geus karasa hasilna. Conto kongkrit sejen na? Korea Kidul! Ah ... loba teuing ngawadulna euy! ;)) baktos, Rahman
