Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --- Anu jadi masalah... KUNAON
kaayaan RI teu menyat2 bae? Anu jadi
kaheran kuring mah, loba teuing jelema anu neangan kasalahan batur.
Jadi korban itu... jadi korban eta lah. Ari sakuduna mah nalipak
maneh, lain neumbleuhkeun kasalahan ka baturwae.
Kang,
Kuring mah lain dina raraga neangan kasalahan batur yeuh he he he... tapi
jigana mah akang tiasa sakedik ngajelaskeun masalah dina sejarah anu nyebutkeun
bangsa walanda kungsi bangkrut akibat perang jeng bangsa Belgia kitu? tah keur
ngawangun deui bangsana teh maranehne make kauntungan tina hasil kolonialisasi
bangsa Hindia Belanda. dina sajarah disebutkeun kauntunganna teh (poho deui
angka pasti na mah) pokona mah ber ratus2 gulden. anu terus2 an diangkut keur
ngawangun bangsana.
tina rejeki kolonoalisasi bangsa walanda boga modal awal keur ngabangun
bangsana nepika maju jiga ayeuna.
Ari bangsa jepang jeung korea kidul pan sajarah nyebutkeun eta dua bangsa
dina taun 1950an teh dibantu milyaran US dollar ku nagara Amerika. Kunaon dua
nagara ieu dibantu Amerika? Pan harita keur jamanna perang ideologi. Nya
bantuan eta teh motifna mah keur ngabendung ideologi komunisme anu mulai kuat
di China jeung korea kaler.
jadi dua nagara ieu bisa maju lain masalah marenehna leuwih pinter ti bangsa
lain. tapi maranehna maju teh sabab dibarantuan ku bangsa anu ngagem ideologi
kapitalis.
kapitalis bisa maju di nagara2 barat sabab boga modal awal tina hasil
kolonialisme ratusan taun.
tambah berat waktu bangsa2 nu pernah di jajah rek ngawangun bangsana tapi teu
menang make cara2 anu pernah dipake ku bangsa amerika jeung eropa. hal ieu bisa
ditingali dina aturan2 nu aya di WTO.
duh aliran paeh lampu ..ke disambung deui ,,
---------------------------------
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news,
photos & more.
[Non-text portions of this message have been removed]