Haturan Kang Waluya,
upami ceuk raraosan, simkuring mah tetep di jalurna sanaos seueur pisan baraya 
teu sapagodos oge sareng simkuring ngeunaan kapitalisme, ari simkuring mah, 
salaku rahayat leutik tangtu ngarasakeun pisan sagala kajahatanana.

kang seratan simkuring mah moal kantos patunggang tonggong antawis hiji sareng 
anu sejenna. mangga aos sing leleb kalawan taliti. 
jadi ari pikeun simkuring mah:
1. Lain urusan antara pengusaha lokal jeung asing
2. pausahaan anu ngokolakeun Urusan bubutuh utama publik jeung unit usaha 
nagara anu dibiayaan ku rahayat ulah dikuasai ku swasta pon kitu deui asing


sakali deui baraya, permasalahana nyaeta antara rahayat sareng kapitalis, 
kaasup kapitalis internasional: da ceuk simkuring, sanajan pengusaha lokal 
(domestik) ari sarua nandasa ka rahayat mah euweuh hartina. anu matak simkuring 
mah kantos nyarios GARUDA INDONESIA jeung MASKAPAI PENERBANGAN ASING euweuh 
bedana lamun teu ngabdi keur kapentingan rahayat. PERTAMINA jeung SHELL atawa 
PETRONAS sarua bae sabage perusahaan swasta anu ngokolakeun sektor energi, lain 
back up bubutuh utama rahayat. sareng seuer2 deui pausahaan publik jeung anu 
dibiayaan ku publik tapi KALEUNGITAN fungsi sosialna ka rahayat. contona ku 
alesan naekna permintaan (demand), hiji pausahaan bisa sangeunahna bae naekkeun 
harga, atawa alesan standar pasaran harga di dunia internasional, misalna waktu 
harga minyak dunia naek, pertamina jeung pamarentah ilu-iluan naekkeun harga, 
alesanana demi penyesuaian jeung standar dunia, padahal saupama standarna 
BUBUTuH rahayat lain STANDAR harga minyak dunia, tangtu
 minyak teh ukur bakal naek saupama subsidi geus teu sanggup nutupan BIAYA 
PRODUKSI jeung OPERASIONAL bae.

hatur nuhun







waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>  wrote:                                 Ke punten 
Kang Budi, naha asa patulang-tonggong jeung seratan Kang 
 Budi dina thread sanes, kaping 20 Juli 2007? Copy-pastena dihandap:

rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
 sababaraha taun katukang loba pisan masyarakat anu nolak pikeun privatisasi 
perusahaan nagara ka swasta, komo deui ka pihak asing, utamina 
pausahaan-pausahaan anu sifatna ngahasilkeun barang dan jasa pikeun kabutuhan 
rahayat. katurug-turug ayeuna aya sababaraha undang-undang anu ngadukung pihak 
asing pikeun nandasa rahayat utamana UU Penanaman Modal (PM), UU SDA, UU Migas 
dan Kelistrikan. anu utamana kulantaran euweuh kategesan dina ngeunaan 
investment zone jeung pembatasan sektor ekonomi anu gede pakaitna jeung 
kabutuhan vital rahayat. tapi ari kang Surtiwa malah hayang sababaraha ratus 
kali lipet deui ieu kakayaan nagara kudu digudar gedor ka batur geuning.
 tapi sing emut masalahna lain pengusaha asing versus pengusaha lokal. da keur 
naon pengusaha domestik oge ari sarua keneh jahat mah. anu jadi permasalahanana 
nyaeta rahayat jeung kapitalis internasional.
 
 ari simkuring mah teu satuju lamun sakabeh pausahaan anu patali jeung hajat 
hirup rahayat saperti energei (misalna PLN, Pertamina, jrrd), bahan makanan dan 
minuman saperti (Air minum misalna PAM, Aqua, BULOG, jrrd), kasehatan (PT 
Indofarma, jrrd), transportasi (misal PT KAI, Garuda, jrrd), infrastruktur 
Publik (PT Jasa Marga, Wijaya Karya, jrrd), jeung rea-rea deui anu mangrupakeun 
pausahaan barang dan jasa kebutuhan publik teu bisa dikuasai ku swasta pon kitu 
deui asing. cobi emut ku salira saupamana sakabeh modal asing geus nguasaan 
pausahaan-pausahaan vital tadi tuluy hayang NAEKKEUN harga produkna SANGEUNAHNA 
rek kumaha bisa naon urang?, sasaha oge moal bisa kukumaha da hakna sorangan 
corporate base management, lamun permintaan naik berarti supply turun, mangka 
akan terjadi kelangkaan, mangka harga kudu naek sanes?, sedengkeun kapitalis 
tea pan teu paduli eta kabutuhan pokok rahayat atawa lain, tetep bae naekkeun 
harga.
 salian ti kitu pan ari penguasaa terhadap modal teh, kaasup penguasaan 
terhadap aset perusahaan, kaasup tanah, kumaha lamun kasusna siga di Pulau 
Bidadari, dimana modal asing nyepeng eta pulau, terus pulauna rek dijual ka 
batur kumaha tah, atuh meureun sarua jeung ngajual nagara eta teh.
 
 LAIN PHOBIA TAPI KANYATAAN
 kang, nurutkeun katerangan ti WALHI (wahan Lingkungan Hidup Indoenesia), 
gara-gara dikuasaina sumber air ku PT Aqua-Danone, sektor pertanian masyarakat 
sekitar jadi terbengkalai. ku dikuasaina PAM JAya ku Themes jeung PAlyja malah 
rahayat leutik jadi teu kabagean cai, kumaha tah eta teh kang?. loba conto di 
Aceh misal remen pisan aya kelangkaan minyak, padahal jarak ka Exxon mobile teu 
sajauh jarak ka Irak, di Papua kalaparan, padahal teu jauh ti dinya emas 
didulang ku batur, aya deui conto di daerah Cisewu Kabupaten Garut, kakarak 
asup listrik (PLN) ka eta daerah tahun 1997, padahal jarak Cisewu ka Situ 
Cileunca (salah sahiji Waduk Turbin PT PLN di Pangalengan) ukur 90 km jeung eta 
Turbin geus aya ti jaman Walanda keneh padahal mah. ku PLN bae anu notabene 
nagara geus sakitu terbengkalai, komodeui mun pihak asing anu nyepengna tangtu 
itungan EFISIENSI jeung efektivitas teh diperhatikeun pisan, da dianggap teu 
prospektif, mangka pemenuhan kebutuhan rahayat teu dipalire,
  sabab bisa ngarugikeun fungsi bisnis, komo deui mun batur anu nguasaan, 
tangtu taya ras-rasan, baraya. jeung bloba deui conto kasus anu sejenna.
 
 Permasalahanana lain pengusaha asing jeung domestik, tapi rahayat jeung 
penjahan internasional. ku dikuasaina perusahaan back up bubutuh rahayat 
kaleungitan fungsi sosial meleg-meleg jadi fungsi bisnis, kacida jahatna 
baraya, coba bae impleng misalna mun urang ngabisniskeun barang samodel cai ka 
rahayat, padahal cai teh milik rahayat anu kudu didistribusikeun ku pamarentah 
pikeun kamakmuran rahayat. 
 
 hatur nuhun





            

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke