Standar kana Emas atanapi artos koin Emas Kang Dian? Upami standar kana emas mah kuring rada ngartos, ngan ari koin/ artos emas mah rarasaan teh rada mustahil dilaksanakeun keur jaman ayeuna. Margi moal nyukupan ...hehehe, sabaraha jumlah emas nu diperyogikeun ku 6 milyar jalma di dunya ieu? Emas, logam hasil pertambangan. Emas nu gampang ditambangna geus seep diarala, paling oge nu hese ditambangna. Freeport wae terus-terusan dikritik ngarusak lingkungan da geus meakkaeun gunung sababaraga hiji ........
Cadangan mineral, saperti oge cadangan energi fosil, aya seepna. Dua minggu kamari kuring tas nganjang ti Pulo Belitung. Pulo nu baheula sering disebutkeun pulo beunghar kulantaran timahna, ayeuna mah ukur pulo tiiseun nu pinuh ku liang-liang urut jelema ngalaan timah ...... Jadi, kuring leuwih satuju artos tetep ku keretas, sabab keretas bahanna "terbarukan" ...... Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: Dian Tresna Nugraha To: [email protected] Sent: Wednesday, December 17, 2008 4:15 PM Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: euweuh riba?;)) Saukur teu dibungaan mah kirang lengkep. Cobi imeutan saur John Nash (nobelis ekonomi anu kacaritakeun dina film "Beautiful Mind"), urang peryogi mata uang dunia anu langkung stabil, bari nyebatkeun standar emas: "Nash told the audience that such financial crises would be less likely to occur if there was some international monetary standard, such as the gold standard or competition among worldwide currencies, to curb inflation and prevent the rise of mortgage abuses. He expressed some skepticism about a government bailout as a solution." (http://www.fordham.edu/Campus_Resources/eNewsroom/Archives/2008/archive_1377.asp) Sedengkeun jauh sateuacan sistem standar emas Bretton Woods, khalifah Umar tos netepkeun nganggo dinar emas, anu ayeuna oge diadopsi ku Malaysia sareng sawatara wakala di Indonesia. ----- Sabaraha pangaos bumi di Bandung, nya kinten-kinten anu tanahna 120 m2 mah 150 dinar emas. :-) Salam, Dian.
