--- In [email protected], "Dian Tresna Nugraha"
<dian.nugr...@...> wrote:
>
>
> >
> > Sabenerna mah standar sistem moneter ayeuna ge MAKE standar emas. Coba
> > ahli moneter pangoreksikeun.
> >
> DN:
> Puguh.. ayeuna teh henteu dianggo

Akur KAng Dian, LOBA pisan nagara nu TEU disiplin nerapkeun sistem na.
Tapi aya oge nagara anu disiplin nerapkeunana. Biasan mah nu disiplin
mah ekonomi na ajeg! 
Aya oge nagara anu susulumputan nerapkeun prosentaseuna. 

> 
> >
> DN:
> Aya referensina?

Nyaeta teu inget lebah2na Kang. Hanjakal! Ke lah, mun aya waktu urang
jorowokkeun di dieu!;))
> >

> >
> DN:
> Gentos ku bagi hasil (profit-loss sharing)

Intrumen bagi hasil? Kumaha nerapkeunana? Sigana rada pajuriwet oge.
Contona. Mun RI nginjeum duit ka Kanada jang ngawangun jalan tol,
hartina ku bagi hasil... RI wajib mayar kauntungan tina jalan tol ka
Kanada? Kumaha ngadefinisikeun UNTUNG tina jalan tol? Fisik na? Ari
kauntungan satukangeun fisikna diitung moal?

Bingung kuring mah.

Intrumen rente kaitung basajan pisan. Mun ayeuna loba nu kakalapakan
alatan rente, lain salah rente na! Salah manusa anu migunakeunana.
Siga peso rente mah, mun dipake ngeureut hayang jam  masak... hade,
tapi peso ge bisa dipake meuncit jelema!
> >

> >
> DN:
> Sanes zakat antar rahayat dina hiji nagara wungkul nu diperyogikeun,
> tapi zakat antar nagara.
> Margi pami emasna numpuk di hiji nagara, bakal sapertos anu
> dicarioskeun ku kang Waluya, nagara sanes sesah likuiditas.
> 

Zakat antara nagara? Duka teu katepi ku kuring Kang D! Hiji nagara
ngan UKUR boga kawajiban ngurus MANEH. Nagara nu sejen teu boga
kawajiban nguruskeun nagara batur. 

Coba pangjelaskeun maksud Kang Dian. Kuring rada baluweng.

baktos,

Rahman

Kirim email ke