Naon kendalana upami harga emas mahal? Pan barang-barang sanesna janten karaos mirah, sanes?
Abdi ningal anu peryogi ayeuna teh nyaeta ngadegkeun tilu pilar ieu: * Gunakeun standar emas --> pikeun kastabilan moneter * Leungitkeun riba --> pikeun kaadilan ekonomi * Zakat --> pikeun nyaimbangkeun ekonomi IMF kedah ngadopsi prinsip-prinsip pilar kasebat. Dina artikel ieu, aya ulasan ngeunaan robihna standar emas janten artos fiat. http://en.wikipedia.org/wiki/Bretton_Woods_system Aya sababaraha periode anu peryogi ditengetan: 1. Nalika Eropa kakirangan dolar emas pasca perang, pikeun nungkulanana, AS ngayakeun Marshall Plan pikeun nyaimbangkeun kabutuhan dolar emas di Eropa ieu. 2. Nalika AS kakirangan dolar emas sabada majuna Eropa deui, AS kalahka ngaleupaskeun kaitan dolar tina emas. Antugna dolar langsung ka-devaluasi gila-gilaan. Kedahna mah aya nu samodel Marshall Plan balikan. :-) Abdi ningal, saupami sistem zakat dijalankeun, kasaimbangan ekonomi insya Allah bakal tetep kajaga, margi nagara-nagara anu kakirangan, bakal tetep kenging supply artos ti nagara-nagara anu kalangkungan. Dian. 2008/12/17 Waluya <[email protected]>: > Upami kitu, ayeuna emas di dunya teh aya sabaraha rebu/ juta ton? Sareng > sabaraha deui cadangan emas nu aya dina "beuteung" bumi nu tiasa ditambang? > Tah upami hiji waktu emas seep teu tiasa ditambang deui (hartosna jumlah > emas tetep atawa ngurangan sabab emas oge digunakeun kanggo material dina > industri), kumaha sareng "pertumbuhan ekonomi" sabab emas bakal mahal pisan > ...... > > Ayeuna wae tambang emas Cikotok parantos tutup, da emasna parantos seep > > ..... > > Baktos, > WALUYA > > ----- Original Message ----- > From: Dian Tresna Nugraha > To: [email protected] > Sent: Wednesday, December 17, 2008 7:16 PM > Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: euweuh riba?;)) > > Standar emas nya sami wae sareng koin emas, Kang. Da upami nganggo > standar emas, unggal artos (kertas) anu dikaluarkeun pan kedah sayogi > emas dipengkereunana. > > Dian. >
