--- In [email protected], "Dian Tresna Nugraha" <dian.nugr...@...> wrote: > > Naon kendalana upami harga emas mahal? Pan barang-barang sanesna > janten karaos mirah, sanes? > > Abdi ningal anu peryogi ayeuna teh nyaeta ngadegkeun tilu pilar ieu: > * Gunakeun standar emas --> pikeun kastabilan moneter > * Leungitkeun riba --> pikeun kaadilan ekonomi > * Zakat --> pikeun nyaimbangkeun ekonomi > > IMF kedah ngadopsi prinsip-prinsip pilar kasebat.
Miluan ngawadul euy ah! :)) Kaci nya? Sabenerna mah standar sistem moneter ayeuna ge MAKE standar emas. Coba ahli moneter pangoreksikeun. Di NL oge sabage conto, beleid moneter na siga kieu. Nyitak duit teh KUDU dibarengan ku back-up emas minimal 90% ku emas. Contona kieu. Mun taun 2008 nagara nyitak duit 1 juta euro. nagara kudu boga deposit emas minimal saharga 900 rebu euro. Koreksi mun kuring salah! Di tingkat Uni Eropa ge pan aya standar nu sarua asana teh. Oge di RI mun teu salah mah KUDU kitu oge. Ngan anu jadi kahanjakal teh, loba pisan nagara anu papalingpang jeung ieu prinsip. Conto anu paling ektrem mah... Zimbabwe!!!! Unggal poe nyitakan duit, nepi ka inflasi na ge milyaran prosen apan? Kertas WC leuwih berharga tinimbang pond Zimbabwe. Duit keretas atawa logam, OGE duit digital sacara TEU langsung disambungkeun jeung emas! Ieu pilar kahiji ceuk Kang Dian geus jadi standar internasional. Anu kudu dibebener teh DISIPLIN balanja nagara sigana mah? Pilar kadua, kuring rada sangcaya bisa leungit Kang. Kumaha ngaleungitkeunana? Rek ngahapus industri perbankan? Ngahapus mangjuta2 pagawe anu ngagulawing kana ieu industri? Mun diitung, sabarah manusa anu gawe di industri perbankan, financial sejen na .... oge bank sentral anu sacara langsung jeung teu langsung aya hubunganana jeung instrumen RENTE? Pilar katilu. Geus jalan oge lewat PAJEG! Ngan nya kitu, dinagara amburadul mah, ioeu duit publik teh dihambur2 teu puguh. Antukna rahayat biasa mah tambah malarat. Di nagara2 anu konsisten sistem pajeg na.... masyarakat leutik kabayuan oge. Ti urusan sakola budak, kasehatan, infrastruktur jrrd anu didanaan ku duit pajeg bin zakat tea? ;)) Sok ah urang padungdengkeun deui.... ngarah rame. Keprukan tah para ahli ekonomi jeung moneter sina ngawaradul! :))) Da kuring mah asal disada atuh! baktos, Rahman
