2008/12/19 Rahman <[email protected]>
>
> Akur Kang Dian, LOBA pisan nagara nu TEU disiplin nerapkeun sistem na.
> Tapi aya oge nagara anu disiplin nerapkeunana. Biasan mah nu disiplin
> mah ekonomi na ajeg!
> Aya oge nagara anu susulumputan nerapkeun prosentaseuna.
>
DN:
Cik atuh kitu mah pangnyebatkeun nagara mana anu masih disiplin
nerapkeun standar emas :-)

> Intrumen bagi hasil? Kumaha nerapkeunana? Sigana rada pajuriwet oge.
> Contona. Mun RI nginjeum duit ka Kanada jang ngawangun jalan tol,
> hartina ku bagi hasil... RI wajib mayar kauntungan tina jalan tol ka
> Kanada? Kumaha ngadefinisikeun UNTUNG tina jalan tol? Fisik na? Ari
> kauntungan satukangeun fisikna diitung moal?
>
DN:
Lamun proyek G-to-G model kitu mah teu kedah bagi hasil atanapi nambut
artos, TAPI ku BARTER.
Pamarentah Kanada mayar pausahaan Kanada pikeun ngawangun jalan tol.
Nya engke ku pamarentah Indonesia dibayarna ku beas sakian juta ton
tambih kapas, tambih minyak, sacara nyicil anu dipeser ku pamarentah
ti patani atanapi pausahaan di Indonesia.

> Zakat antara nagara? Duka teu katepi ku kuring Kang D! Hiji nagara
> ngan UKUR boga kawajiban ngurus MANEH. Nagara nu sejen teu boga
> kawajiban nguruskeun nagara batur.
>
DN:
Jaman ayeuna mah teu tiasa ngurus ku sorangan. Da tingali we krisis di
ditu, keuna na kamana-mana. Atanapi aya masalah lingkungan di dinya,
di ditu oge jadi keuna. Janten nya sistem kieu teh teu tiasa
nyalira-nyalira, kedah kaintegrasi.

Ayeuna urang tingali institusi teh aya:
- individu/pausahaan/badan hukum milik swasta
- pausahaan/ badan hukum milik nagara

Masing-masing institusi tangtuna kagungan neraca kakayaan. Zakat harta
teh 2.5% tina aset lancar (kas, emas, stok dagang). Kedah disalurkeun
ka institusi sanes anu neracana defisit (hutang > aset lancar).

Saupama di hiji nagara tos teu aya institusi anu neracana defisit,
hartosna eta nagara teh tos kaleuwihan likuiditas, hartosna  zakatna
tos kedah disalurkeun ka institusi-institusi di nagara lain.

Wassalaam,
Dian.

Kirim email ke