Standar emas nya sami wae sareng koin emas, Kang. Da upami nganggo
standar emas, unggal artos (kertas) anu dikaluarkeun pan kedah sayogi
emas dipengkereunana.

Dian.


2008/12/17 Waluya <[email protected]>:
> Standar kana Emas atanapi artos koin Emas Kang Dian? Upami standar kana emas
> mah kuring rada ngartos, ngan ari koin/ artos emas mah rarasaan teh rada
> mustahil dilaksanakeun keur jaman ayeuna. Margi moal nyukupan ...hehehe,
> sabaraha jumlah emas nu diperyogikeun ku 6 milyar jalma di dunya ieu? Emas,
> logam hasil pertambangan. Emas nu gampang ditambangna geus seep diarala,
> paling oge nu hese ditambangna. Freeport wae terus-terusan dikritik
> ngarusak lingkungan da geus meakkaeun gunung sababaraga hiji ........
>
> Cadangan mineral, saperti oge cadangan energi fosil, aya seepna. Dua minggu
> kamari kuring tas nganjang ti Pulo Belitung. Pulo nu baheula sering
> disebutkeun pulo beunghar kulantaran timahna, ayeuna mah ukur pulo tiiseun
> nu pinuh ku liang-liang urut jelema ngalaan timah ......
>
> Jadi, kuring leuwih satuju artos tetep ku keretas, sabab keretas bahanna
> "terbarukan" ......
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> ----- Original Message -----
> From: Dian Tresna Nugraha
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, December 17, 2008 4:15 PM
> Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: euweuh riba?;))
>
> Saukur teu dibungaan mah kirang lengkep.
>
> Cobi imeutan saur John Nash (nobelis ekonomi anu kacaritakeun dina
> film "Beautiful Mind"), urang peryogi mata uang dunia anu langkung
> stabil, bari nyebatkeun standar emas:
>
> "Nash told the audience that such financial crises would be less
> likely to occur if there was some international monetary standard,
> such as the gold standard or competition among worldwide currencies,
> to curb inflation and prevent the rise of mortgage abuses. He
> expressed some skepticism about a government bailout as a solution."
> (http://www.fordham.edu/Campus_Resources/eNewsroom/Archives/2008/archive_1377.asp)
>
> Sedengkeun jauh sateuacan sistem standar emas Bretton Woods, khalifah
> Umar tos netepkeun nganggo dinar emas, anu ayeuna oge diadopsi ku
> Malaysia sareng sawatara wakala di Indonesia.
> -----
>
> Sabaraha pangaos bumi di Bandung, nya kinten-kinten anu tanahna 120 m2
> mah 150 dinar emas. :-)
>
> Salam,
> Dian.
>

Kirim email ke