--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, a_dimya...@... wrote:
>

> Nya kituna mah, aya nu sieun elmu jeung agama bentrok, mangka 
> dipisahkeun. Aya nu mandang ngarah teu bentrok kudu dihijikeun! 
>Kuring keur resep jeung hayang ngajajal nu kadua. Keur dilalanyahan, 
>dirarasakeun. Acan grand launching. Tantanganana bisa jeung wani 
>henteu nafsirkeun jeung ngalarapkeun katangtuan agama make rujukan 
>elmu pangaweruh nu keur berkembang? Umumna kalangan agama nganggap 
>katangtuan agama mah mutlak teu bisa ditawar-tawar. Kumaha nya mun 
>katangtuan agama nu tertulis dina wahyu ditafsirkeun jeung 
>dilarapkeun dina kahirupan kalayan mempertimbangkeun elmu pangaweruh? 
>
>

Kang AD,

Rada rineh saeutik yeuh. Urang  neruskeun hanca deui, hampura rada 
kabaler baler yeuh! :))

Kuring mah keukeuh peeuteukeuh Kang AD. Agama jeung sains mah dua hal 
anu BEDA dadasar na. Jadi keur sakuringeun mah dua hal anu TEU bisa 
dihijikeun.

Tapi kuring satuju, mun agama dina raraga jadi OBYEK studi mah KUDU 
jeung bisa make metodeu ilmiah. Ngan lebah make mah.... agama teu bisa 
diilmiahkeun. Sabab na? Enya... lantaran agama mah basis na ukur 
percaya alias iman tea. Kuring TEU bisa nerangkeun kunaon kuring 
percaya. Lebah sains mah... lain ukur percaya, tapi KUDU aya bukti 
fisik jeung urutan sabab-akibat tea.

Conto anu sok jadi padungdengan mah perkara alam semesta. Ceuk agama 
mah pan eta teh diciptakeun ku Pangeran... sim salabim. Dina agama 
naon wae oge ieu dogma teh jadi tanggeuhan. Kreasionismeu pan identik 
jeung agama. Oge tingali kapanjangan tina kreasionismeu anu disebut 
intelligent design.

Ieu dogma terus adukeun jeung versi sains anu dikokojoan ku teori 
evolusi tea. Pan ngajelegur geuning. Rek satuju... rek teu 
satuju...bukti2 yen kabeh anu aya di alam semesta pernah NGALAMAN 
evolusi kuat pisan. Kuring ge ningali proses evolusi teh sabage hukum 
alam.

Anu jadi masalah dina ieu conto kongkrit tea. Kumaha atuh carana 
ngagabungkeun dogma agama jeung sains? Asa moal nyambung sigana mah?

Kurring boga analogi sejen.

Agama bisa dianalogikeun jeung cai, saisn bisa dianalogikeun jeung 
minyak. Minyak jeung cai diperlukeun manusa. Ngan mangakahade ULAH 
nyampurkeun minyak jeung cai, sabab duanana boga sifat nu beda.

Mun urang hanaang hayang nginum, KADE... tong nginum minyak! Bisi 
teler he he he. Mun urang rek ngagoreng lauk, nya atuh ULAH make cai. 
Lain ngagoreng.... tapi jadi NGULUB lauk ana kitu mah! :))

Bebeneran agama..... BEDA  pisan jeung bebeneran sains. Tujuan jeung 
cara nuju kabeneran na ge beda2 pisan. Tapi ieu bebeneran teh bisa 
disajajarkeun. Tapi ulah dicampuradukkeun.... bisi tijuralit! ;))

Sakeiu heula, tamba heuay we ieu mah lah! Urang obrolkeun deui mun 
rada salse...:)))

baktos,

Rahman



Reply via email to