Haturan Kang AD,

Wah... sarua atuh Kang, kuring ge pan dina raraga NYANYAHOANAN ieu teh 
he he he. Keun bae lah, urang ngadu rahul nyanyahoanan we lah! Ngarah 
rame....

Resep aya batur ngawadul yeuh.... ;)))

<Urang cindekkkeun heula saeutik. Kang AD boga upaya hayang 
ngagabungkeun agama jeung sains. Sabalikna, kuring boga sikep anu 
misahkeun agama jeung sains dina domain masing2. Ieu kabutuh manusa 
kana agama jeung sains ... ngancik INTRINSIK dina manusa.>
 
Satuju Kang! 
 


<make akal teu make hate? maksudna kumaha Kang AD? Hate teh maksud na 
emosi manusa tea kitu? Ceuk kuring mah antara emosi jeung logika jalan 
sewang2an Kang. Mun urang keur ngitung matematika misal na, teu kudu 
mamawa emosi. Ngitung bari aduglajer ambek2an kitu? he he he he....

Coba ah terangkeun deui Kang, bisi kuring salah ngahartikeunana.>
 
Memang rada hese nerangkeun soal ieu. Keun urang cobaan wae hese ge, mun salah 
mah meureun aya nu menerkeun, boh Kang Rahman atawa nu sejen. Bisa jadi logika 
jeung emosi misah tempat ngolahna dina awak manusa, bisa jadi beda proses 
fisiologisna, tapi duanana aya dina diri manusa nu sarua, lain? Bisa ngitung 
bari ngahaleuang, ceurik bari ngitung-ngitung, ngitung bari ambek-ambekan bari 
hoream bari senang jeung sajabana.


<Lebah BEBENERAN ABSOLUT tea, tah... justru ETA pisan anu ngabedakeun 
sacara fundamental antara sains jeung agama. Klaim agama BOGA 
bebeneran mutlak2an, ari sains mah pan beneberan na ge kaitung 
RELATIF. Ganjelan ieu pisan anu ngahalang kuring boga sikep ngawinkeun 
agama jeung sains teh. Analogi cai vs minyak kuring ge ngacu kana ieu 
perbedaan tea.>
 
Nu nganggap agama boga bebeneran mutlak teh manusa, oge manusa nu nganggap 
bebeneran ilmu kaitung relatif. Nu ngalarang manusa boga pamadegan yen 
bebeneran nu kapanggih ku jalan agama teh relatif eta oge manusa pan? Atawa 
paling jauh oge nu ngalarang teh Pangeran ceuk anggapan manusa deui wae! Aya 
kitu manusa nu bisa nyaruaan elmu Pangeran? Nu bebeneran pamanggihna nyaruaan 
BEBENERAN PANGERAN (sabenerna teu cukup sigana simbul HURUF KAPITAL KABEH ge 
keur ngagambarkeun BEBENERAN MUNGGUHING PANGERAN mah). Meureun jadi musyrik 
jalma nu ngaku kitu teh nya?


<Mistik Kang? Mistik bisa nyambung jeung agama.... tapi gagal mun 
disambungkeun jeung sains. Kumaha kudu nerangkeunana nya? Bari teu 
nepi ka olab? :)))>
 
Urang mimitian wae ku ngaguar tulisan kang Jalal nu pernah beredar di Tempo 
jeung dialungkeun di milis ieu ku kang Waluya. Ceuk kang Jalal (sigana nyutat 
pamanggih para psikolog jeung orientalis) pangalaman mistis teh mangrupakeun 
(ah, Sunda lain nya?) akibat tina kerusakan syaraf di otak nu ditimbulkeun ku 
kurang sare jeung goreng dahar. Aya oge tulisan ngeunaan G-spot dina otak 
manusa, atuh oge pabalatak pedaran ngeunaan kecerdasan spiritual. 
Saeutik-saeutik wae nya Kang ngarah teu olab mah. 


<Hayu atuh Kang, iraha rek ka NL? Cai atah2 wae mah aya lah! Ngan 
sigana mah ulah di usum tiis, teu rame lah di NL mah! Usum semi (naon 
Sunda na?) mah genaheun lah!>
 
Insya Alloh, 9-14 Maret kuring ka Wina, nyarengan Kapolri sebagai Ketua BNN ka 
pertemuan ngeunaan narkoba internasional (poho deui judulna). Ngilu teh pedah 
wae kuring ilubiung ex officio di BNN ti taun 2005. Rek ngusahakeun meunang 
visa Schengen ngarah bisa ka ditu ka dieu (sanajan prakna mah hese da waktuna 
samporet, jeung jadwalna padat). Aya pun dulur di Rotterdam, Emma nu kungsi 
katempatan basa pertemuan warga US di NL tea.

baktos,

Rahman
 
PS:
Ngahaja di cc-keun ka urangsu...@yahoogroups.com ngarah dibaca kang Nana jeung 
kang Oman. Bilih kang mh bade forward ka kisunda oge mangga. Atuh upami abdi 
digabungkeun ka kisunda oge hatur nuhun, bade ditumutkeun.





 




      Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. 
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke