Haturan Kang AD,

Nuhun pairanana Kang. Wah.... masih keneh paburisat Kang. Masih keneh 
kuriak. Sigana mah perlu 2 atawa 3 minggueun deui. Anu jelas mah usum 
ngbukbak na geus rengse, tinggal maju molesan ayeuna mah. Ngan ripuh 
geuning.... cape awak jeung cape hate! :)))

Usul kuring mah, kumaha mun urang numpeng bareng di RI we atuh nya? Di 
Jakarta wae kitu? he he he... Tos 3 taun teu ka RI ieu teh. 

>> Haturan Kang Rahman. Mangga atuh bade numpeng di Jakarta ge, ke urang 
>> ngariung jeung wargi Kusnet di dieu. Iraha atuh bade ka lembur? >> 

> 
> >> Sigana umumna urang ngagem agama ku cara kitu Kang. Kuring ge 
>sarua lah KITU KENEH. Matak cek kuring ge keur ngajajal, karek kabita 
>ku kemungkinanana. Sabab mun kitu terus, meureun aya dua hate di diri 
>urang teh, hate nu beragama teu berilmu jeung hate nu berilmu teu 
>beragama. Kumaaha tah?

Sigana mah taya salah na mun urang sabage manusa make dua trayek dina 
raraga hirup teh? Agama jeung sains beda fundamen na. Mun hate JADI 
dadasar agama, tapi akal jeung logika apan jadi dadasar sains?
Sigana mah bakal pabeulit mun hate dilogikakeun atawa logika 
dihatekeun?

 
>> Ke kang ari hate jeung akal teh pan ayana ngahiji di DIRI manusa. Malah di 
>> mana batasna antara hate jeung akal teh? Kumaha balukarna lamun urang 
>> ngagunakeun akal teu make hate, atawa nurutkeun kahayang hate teu diakalan? 
>> Justru ieu Kang cek kuring (SEMENTARA) mah nu jadi sabab kana sagala 
>> panyakit manusa pribadi jeung panyakit umat manusa sakabehna teh 
>> (nyanyahoanan nya?).>>

Sacara kasar pan agama teh teu aya jujutan logika na. Sabalikna elmu 
pangaweruh mah UKUR ngabuktikeun sacara fisik hiji pertanyaan wungkul.


>> Kitu soteh lamun urang beragama secara dogmatis teu dibarung ku akal, 
>> meureun. <<


Ana kitu mah, agama teh ATUH teu beda jeung TEORI saendeng2 TANPA 
bukti kitu Kang? :)))

Agama teh UKUR hiji hipotesis anu teu bisa jeung MOAL nisa dibuktikeun 
kitu? ;))

>> Justru di dieu inti usulan ngarombak cara beragama teh. Mun baheula para 
>> wali ngada'wahkeun agama ku jalan ngadumaniskeun ajaran agama kana budaya 
>> lokal harita. Tugas urang ayeuna jeung ngada'wahkeun agama kana budaya 
>> ilmiah nu terus berkembang teu aya tungtungna. Moal mungkin hasil lamun 
>> ajaran agamana teu disaluyukeun jeung perkembangan ilmu pangaweruh. Moal 
>> bisa ngigelan jaman mun ajaran agamana dianggap KEBENARAN MUTLAK nu moal 
>> bisa diuget-uget deui. Ku jalan ieu oge, bisa dicegah sikep nganggap 
>> bebeneran nu dicekel ku hiji kaum, atawa hiji pribadi nu pangbenerna, nu 
>> saestuna mah ngan hak Pangeran wungkul. Pemahaman agama nu nyoko kana nash 
>> wahyu ti Gusti Alloh oge teu leupas tina interpretasi manusa nu sifatna 
>> relatif oge.<<


Akur Kang. Tapi justru ieu pisan anu jadi ganjelan beda na antara 
agama jeung sains. Genesis teh apan jadi titik konflik antara agama 
jeung sains. 

Memang aya beda anu jelas antara kaum literal jeung liberal dina 
raraga nafsirkeun ayat2 genesis, tapi upaya penafsiran siga kieu teh 
TEU bisa ngajadikeun agama jadi ilmiah. Tapi api2 jadi ilmiah? :))

>> Sanyatana di kaum literal oge (siga di lingkaran liberal) aya perbedaan 
>> penafsiran. Geura para wargi Kusnet nu kagungan akses ka literatur kitab 
>> tafsir sareng hadits oge tangtos tiasa medar hal ieu. Kuring mah rumasa 
>> kurang modal alatna. Kumaha kang Oman, kang Nana?
Tambihan Kang: sanajan tafsiran kuring kana ajaran wahyu mungkin rada LIBERAL 
tapi teu wani ngaku kaum liberalis siga JIL can nepi penghayatanana. Jeung 
mungkin aya nu moal akur jeung JIL dina soal ngagunakeun alat manusa nu 
sejenna: pendekatan mistis! (Ah ulah waka dipedar ieu mah bisi olab)<<
> 
> 
>>  Eh enya Kang, mun cai jeung minyak hayang dicampurkeun 
>tambahkeun wae sabun nya?

Wah....Enya oge tah Kang AD! :))) 
Analogi kuring sifat na manasuka alias acak. Ngan anu dimaksud teh rek 
nunjukkeun dua identitas, fundamen jeung tujuan anu beda wungkul.

>> Nya lamun mindsetna agama jeung sains sarua anugrah ekspresi kanyaah Gusti 
>> Alloh ka umat manusa mah, analogi cai jeung gula leuwih pas nya?<<


Urang sambung deui obrolanana engke Kang. Hanjakal ....Masih keneh 
pakepuk kudu nguruskeun saung lah! 

>> Atuda urang mah teu siga keong, imah diaakod kamana-mana. Bet jorojoy hayang 
>> ngalongok ka dinya, resep bisa jonghok jeun Kang R nu lampar jeung lega 
>> ambahan. Du'akeun Kang sing aya kasempetan jeung nu ngongkosanana. Abidin 
>> sugan.

Sonona,

AD


 




      Get your new Email address!
Grab the Email name you&#39;ve always wanted before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke