--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Ahmad Dimyati <a_dimya...@...> 
wrote:
>
> 
 
>  
> >> Ke kang ari hate jeung akal teh pan ayana ngahiji di DIRI manusa. 
>Malah di mana batasna antara hate jeung akal teh? Kumaha balukarna 
>lamun urang ngagunakeun akal teu make hate, atawa nurutkeun kahayang 
>hate teu diakalan? Justru ieu Kang cek kuring (SEMENTARA) mah nu jadi 
>sabab kana sagala panyakit manusa pribadi jeung panyakit umat manusa 
>sakabehna teh (nyanyahoanan nya?).>>
> 

Haturan Kang AD,

Wah... sarua atuh Kang, kuring ge pan dina raraga NYANYAHOANAN ieu teh 
he he he. Keun bae lah, urang ngadu rahul nyanyahoanan we lah! Ngarah 
rame....

Resep aya batur ngawadul yeuh.... ;)))

Urang cindekkkeun heula saeutik. Kang AD boga upaya hayang 
ngagabungkeun agama jeung sains. Sabalikna, kuring boga sikep anu 
misahkeun agama jeung sains dina domain masing2. Ieu kabutuh manusa 
kana agama jeung sains ... ngancik INTRINSIK dina manusa.

make akal teu make hate? maksudna kumaha Kang AD? Hate teh maksud na 
emosi manusa tea kitu? Ceuk kuring mah antara emosi jeung logika jalan 
sewang2an Kang. Mun urang keur ngitung matematika misal na, teu kudu 
mamawa emosi. Ngitung bari aduglajer ambek2an kitu? he he he he....

Coba ah terangkeun deui Kang, bisi kuring salah ngahartikeunana.


> 
> >> Justru di dieu inti usulan ngarombak cara beragama teh. Mun 
>baheula para wali ngada'wahkeun agama ku jalan ngadumaniskeun ajaran 
>agama kana budaya lokal harita. Tugas urang ayeuna jeung 
>ngada'wahkeun agama kana budaya ilmiah nu terus berkembang teu aya 
>tungtungna. Moal mungkin hasil lamun ajaran agamana teu disaluyukeun 
>jeung perkembangan ilmu pangaweruh. Moal bisa ngigelan jaman mun 
>ajaran agamana dianggap KEBENARAN MUTLAK nu moal bisa diuget-uget 
>deui. Ku jalan ieu oge, bisa dicegah sikep nganggap bebeneran nu 
>dicekel ku hiji kaum, atawa hiji pribadi nu pangbenerna, nu saestuna 
>mah ngan hak Pangeran wungkul. Pemahaman agama nu nyoko kana nash 
>wahyu ti Gusti Alloh oge teu leupas tina interpretasi manusa nu 
>sifatna relatif oge.<<


Lebah BEBENERAN ABSOLUT tea, tah... justru ETA pisan anu ngabedakeun 
sacara fundamental antara sains jeung agama. Klaim agama BOGA 
bebeneran mutlak2an, ari sains mah pan beneberan na ge kaitung 
RELATIF. Ganjelan ieu pisan anu ngahalang kuring boga sikep ngawinkeun 
agama jeung sains teh. Analogi cai vs minyak kuring ge ngacu kana ieu 
perbedaan tea.


> ngagunakeun alat manusa nu sejenna: pendekatan mistis! (Ah ulah waka 
>dipedar ieu mah bisi olab)<<

Mistik Kang? Mistik bisa nyambung jeung agama.... tapi gagal mun 
disambungkeun jeung sains. Kumaha kudu nerangkeunana nya? Bari teu 
nepi ka olab? :)))

> >  
> 
> >> Atuda urang mah teu siga keong, imah diaakod kamana-mana. Bet 
>jorojoy hayang ngalongok ka dinya, resep bisa jonghok jeun Kang R nu 
>lampar jeung lega ambahan. Du'akeun Kang sing aya kasempetan jeung nu 
>ngongkosanana. Abidin sugan.
> 

Hayu atuh Kang, iraha rek ka NL? Cai atah2 wae mah aya lah! Ngan 
sigana mah ulah di usum tiis, teu rame lah di NL mah! Usum semi (naon 
Sunda na?) mah genaheun lah!

baktos,

Rahman

Reply via email to