Kang AD,

Rada rineh saeutik yeuh. Urang neruskeun hanca deui, hampura rada 
kabaler baler yeuh! :))
>> Tos bade beres kuriakna kang Rahman? Wilujeng atuh. Iraha rek numpengna? 
>> Ngondang ka penghuni Kusnet?
Mun ngondang kade ulah make catetan tambahan: "Dijemput di Amsterdam" he he he

Kuring mah keukeuh peeuteukeuh Kang AD. Agama jeung sains mah dua hal 
anu BEDA dadasar na. Jadi keur sakuringeun mah dua hal anu TEU bisa 
dihijikeun.

>> Sigana umumna urang ngagem agama ku cara kitu kang. Kuring ge sarua lah KITU 
>> KENEH. Matak cek kuring ge keur ngajajal, karek kabita ku kemungkinanana. 
>> Sabab mun kitu terus, meureun aya dua hate di diri urang teh, hate nu 
>> beragama teu berilmu jeung hate nu berilmu teu beragama. Kumaaha tah?

Tapi kuring satuju, mun agama dina raraga jadi OBYEK studi mah KUDU 
jeung bisa make metodeu ilmiah. Ngan lebah make mah.... agama teu bisa 
diilmiahkeun. Sabab na? Enya... lantaran agama mah basis na ukur 
percaya alias iman tea. Kuring TEU bisa nerangkeun kunaon kuring 
percaya. Lebah sains mah... lain ukur percaya, tapi KUDU aya bukti 
fisik jeung urutan sabab-akibat tea.

>> Kumaha mun hasil panalungtikan ilmiah teh terus dilarapkeun? Jadi ngamalkeun 
>> agama teh leuwih ilmiah, boh ilmiah hasil ngaji ayat kauliah boh hasil 
>> nalungtik ayat kauniyah. Jadi dina iman kana agama ge iman nu make ilmu, nu 
>> bisa diterangkeun, nu sairing jeung ilmu pangaweruh urang. Sanajan kitu ge 
>> pasti aya keneh bagian tina kapercayaan agama nu henteu aya bukti ilmiahna. 
>> Keun wae da elmu pangaweruh ge aya tingkat spekulasi, teori, jeung hipotesa 
>> memeh aya bukti teh.

Conto anu sok jadi padungdengan mah perkara alam semesta. Ceuk agama 
mah pan eta teh diciptakeun ku Pangeran... sim salabim. Dina agama 
naon wae oge ieu dogma teh jadi tanggeuhan. Kreasionismeu pan identik 
jeung agama. Oge tingali kapanjangan tina kreasionismeu anu disebut 
intelligent design.

Ieu dogma terus adukeun jeung versi sains anu dikokojoan ku teori 
evolusi tea. Pan ngajelegur geuning. Rek satuju... rek teu 
satuju...bukti2 yen kabeh anu aya di alam semesta pernah NGALAMAN 
evolusi kuat pisan. Kuring ge ningali proses evolusi teh sabage hukum 
alam.

>> Mun teu salah Ibn Khaldun teh salah sahiji di antara ulama nu nyebutkeun yen 
>> proses penciptaan teh teu kudu ditafsirkeun siga sim salabimna tukang sulap, 
>> oge penciptaan Adam sebagai manusa kahiji teu kudu siga nu divisualisasikeun 
>> dina film The Bible (tina taneuh, "diemple-emple" jadi patung paeh, terus 
>> "ditiup" jadi hirup, kuniang hudang bari taranjang). Genep poe proses 
>> penciptaan langit jeung bumi oge teu kudu dihartikeun ti Ahad nepi ka 
>> Jumaah, tapi genep tahapan, atawa genep poe dina skala nu beda. Oge teu kudu 
>> rusuh ditafsirkeun 6 X 80 000 taun.

Anu jadi masalah dina ieu conto kongkrit tea. Kumaha atuh carana 
ngagabungkeun dogma agama jeung sains? Asa moal nyambung sigana mah?
>> Memang pasti teu gampang. Matak manusa dibere perlengkapan nu kacida 
>> canggihna, salian ti indra keur nyampa, ngarasa nu fisik oge dibere akal, 
>> naluri jeung sajabana. 

Kurring boga analogi sejen.

Agama bisa dianalogikeun jeung cai, saisn bisa dianalogikeun jeung 
minyak. Minyak jeung cai diperlukeun manusa. Ngan mangakahade ULAH 
nyampurkeun minyak jeung cai, sabab duanana boga sifat nu beda.

>> Sabebnerna kuring mah teu pati sreg kana analogi siga kieu. Naon dasarna 
>> ngibaratkeun agama kana caim sains kana minyak? Naha henteu nganalogikeun 
>> agama kana cai, sains kana gula? Eta mah kumaha mindset awalna nya? Eh enya 
>> Kang, mun cai jeung minyak hayang dicampurkeun tambahkeun wae sabun nya?

Mun urang hanaang hayang nginum, KADE... tong nginum minyak! Bisi 
teler he he he. Mun urang rek ngagoreng lauk, nya atuh ULAH make cai. 
Lain ngagoreng... . tapi jadi NGULUB lauk ana kitu mah! :))

>> Ah si Akang mah, pan ayeuna mah aya VCO atawa VOO nu bisa diinum. Terus teu 
>> acan nyobian sop lauk gurame atawa sop kakap kitu?

Bebeneran agama..... BEDA pisan jeung bebeneran sains. Tujuan jeung 
cara nuju kabeneran na ge beda2 pisan. Tapi ieu bebeneran teh bisa 
disajajarkeun. Tapi ulah dicampuradukkeun. ... bisi tijuralit! ;))

>> Nu matak tijuralit mah, mun suku katuhu tikudawet kana kana suku kenca. He 
>> he he

Sakeiu heula, tamba heuay we ieu mah lah! Urang obrolkeun deui mun 
rada salse...:)))

>> Enya lah, cukup heula kuring ge rek nyoo incu heula ah.


baktos,

Rahman 

>> Baktos oge,

AD



      Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. 
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke