Hehehe.......Punten kang Panzi sim kuring mah sanes ahli sajarah. 
Kuring waktu G30S/PKI kakara kelas opat SD, jadi teu acan terang 
naon-naon. Ngan ceuk pun bapa we aya jenderal cenah 
diculik ....saterusna mah lembur kuring "adem-ayem" we saperti teu 
aya nanaon. Ngan kurang ti sataun ti harita, ka lembur kuring, nu 
kaliwatan jalan Bandung -  Cirebon, sering seueur truk ngangkut 
panumpang nu ayeuh-ayeuhan, ganyang PKI, ganyang PKI!. Ceuk urang 
lembur teh eta nu jelema anu sakitu reana teh rek nyerebu imahna 
Mang S tokoh PKI di Desa Cibeureum, desa tatangga. Di desa kuring 
mang euwueh PKI, aya oge Aki Cece, nu sok ngaku komunis teh, pedah 
eta cenah keur ngora ngilu "barontak" ka walanda ( taun 1928 aya 
pamogokan pagawe Kareta api di Bandung nu disponsoran ku PKI), nepi 
ka dibuang ka Digul. Urang lembur teh sanajan nu ditanya aya PKI 
euweuh di lembur ieu? teu daraek narunjuk ka Aki Cece, karunya da 
geus rada pikun deuih.......

Tapi lembur mah "adem-ayem" wae, ngan ukur aya dongeng cenah ulah 
dahar lauk asin, da laut pinuh ku mayit nu jadi kahakanan lauk. Ngan 
nu rada beda teh, nu sok mupu jeung ngala gedang di kebon Nini, Mang 
Adma, geus sabulan teu katingali. Biasana dua minggu sakali Mang 
Adma teh sok mupu Gedang terus dipeser ka pun Nini diiangkeun ka 
Kadipaten.

Hiji waktu kuring keur ulin ngala papatong keur si Pacar manuk 
cangkurileung kameumeut, ningali mang Adma keur jeung pun Nini, 
ngetang gedang nu rek dipeser ku Mang Adma. Kuring ningali leungeun 
mang Adma lilinieun pas ngitung gedang teh. Ari sugan teh lilinieun 
na teh sakeudeung, ari manahoreng teh saterusna. Kuring kacida 
anehna kunaon leungeun Mang Adma tepi ka lilinieun kitu da tadina 
mah teu kitu.

Sabalikna Mang Adma, kuring naros ku pun Nini, " Nini Kunaon ari 
panangan mang Adma lilinieun kitu?"
"Budak teh loba tatanya, soak eta teh!", ceuk pun Nini teh
"Soak ku naon Nini?"
"Soak basa imah Mang S diserebu, pan Imah Mang Adma teh gigireun 
Mang S nu PKI tea"
"Mang Adma pan sanes PKI nini?"
"Nya meureun bakting ku sieun we, hayoh kadituh ngala papatong 
deui!", ceuk pun Nini teh, pedah kuring tatanya wae.

Tah eta Kang Panzi, nu diemut dugi ka ayeuna ku kuring mah, Leungeun 
Mang Adma, tukang gedang jadi lilinieun!

Salam,
WALUYA


--- In [EMAIL PROTECTED], "BâsmÄñï" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> abah willy....
> abdi mah palay terang sajarahna PKI,
> naha kapungkur di tatar sunda aya pemberontakan PKI teu..??
> kumaha situasina basa zaman harita..??
> 
> saurna PKI mah mung korban "perang dingin" Angkatan Darat zaman 
harita,
> oge saurna aya campur tangan ti pihak intelejen asing,
> mangga bah willy diguar sejarahna... 
> 
> Panzi
> *Nembe emut pami kamari teh tgl 30 september...
>   ----- Original Message ----- 
>   From: waluya56 
>   To: [EMAIL PROTECTED] 
>   Sent: Friday, October 01, 2004 9:18 AM
>   Subject: [Urang Sunda] Re: Aya naon jeung Urang Sunda ?
> 
> 
>   Ngenes oge maca dongeng Neng Ani. Tapi Neng Ani tong leutik 
manah, 
>   Indonesia teh merdeka salah sahijina ku pangorbanan wanoja 
Sunda, 
>   nyaeta Ibu Inggit Garnasih. Melaan sang caroge nu dibuang kamana-
>   mana,apruk-aprukan sangsara.  Na ari geus rek hasil, anjeunna 
>   dipirak sasatna dipiceun. Nu bela ka Presiden kahiji teh hirup 
ngan 
>   ukur ngajualan wedak, anjeunna teu menta tanda jasa jeung henteu 
>   dendam. Moal aya "Sukarno" anu hebat upama teu aya Ibu Inggit!
> 
>   Basa anjeunna pupus, Neng An, urang Bandung sanajan henteu aya 
nu 
>   miwarang, masang bandera satengah tiang sapanjang jalan nu 
kaliwatan 
>   ku layonna, kulantaran terang jasa-jasa anjeunna ka Republik ieu.
> 
>   Tah Neng Ani, upami aya nu ngahina ka wanoja Sunda, carioskeun 
>   riwayat Ibu Inggit, atawa sina maca buku "Kuantar ke Pintu 
Gerbang" 
>   karangan Ramadhan KH.
> 
>   Salam,
>   WALUYA



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Reply via email to