assalamualaikum wr.wbb

ceuk saha komunis geus paeh di Indonesia?
parteyna mah memang geus hos... tapi pahamna,
ruruntukna, malah barudak ngorana ayeuna (sabenerna ti
saprak dibere omber ku Gus Dur, komunis teh aya keneh!
keur ngadagioan waktuna wae, tah di DPR... lamun
hayang terang loba komunisna, pangpangna ti barisan
beureum, sok geura dagoan engke maranehna bakal
ngarurud tap mprs 25... lamun geus kitu, urang teu
manggapulia ta silaken partai komunis baru... meureun
pkip partai komunis perjuangan indonesia, bakal
ngajeleguuur!
henteu percaya? sok taroskeun ka pupuhu PINTAR al
ustaz Alfian Tanjung, anjeunna mungguh loba datana
saha-saha bae anu kiwari keur ngebeletkeun komunis
baru asup ka mamana... muga mah di milis ieu taya pki
baruna..

sigana anu pangheulana bakal dibantey nyaeta anak-incu
turunan para ulama jeung tentara anu baheula kungsi
ngaruntagkeun boa meuncit pki..

ah, da matak maruringkak bulupunduk teteh mah basa
kamarina di masjid walisongo ngupingkeun kajian
analisa pki baru... geuning aya bukuna "AKU BANGGA
MENJADI ANAK PKI", di toko-toko buku saerak pinuh ku
buku karl marx, kiri, beureum!
geura waspada, dulur-dulur kabeh, baraya sunda anu
identik jeung islam... ulah talibra teuing, ah!
kudu waspadaa!
wassalam 
ti teteh pipiet senja, depok
--- Ina Ratnawulan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> hihihi.. sugan teh dongeng PKI anu pikasieuneun...
> boro tos serius siga maca
> PSPB basa di SD.
> hatur nuhun kang, dongengna...
> 
> ~ina
> ----- Original Message -----
> From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Friday, October 01, 2004 11:20 AM
> Subject: [Urang Sunda] Leungeun Mang Adma jadi
> Lilinieun Re: PKI
> 
> 
> 
> Hehehe.......Punten kang Panzi sim kuring mah sanes
> ahli sajarah.
> Kuring waktu G30S/PKI kakara kelas opat SD, jadi teu
> acan terang
> naon-naon. Ngan ceuk pun bapa we aya jenderal cenah
> diculik ....saterusna mah lembur kuring "adem-ayem"
> we saperti teu
> aya nanaon. Ngan kurang ti sataun ti harita, ka
> lembur kuring, nu
> kaliwatan jalan Bandung -  Cirebon, sering seueur
> truk ngangkut
> panumpang nu ayeuh-ayeuhan, ganyang PKI, ganyang
> PKI!. Ceuk urang
> lembur teh eta nu jelema anu sakitu reana teh rek
> nyerebu imahna
> Mang S tokoh PKI di Desa Cibeureum, desa tatangga.
> Di desa kuring
> mang euwueh PKI, aya oge Aki Cece, nu sok ngaku
> komunis teh, pedah
> eta cenah keur ngora ngilu "barontak" ka walanda (
> taun 1928 aya
> pamogokan pagawe Kareta api di Bandung nu
> disponsoran ku PKI), nepi
> ka dibuang ka Digul. Urang lembur teh sanajan nu
> ditanya aya PKI
> euweuh di lembur ieu? teu daraek narunjuk ka Aki
> Cece, karunya da
> geus rada pikun deuih.......
> 
> Tapi lembur mah "adem-ayem" wae, ngan ukur aya
> dongeng cenah ulah
> dahar lauk asin, da laut pinuh ku mayit nu jadi
> kahakanan lauk. Ngan
> nu rada beda teh, nu sok mupu jeung ngala gedang di
> kebon Nini, Mang
> Adma, geus sabulan teu katingali. Biasana dua minggu
> sakali Mang
> Adma teh sok mupu Gedang terus dipeser ka pun Nini
> diiangkeun ka
> Kadipaten.
> 
> Hiji waktu kuring keur ulin ngala papatong keur si
> Pacar manuk
> cangkurileung kameumeut, ningali mang Adma keur
> jeung pun Nini,
> ngetang gedang nu rek dipeser ku Mang Adma. Kuring
> ningali leungeun
> mang Adma lilinieun pas ngitung gedang teh. Ari
> sugan teh lilinieun
> na teh sakeudeung, ari manahoreng teh saterusna.
> Kuring kacida
> anehna kunaon leungeun Mang Adma tepi ka lilinieun
> kitu da tadina
> mah teu kitu.
> 
> Sabalikna Mang Adma, kuring naros ku pun Nini, "
> Nini Kunaon ari
> panangan mang Adma lilinieun kitu?"
> "Budak teh loba tatanya, soak eta teh!", ceuk pun
> Nini teh
> "Soak ku naon Nini?"
> "Soak basa imah Mang S diserebu, pan Imah Mang Adma
> teh gigireun
> Mang S nu PKI tea"
> "Mang Adma pan sanes PKI nini?"
> "Nya meureun bakting ku sieun we, hayoh kadituh
> ngala papatong
> deui!", ceuk pun Nini teh, pedah kuring tatanya wae.
> 
> Tah eta Kang Panzi, nu diemut dugi ka ayeuna ku
> kuring mah, Leungeun
> Mang Adma, tukang gedang jadi lilinieun!
> 
> Salam,
> WALUYA
> 
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED], "BâsmÄñï"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > abah willy....
> > abdi mah palay terang sajarahna PKI,
> > naha kapungkur di tatar sunda aya pemberontakan
> PKI teu..??
> > kumaha situasina basa zaman harita..??
> >
> > saurna PKI mah mung korban "perang dingin"
> Angkatan Darat zaman
> harita,
> > oge saurna aya campur tangan ti pihak intelejen
> asing,
> > mangga bah willy diguar sejarahna...
> >
> > Panzi
> > *Nembe emut pami kamari teh tgl 30 september...
> >   ----- Original Message -----
> >   From: waluya56
> >   To: [EMAIL PROTECTED]
> >   Sent: Friday, October 01, 2004 9:18 AM
> >   Subject: [Urang Sunda] Re: Aya naon jeung Urang
> Sunda ?
> >
> >
> >   Ngenes oge maca dongeng Neng Ani. Tapi Neng Ani
> tong leutik
> manah,
> >   Indonesia teh merdeka salah sahijina ku
> pangorbanan wanoja
> Sunda,
> >   nyaeta Ibu Inggit Garnasih. Melaan sang caroge
> nu dibuang kamana-
> >   mana,apruk-aprukan sangsara.  Na ari geus rek
> hasil, anjeunna
> >   dipirak sasatna dipiceun. Nu bela ka Presiden
> kahiji teh hirup
> ngan
> >   ukur ngajualan wedak, anjeunna teu menta tanda
> jasa jeung henteu
> >   dendam. Moal aya "Sukarno" anu hebat upama teu
> aya Ibu Inggit!
> >
> >   Basa anjeunna pupus, Neng An, urang Bandung
> sanajan henteu aya
> nu
> >   miwarang, masang bandera satengah tiang
> sapanjang jalan nu
> kaliwatan
> >   ku layonna, kulantaran terang jasa-jasa anjeunna
> ka Republik ieu.
> >
> >   Tah Neng Ani, upami aya nu ngahina ka wanoja
> Sunda, carioskeun
> >   riwayat Ibu Inggit, atawa sina maca buku
> "Kuantar ke Pintu
> Gerbang"
> >   karangan Ramadhan KH.
> >
> >   Salam,
> >   WALUYA
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke