wilujeng tepang Teh Pipit Senja, saha kitu contona ti barisan beureum
jalmina ?
----- Original Message -----
From: "Pipiet Senja" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Tuesday, October 05, 2004 2:00 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Leungeun Mang Adma jadi Lilinieun Re: PKI


>
> assalamualaikum wr.wbb
>
> ceuk saha komunis geus paeh di Indonesia?
> parteyna mah memang geus hos... tapi pahamna,
> ruruntukna, malah barudak ngorana ayeuna (sabenerna ti
> saprak dibere omber ku Gus Dur, komunis teh aya keneh!
> keur ngadagioan waktuna wae, tah di DPR... lamun
> hayang terang loba komunisna, pangpangna ti barisan
> beureum, sok geura dagoan engke maranehna bakal
> ngarurud tap mprs 25... lamun geus kitu, urang teu
> manggapulia ta silaken partai komunis baru... meureun
> pkip partai komunis perjuangan indonesia, bakal
> ngajeleguuur!
> henteu percaya? sok taroskeun ka pupuhu PINTAR al
> ustaz Alfian Tanjung, anjeunna mungguh loba datana
> saha-saha bae anu kiwari keur ngebeletkeun komunis
> baru asup ka mamana... muga mah di milis ieu taya pki
> baruna..
>
> sigana anu pangheulana bakal dibantey nyaeta anak-incu
> turunan para ulama jeung tentara anu baheula kungsi
> ngaruntagkeun boa meuncit pki..
>
> ah, da matak maruringkak bulupunduk teteh mah basa
> kamarina di masjid walisongo ngupingkeun kajian
> analisa pki baru... geuning aya bukuna "AKU BANGGA
> MENJADI ANAK PKI", di toko-toko buku saerak pinuh ku
> buku karl marx, kiri, beureum!
> geura waspada, dulur-dulur kabeh, baraya sunda anu
> identik jeung islam... ulah talibra teuing, ah!
> kudu waspadaa!
> wassalam
> ti teteh pipiet senja, depok
> --- Ina Ratnawulan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > hihihi.. sugan teh dongeng PKI anu pikasieuneun...
> > boro tos serius siga maca
> > PSPB basa di SD.
> > hatur nuhun kang, dongengna...
> >
> > ~ina
> > ----- Original Message -----
> > From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>
> > To: <[EMAIL PROTECTED]>
> > Sent: Friday, October 01, 2004 11:20 AM
> > Subject: [Urang Sunda] Leungeun Mang Adma jadi
> > Lilinieun Re: PKI
> >
> >
> >
> > Hehehe.......Punten kang Panzi sim kuring mah sanes
> > ahli sajarah.
> > Kuring waktu G30S/PKI kakara kelas opat SD, jadi teu
> > acan terang
> > naon-naon. Ngan ceuk pun bapa we aya jenderal cenah
> > diculik ....saterusna mah lembur kuring "adem-ayem"
> > we saperti teu
> > aya nanaon. Ngan kurang ti sataun ti harita, ka
> > lembur kuring, nu
> > kaliwatan jalan Bandung -  Cirebon, sering seueur
> > truk ngangkut
> > panumpang nu ayeuh-ayeuhan, ganyang PKI, ganyang
> > PKI!. Ceuk urang
> > lembur teh eta nu jelema anu sakitu reana teh rek
> > nyerebu imahna
> > Mang S tokoh PKI di Desa Cibeureum, desa tatangga.
> > Di desa kuring
> > mang euwueh PKI, aya oge Aki Cece, nu sok ngaku
> > komunis teh, pedah
> > eta cenah keur ngora ngilu "barontak" ka walanda (
> > taun 1928 aya
> > pamogokan pagawe Kareta api di Bandung nu
> > disponsoran ku PKI), nepi
> > ka dibuang ka Digul. Urang lembur teh sanajan nu
> > ditanya aya PKI
> > euweuh di lembur ieu? teu daraek narunjuk ka Aki
> > Cece, karunya da
> > geus rada pikun deuih.......
> >
> > Tapi lembur mah "adem-ayem" wae, ngan ukur aya
> > dongeng cenah ulah
> > dahar lauk asin, da laut pinuh ku mayit nu jadi
> > kahakanan lauk. Ngan
> > nu rada beda teh, nu sok mupu jeung ngala gedang di
> > kebon Nini, Mang
> > Adma, geus sabulan teu katingali. Biasana dua minggu
> > sakali Mang
> > Adma teh sok mupu Gedang terus dipeser ka pun Nini
> > diiangkeun ka
> > Kadipaten.
> >
> > Hiji waktu kuring keur ulin ngala papatong keur si
> > Pacar manuk
> > cangkurileung kameumeut, ningali mang Adma keur
> > jeung pun Nini,
> > ngetang gedang nu rek dipeser ku Mang Adma. Kuring
> > ningali leungeun
> > mang Adma lilinieun pas ngitung gedang teh. Ari
> > sugan teh lilinieun
> > na teh sakeudeung, ari manahoreng teh saterusna.
> > Kuring kacida
> > anehna kunaon leungeun Mang Adma tepi ka lilinieun
> > kitu da tadina
> > mah teu kitu.
> >
> > Sabalikna Mang Adma, kuring naros ku pun Nini, "
> > Nini Kunaon ari
> > panangan mang Adma lilinieun kitu?"
> > "Budak teh loba tatanya, soak eta teh!", ceuk pun
> > Nini teh
> > "Soak ku naon Nini?"
> > "Soak basa imah Mang S diserebu, pan Imah Mang Adma
> > teh gigireun
> > Mang S nu PKI tea"
> > "Mang Adma pan sanes PKI nini?"
> > "Nya meureun bakting ku sieun we, hayoh kadituh
> > ngala papatong
> > deui!", ceuk pun Nini teh, pedah kuring tatanya wae.
> >
> > Tah eta Kang Panzi, nu diemut dugi ka ayeuna ku
> > kuring mah, Leungeun
> > Mang Adma, tukang gedang jadi lilinieun!
> >
> > Salam,
> > WALUYA
> >
> >
> > --- In [EMAIL PROTECTED], "BâsmÄñï"
> > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > abah willy....
> > > abdi mah palay terang sajarahna PKI,
> > > naha kapungkur di tatar sunda aya pemberontakan
> > PKI teu..??
> > > kumaha situasina basa zaman harita..??
> > >
> > > saurna PKI mah mung korban "perang dingin"
> > Angkatan Darat zaman
> > harita,
> > > oge saurna aya campur tangan ti pihak intelejen
> > asing,
> > > mangga bah willy diguar sejarahna...
> > >
> > > Panzi
> > > *Nembe emut pami kamari teh tgl 30 september...
> > >   ----- Original Message -----
> > >   From: waluya56
> > >   To: [EMAIL PROTECTED]
> > >   Sent: Friday, October 01, 2004 9:18 AM
> > >   Subject: [Urang Sunda] Re: Aya naon jeung Urang
> > Sunda ?
> > >
> > >
> > >   Ngenes oge maca dongeng Neng Ani. Tapi Neng Ani
> > tong leutik
> > manah,
> > >   Indonesia teh merdeka salah sahijina ku
> > pangorbanan wanoja
> > Sunda,
> > >   nyaeta Ibu Inggit Garnasih. Melaan sang caroge
> > nu dibuang kamana-
> > >   mana,apruk-aprukan sangsara.  Na ari geus rek
> > hasil, anjeunna
> > >   dipirak sasatna dipiceun. Nu bela ka Presiden
> > kahiji teh hirup
> > ngan
> > >   ukur ngajualan wedak, anjeunna teu menta tanda
> > jasa jeung henteu
> > >   dendam. Moal aya "Sukarno" anu hebat upama teu
> > aya Ibu Inggit!
> > >
> > >   Basa anjeunna pupus, Neng An, urang Bandung
> > sanajan henteu aya
> > nu
> > >   miwarang, masang bandera satengah tiang
> > sapanjang jalan nu
> > kaliwatan
> > >   ku layonna, kulantaran terang jasa-jasa anjeunna
> > ka Republik ieu.
> > >
> > >   Tah Neng Ani, upami aya nu ngahina ka wanoja
> > Sunda, carioskeun
> > >   riwayat Ibu Inggit, atawa sina maca buku
> > "Kuantar ke Pintu
> > Gerbang"
> > >   karangan Ramadhan KH.
> > >
> > >   Salam,
> > >   WALUYA
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda -->
> > http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke