From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Kamana wae yeuh... asa keueung puguh, ceuceuleuweungan sorangan yeuh.... 
> asa ambon sorangan he he he.... cau ambon
> dikorangan aeh... disarungan ketah! ;))

WLY : Kaleresan nuju pakepuk kang RH. Tapi da ari noongan mah unggal dinten, 
ngan bade ngiring mairan teh teu kabujeng wae ditambih internet di Kantor 
"mogok" teu jalan parantos saminggu. Kapaksa ari mukaan teh di rorompok 
nganggo dial up ti wengi. Ngan teu tenang di rorompok mah, eta "pangawasa 
dapur" sok kukulutus......pulsa....pulsa cenah .........., meakeun jatah 
dapur .........hehehehe

> Asa rada aneh istilah ATM teh Kang ceuk kuring mah, apan kapanjang tina 
> Automatic Teller Machine lin? Kawas enya
> engke jalma anu butuhuheun kondom na GEGEPOKAN he he he. Paling ge kaluar 
> na ge dua atawa tilu siki nya? Asa
> kabina2 make kekecapan 'teller' mah.
> Asana mah leuwih afdol make MJK we; mesin jual kondom we. ;))

WLY : satuju kang!. Koreksi sakedik ATM di urang sanes tina singketan 
Automatic Teller Machine tapi Anjungan Tunai Mandiri. Duka naon hubunganana 
anatara "Tunai" jeung "Kondom"?

> Heu heu heu.... seks bebas, naon cenah eta teh? Jeung deui naha nya bet 
> mamawa Kulon. Siga nu heueuh di Kulon teh
> euweuh MORAL urusan seks. Anu beda teh ngan konsep KAWIN.
> Kawin di Kulon mah identik jeung kontrak (sacara hukum nagara!), ari di RI 
> mah RITUALNA (lolobana mah agama!).
> Sigana mah ieu pisan anu salah kaprah teh nya Kang? Di kulon mah kawin 
> agama TEU sarua jeung kawin nagara, sabab
> hiji2na anu diaku ku nagara mah nya kawin nagara.... he he he. Rek 20 kali 
> kawin agama, tapi lamun teu didaftarkeun ka
> nagara... nya MOAL bisa dianggap kawin! Alias kumpul onta, eh kebo!

WLY : Kuring rada hariwang soal "kumpul kebo" anu "halal" teh kang RH. 
Hariwangna teh masyarakat beuki diskriminatif pisan. Lamun kanu miskin mah, 
heug hirup bareng, disebutna teh kumpul kebo. Tapi upami jalmi nu gaduh 
pangaruh (elite/ selebriti) disbeutna teh "kawin siri". Media oge 
kadang-kadang diskriminatif dina wartosna. Geura ieu contona judul wartos 
media di urang nu diskriminatif : " Pasangan Kumpul kebo Tuna wisma di X, di 
kawinkan massal ku KUA secara gratis". Tapi lamun elite/selibriti mah kieu 
:" Haji R telah berpisah dengan R, yang dua bulan lalu dinikahi secara siri 
di apartment M". Padahal mah naon bedana  jeung tuna wisma (alias 
gelandangan) anu kumpul kebo?. Tuna wisma teu ka KUA, kamungkinan gede 
kulantaran teu aya waragadna keur mayar ka KUA. Ari Pa Haji nu "kawin siri" 
mah .......... hehehehe kulantaran "beukian"  we ditambah deuih lamun ka KUA 
mah, kudu aya surat izin ti pamajikan nu tiheula ( UU Perkawinan Indonesia).

Diskriminasi ieu teu karaos, tapi lila-lila jadi anggapan umum :  Nu miskin, 
nu hirup ripuh,  nu teu kabagean naon-naon  di dunya ieu disebut teu boga 
moral. Ari nu beunghar,  nu beken, nu gede pangaruh, sanajan ngalakukeun 
kumpul kebo ge, tetep we disebat tokoh "bersih" jeung  gaduh moral 
"adiluhung".

Baktos,
WALUYA








http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke