Degung jeung Janji Jhoni atawa Industri Film Indonesia
   
  Mun urang kiwari bisa mesem lalajo film Janji Jhoni atawa sinetron Kejar 
Kusnadi, urang kudu nganuhunkeun ka menak Bandung nu jenengannana RAA 
Wiranatakoesoemah. Komo, mun tas lalajo eta film, urang terus muter kaset atawa 
nanggap degung mah. Panuhun tadi teh leuwih "mustahak" deui.
   
  Naon hubungannana? Kieu:
   
  Sawatara ahli antropologi, utamana Max Leigh Harrel, nandeskeun yen degung 
teh kaasup kasenian buhun. Eta kasenian teh, cenah, geus aya ti mangsa 
Pajajaran jeung Galuh keneh. Rek deukeut siga kiwari, harita -- numutkeun 
Juragan Max Leigh -- degung sok dipake dina upacara-upacara adat. Utamana 
upacara leleran (pelantikan) raja atawa nampi tamu agung.
  Bukti nu nunjukeun degung seni buhun nu geus aya ti jaman Pajajaran keneh,  
pedah ngeunaan degung eta disabit-sabit dina sawatara carita pantun. Demi 
pantun, pan geus aya ti baheula keneh, ti jaman Pajajaran tea. "Buruhul menak 
ti kidul, aleutan para tumenggung, candakna parabot degung, tutup kendang kulit 
lutung, dirarawat hoe buntung, dipirig ku hujan subuh, ditepak ku nu 
jarangkung". Kitu ceuk salah sahiji carita pantun.
  Kadieunakeun, sanggeus Pajajaran runtag, Tatar Sunda dikawasa ku Mataram, 
degung terus dipulasara ku urang Sunda. Utamana ku menak-menakna. Abad ka 17, 
mangsa Aria Wiratanu II jeneng Bupati Cianjur,  eta wewengkon kakoncara dina 
perkara degung ieu. Ma'lum, Bupatina resep pisan kana kasenian teh. Malah, mun 
teu salah inget, nya mangsa Aria Wiratanu II pisan tembang Cianjuran mimitina 
aya teh.
  Bandung, nu ngagantikeun Cianjur salaku dayeuh Priangan, neruskeun tradisi nu 
ditaratas Aria Wiratanu II tea: Bupati atawa menak-menakna jadi pangaping atawa 
maecenas kasenian. Di kabupaten teh sok aya rombongan degung atawa... 
Cianjuran! 
  Peta kitu teh nepa ka elit-elit lianna. Kaasup camat jeung wadana. Nepi, ka 
aya wadana nu dipercaya ku Bupati pikeun jadi "tim audisi" rombongan kasenian 
nu rek manggung di kabupaten atawa rek jadi tim kasenian resmi kabupaten. Salah 
sahijina, ramana Pa Kusnadi Harjasoemantri, manten rektor UGM, nu ayeuna 
nyepeng kalungguhan Ketua Akademi Jakarta. Ramana Pa Kusnadi eta, saur Pa 
Kusnadi ku anjeun, nu sok ngetes seniman-seniman nu bade lebet ka kabupaten 
Cianjur teh. Utamina dina widang tembang Cianjuran. "Mun lulus ti pun Bapa, 
kakara eta seniman teh bisa manggung di kabupaten," saur Pa Kusnadi, sawatara 
waktu ka tukang.
  Tah, mangsa RAA Wiranatakoesoemah janten Bupati Bandung, anjeunna 
marentahkeun salah saurang nayaga degung nu aya di padaleman (kompleks) 
kabupatenna,  pikeun ngarubah degung tina wangunan gamelan renteng kana wangun 
degung siga ayeuna. Cenah, nepi ka harita mah nu ngaranna degung teh 
ngarenteng, teu siga gamelan degung cara kiwari. Hartina, najan degung kaasup 
buhun ge ari wujudna nu kawas ayeuna mah kawilang anyar. Can nepi ka saratus 
taun. Da, dirobahna ku Pa Idi, nayaga kleub degung Purbasari nu dipiwarang 
kanjeng dalem Bandung kangge ngarobih wanda gamelan degung tea. kajadiannana 
taun 1920. 
  Perkara anyarna obahna wujud degung eta teu beda jeung calung. Sanajan calung 
kaitung seni buhun, nu cenah paragi karuhun urang hahaleuangan di humana, ari 
wandana nu siga kiwari mah karek aya taun 60-an. Nyaeta mangsa H.Ekik Barkah 
masih janten mahasiswa UNPAD. Nya, anjeunna saparakanca nu ngarobih wanda 
calung janten siga kiwari teh, nu bisa digigiwing atawa dijingjing. Baheula 
mah, cenah, calung teh ngarantay. Matak, keur ngabedakeun jeung calung jingjing 
kamonesan Pa Ekik Cs, disebutna ge calung rantay. 
  Balik deui kana degung, lian ti wangunna, waditra atawa parabotannana, alat 
musikna, ditambahan ku kendang jeung suling. Saencanna, waditra degung teh ngan 
aya opat: Bonang, saron, jenglong, jeung  goong. Nu kumaha nu ngaranna bonang, 
saron, jeung jenglong, tong nanya ka kuring. Da, kuring ge teu apal cangkem 
apal cangkeum acan. Ngacaprukeun perkara ieu teh bubuhan bae keur euweuh gawe.
  Nu pasti, bari jeung cenah deui bae, mangsa wangun jeung waditra degung 
dirobah eta, pausahaan film nu kuring keur poho ngaranna nyieun film Loetoeng 
Kasaroeng. RAA Wiranatakoesoemah ngarojong pisan kana produksi film nu 
dilakukeun ku pausahaan nu  studiona aya di lebah Jl.Astana Anyar kiwari teh 
(mun teu salah, kitu ge). Bubuhan, harita, sa Hindia Walanda, nya kakarak film 
eta nu dijieun teh. Hartina, eta film teh film munggaran di Indonesia. 
  Pangrojong juragan bupati eta, lain bae ku ngiring ngaluuhan preview  film 
tadi. Tapi, oge ku ngiring ngemutan sareng ngusulkeun ilustrasi musik keur 
Loeteong Kasaroeng. Tong poho, cenah, harita nu ngaranna film can aya soraan. 
Film bisu atawa "film chaplin" tea. Keur nambah panarik nu lalajo, mun eta film 
keur diputer, sok aya nu maen piano, akordeon, atawa orkes kamar pisan. Tangtu 
bae live. Lain rekaman -- komo sarupaning minus one atawa karaoke mah.
  Tah, waktu film Loetoeng Kasaroeng diputer dina acara preview  tea, dipirigna 
teh ku sora piano. Tangtu bae karasa ningnangna, siga dahar croisant atawa 
tiramisu dituturkeun ku nginum lahang atawa cai dawegan. Teu cocok. (Kitu ge 
ceuk William Wongso. Ari ceuk nu beuki, atawa harita euweuh deui cai mah, 
ngeunah we nu aya). Nya, RAA Wiranatakoesoemah pisan nu ngusulkeun sangkan 
pamirig eta film teh rombongan degung Purbasari, kleub degung "wanda anyar" nu 
diaping ku anjeunna tea.
  Nya ti harita, tiap film Loetoeng Kasaroeng diputer di bioskop-bioskop, 
rombongan degung Purbasari jadi pamirigna. Pon kitu deui basa eta film 
dikurilingkeun sa-Pasundan. Purbasari teu weleh nuturkeun, jadi pamirig eta 
film. Ku jalaran eta, lain bae seni degung leuwih ceuyah di Pasundan. Tapi: 
Industri film di Indonesia ge dimimitian jeung terus ngajembaran. Nepi, ka taun 
70-an,  dina sataun, aya kana ratusna film nu dijieun ku sineas-sineas urang. 
Ti mimiti Si Pitung, Dikejar Dosa, nepi ka Bang Mamad . 
  Atuh, sanggeus kungsi diwadalkeun keur industri tekstil, bari sineas-sineasna 
loba nu epes meer, antukna film urang kapeupeuh ku film impor; kiwari urang 
bisa lalajo Janji Jhoni, Kejar Kusnadi, atawa 9 Naga. Degung jeung dalem 
Bandung nu namina RAA Wiranatakoeseomah mah meh tara kapilem. Kalimpudan ku 
amnesia sajarah tea.
   
  (Diropea tina tulisan Asep Nugraha, Degung, Gamelan Tua atau Muda?, Majalah 
Seni Budaya Swara Cangkurileung, No 125, Taun ka 26, Maret 2002, kaca 13).
   



Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
                
---------------------------------
Yahoo! Photos
 Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, 
whatever.

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke